Kang Hasan,
 Seja numbu catur dina lajuninglaku tina jejer "Basa Sunda antara Peso jeung 
Kue Lapis" di dieu bae. Sakalian nambahan naon rupa anu bisa ku urang 
(milist urangsunda jeung milist-milist kasundaan sejenna) dilakonan dina 
raraga ngahurip-hirupkeun basa Sunda.
 Ti heula geus disebutkeun, pasoalan anu kudu jadi pamiangan teh lain hayoh 
bae nananyakeun naha ari basa Sunda teh arek hirup atawa baris paeh. Sabab 
eta pananya teh heunteu produktif, malah kalahka manjangkeun "debat kusir" 
tea (kongres = ngawangkong teu beres-beres). Naon atuh anu perlu jai 
pamiangan gawe urang anu baris jadi rohna atawa ngagedurkeun sumangetna?
 Nyoko kana pamendak abah Surya, yen ari perkara hirup-huripna basa mah 
gumantung aya heunteuna anu makena eta basa, nya taya lian yen usaha anu 
baris produktif mah nya urang nyirian (iendtifikasi) naojn rupa hal anu 
dipikabutuh anu dina waktu anu sarua nuwuhkeun pangabutuh kana basa Sunda. 
Aya panambahna dina kaitanana jeung milist (tangtangan internet, jembarna 
TI) nyaeta: kudu dikaitkeun jeung lolongkrang anu muka tina ayana kamajuan 
internet.
 Nyoko kana "thesis" di luhur, naon rupa anu diusulkeun ku Kang Hasan (tur 
geus dimimitian hancana) nyaeta digitalisasi bahan bacaan basa Sunda, TQBS, 
jeung nyusun kamus, sarta ditambahan ku usul Kang Hasan anu akhir ieu, 
nyaeta : narjamahkeun elmu pangaweruh kana basa Sunda, si kuring ngarojong 
pisan (mun aya babasanna mah mangrebu-rebu persen ngarojongna oge). Samalah 
mah hal eta teh sarimbag pisan jeung naon anu ku si kuring keur dituliskeun 
minangka bahan makalah icikibung dina KBS VIII 2005 anu hajatanna rek 
lumangsung di Subang, Insya Alloh.
 Numbu catur jeung nguatkeun usulan Kang Hasan anu kacida hadena, di handap 
ieu dituliskeun deui usulan-usulan anu seja ditepikeun dina KBS VIII 
(dicutat tina online/rarangkay makalah dimaksud, Bab IV):
  
4. Usulan pikeun Ngahurip-hirupkeun Basa jeung Sastra Sunda ngaliwatan Usaha 
Nuwuhkeun kaperluan

jeung Kabisaaan Make Basa jeung Sastra Sunda

 4.1. Nyieun/ngalobakeun website Basa jeung Sastra Sunda (Pemda, LSM2, 
pangusaha)

4.2. Nyieun/ngalobakeun Milis-milist Kasundaan (Pemda, LSM2, pangusaha)

4.3. Nyieun Paistilahan Basa Sunda pikeun TI � Internet 

4.4. Nyusun kamus Basa Sunda (Wikipedia jeung dulur-dulurna)

4.4. Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda Ngaliwatan Internet

4.5. Pasanggiri Mulasara jeung Mekarkeun Basa jeung Sastra Sunda Ngaliwatan 
Internet

4.6. Gawe Bareng Digitalisasi Basa jeung Sastra Sunda Ngaliwatan Internet 

4.7. Gawe Bareng Narjamahkeun Sumber-sumber Pangajaran, Pangaweruh,
jeung Karya-karya
ngeunaan 4.8. Basa jeung Sastra Ngaliwatan Internet

