Siap Bah,
 Enya kacida pisan Australia teh. Ari kitu mah sarua bae jeung nangtang ka 
Indonesia. Tina sajarah, urang heunteu sieun ku Australia upamam kadaulatan 
bangsa Urang digadabah.
 Khusus ngeunaan kasus Corby, kacida si kuring miharepna sangkan hukum 
bener-bener dilarapkeun kalawan teu pandang bulu. Nilik kana padungdengan di 
milist sejen, kasus Corby, kulantaran jinisna teh awewe aya sari dibelaan 
popohoan ku nagara-nagara anu mupujuhkeun HAM jeung Feminisme tea (manawi 
abah oge ngabandungan di milist WM). Padahal, kajahatan sarupa Narkoba 
estuning geus matak pikamelangeunana. Ieu kajahatan teh hese deui ditumpesna 
patali jeung urusan ekonomi anu kuat backing-na tea.
 Kamari, poe Salasa anu karek kaliwat, si kuring kaparengkeun tepung jeung 
Ceu Aam Amalia (AA), Kang Abdullah Mustapa (AM) sareng Abah Surya (Kang 
Hidayat Suryalaga) katut ka Kang Elin Syamsuri (ES)(pupuhu panatacalaraga 
KBS VIII 2005), madungdengkeun perkara perluna US nangtungkeun jeung 
nyalabarkeun informasi ngeunaan ajen-inajen indung di masayarakat US. Tina 
hasil pagempungan teh aya sababaraha kacindekan anu nyoko kana action 
informasi pancen indung anu diperlukeun pisan jaman ayeuna, diantarana nya 
kumaha pancen indung dina kahirupan sapopoe pikeun ngahulag nerekabna 
kajahatan narkoba (sigana paragraf anu ieu kudu diteruskeun nya di milist 
kalawan jejerna diganti luyu jeung eusina). Boh Ceu AA, Kang AM, Abah Surya, 
Kang ES oge si kuring sapuk perluna matotoskeun hal ieu tur nyieun agenda 
action-na.
 Balik deui kana perkara Australia, enya seug ngarojong upama aya boikot ka 
eta nagri anu upama tea mah bener kabuktian geus nyieun kagorengan ka urang. 
Ngan, sigana, anu perlu dipikirkeun leuwih jauh teh eta soal akibatna ka 
warga urang anu di Asutralia. Apan sakitu seueurna dulur urang anu keur 
ngumbara di Ausi, lain? Cikan kumaha tah Abah Wily bongbolonganana?
 baktos,
manAR
 Kang Abdullah 
 

 On 6/2/05, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
> 
> Kacida teuing urang Australia, moal enya KBRI dikirim virus anthrax.
> Boga dosa naon bangsa urang ka urang Australia. Eta soal si Corby,
> salah manehna make mamawa mariyuana ka Indonesia. wayahna kudu daek
> dihukum, da urang Indonesia oge lamun ngalanggar hukum di Australia,
> pasti ditewak. Pamayang Indonesia nu asup ka perairan Australia oge
> pan ditarewakan, kapalna diduruk. Padahal lamun ningali fakta sajarah,
> perairan di Autsralia kaler teh, ti baheula oge tempat ngala lauk
> pamayang ti Pulo Roti. Komo lamun ningali di jaman pra Sajarah mah,
> anjing liar Di Australia, Dingo, sabenerna mah anjing kampung
> Indonesia, nu kabawa/dibawa ku jelema pra sajarah ka tanah Australia.
> 
> Boikot barang Australia euy, tong dibareulian!
> 
> Baktos,
> WALUYA
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke