teu emut sadaya kang,
Gd. Teknik Kimia, Loka Paramakarsa
Gedong Serba Guna (GSG), tempat wisuda, oge tempat baheula lonching
buku KUSnet kahiji, Sajak, Banyol jeung Sajabana, Bale Dayang Sumbi.
dingaranan BDS, sabab GSG teh gedong panggedena, figur indung nu
ngurus barudak.
Loka Garbabuwana, Gd. Desain Interior
Gd. Arsitektur, Loka Wastuwidya
Gd. Planologi, Loka Jagatdita
Geodesi & informatika, Loka Girigahana
Teknik Lingkungan, Loka Buwana Lamba
Desain Produk, Loka Langkara Guna
Teknik Mesin, Loka Cundiga
Teknik Industri, Loka Panatakarya
teknik elektro, Loka Tajeur Pawaka
teknik sipil, loka Bumiagara
student center, loka abikawidya
Eta lagu pembuka, nu mirig prosesi senat, biasana mah Godeamus tea,
digentos ku Kandaga Atikan, yasana Kang Yus Wiradiredja, ketua jurusan
Karawitan STSI (sekolah tinggi seni indonesia) buah batu bdg. kang Yus
ngan ngalatih 9 dintenan( kurang ti dua minggu), bisa. ngan barudak
Lisenda ku kang Yus diniley lemah dina kendang pikeun lagu eta, meh
alus, mawa barudak tiluan, nu maen kendang, suling jeung duka hiji
deui mah. bareng jeung Lisenda maen dedung mirig lagu Kandaga Atikan.
nuhun oge ka bah Surya nu nuduhkeun kang Yus WIiradiredja pikeun
ngalatih jeung milih lagu ngaganti Godeamus. pikeun nu ngarti basa
Latin, cenah lagu eta teh tungtungna ngajak pesta bari nginum anggur,
nya beh dituna mah teller meureun. hehe. ma'lum budaya kulon, kariaan
teh sok make alkohol, ongkoh wewengkon nu boga usum tiris/salju,
winter tea.
mun kang Oman reueus ka si kuring, si kuring mah reueus ka kang Dr.
Iwan Inrawan Wiratmadja, sapopoe dosen di teknik industri ITB, nu
ayeuna jadi pupuhu yayasan pendidikan Dayang Sumbi -nu ngongolakeun
Itenas. kang Iwan S-2, S-3 ti Perancis. teu nyangka boga kahayang mere
ngaran gedong di itenas ku basa Sunda jeung aksara Sunda.
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/