4.9. Nyieun Majalah, Tabloid, Koran, jst. Online

4.10 Nyieun jeung Nyalabarkeun Bahan-bahan Larapan Praktis Basa Sunda pikeun 
Kaperluan Kahirupan

Sapopoe (bahan da'wah para da'i online, bahan-bahan pangajaran atikan 
informal jeung nonformal,

bahan siaran Radio jeung TV, jst)
 Tangtu bae, pikeun nawujudkeun usulan-usulan di luhur anu daria mah kudu 
aya "political will" ti pamarentah daerah, utamana dina 5 aspek manajemen 
(kawijakan, sumber daya manusa, sarana, dana, jeung koordinasi). Upamana, 
pikeun ngadorong sangkan Pemda-pemda nyieun website dina basa Sunda, matak 
naon atuh diwajibkeun ku Perda. 
 Upama urang sarerea rancage, sigana usulan-usulan di luhur teh lain lamunan 
anu tanpa alesan kuat pikeun ngawujudna. Komo deui-lamun tea mah bisa 
dipentaan tulung-apan ayeuna Kang CA anu boga kisunda geus diistrenan salaku 
Dirjen widang aplikasi teknologi informasi di Dep. Infokom. Cikan baraya, 
kumaha ketak urang saterusna enggoning ngahirup-huripkeun basa Sunda 
atawa-dina istilah Kang Hasan mah-ngajadikeun Basa Sunda leuwih salaku 
"peso" tinimbang "kueh lapis"?
 Cag.
manAR
Sun Rawayan Raksaning Gusti
 

 On 5/30/05, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
> 
> Bagea Kang Din,
>  Tah eta pisan nu dimaksud "peso bedah" ku kuring oge. Kuring boga 
> anggapan (asumsi), yen milisi kusnet jeung sabondoroyotna boga potensi anu 
> leuwih dibanding jeung urang Sunda sejenna. Boh ditilik dina jihad kasang 
> tukang atikan, elmu pangaweruh, pon kitu deui soasial ekonomi. Upama tea mah 
> ieu para milisi boga karep anu "militan" pikeun mateakeun basa Sunda, asana 
> lain pagawean anu pamohalan. 
>  Hiji conto sederhana, upama tiap milisi anu rewuan ieu, daek nulis atawa 
> narjamahkeun bahan pangaweruh populer saluyu jeung widangna masing-masing, 
> asana lolongkrang kakosongan bahan bacaan basa Sunda ieu saeutik-saeutik 
> bisa kaeusian. Pikeun neruskeun hanca digitalisasi kahareup, salah sahiji 
> jurusna salian nu keur dikeureuyeuh, nyaeta jurus narjamahkeun bahan 
> pangaweruh populer kana basa Sunda. Kuring yakin, para milisi kusnet bakal 
> "areling" pikeun ngarojong ieu garapan. Wallahu'alam.
>  Salam,
> MH
> 
> *Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
> 
> Mun tea mah buku-buku pangaweruh penting ditulis ku basa Sunda, Insya 
> Allah, sok sanaos basa Sunda sanes basa panganteur di kampus-kampus, tapi 
> urang kampus bakal barisa nyarita ku basa Sunda. kitu manawi, nun !
> 
> *MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>* wrote: 
> 
> Sakaterang sim kuring mah di UI teu acan aya basa
> sunda janten panganteur akademis. Sok sanaos aya
> sastra Jawa, sastra jepang, cina, Arab, Belanda,
> Rusia, namung upami mahasiswa ngadamel skripsina teh
> ngangge basa Indonesia. pon kitu oge skripsi S2 sareng
> S3.
> 
> baktos,
> mrachmatrawyani
> 
> --- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Baraya,
> > Cing sugan aya bongbolongan ari basa Sunda naha geus
> > jadi basa akademis? Maksud teh jadi bahasa
> > panganteur pikeun kuliah, panalungtikan, skipri,
> > tesis, desertasi jeung sajabana. Minimal di Jurusan
> > Basa Sunda paguron luhur. 
> 
> 
> 
> =====
> Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
> [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] 
> 
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around 
> http://mail.yahoo.com 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> 
> http://www.Urang-Sunda.or.id<http://www.urang-sunda.or.id/>
> 
> 
> 
> ------------------------------
> *Yahoo! Groups Links*
> 
>    - To visit your group on the web, go to:
>    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
>    - To unsubscribe from this group, send an email to:
>    [EMAIL PROTECTED]<[EMAIL PROTECTED]>
>    - Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of 
>    Service <http://docs.yahoo.com/info/terms/>. 
> 
>


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke