Haturan Kang MH
Aya carita ti urang New York City tapi sanes US, urang nu jiga walanda 
pa amprok di warung kopi dunkin donut, teras ngawangkong bari  nayakeun 
ka kuring. Ari anjeun asli ti mana? Simkuring ngajawab asli US 
duduluran jeung bangsa Indonesia. Teras nanya ari bahasana naon namina?
Bahasa Sunda da US, tapi aya bahasa Indonesis nu ngahijikeun baraya 
laina, oh oh oh. Teras nanya deui ari wujud tulisana kumaha? Keur 
metakeun tutulisan di buku, di koran, di komputer, di iklan? Ku kuring 
ditingalikeun majalah Indonesia , ceuk manehna geuning sami sareng 
hurup "romawi". Ceuk manehna salah,  lamun nagara hayang boga 
indentitas tulisanana kudu beda jeung nu lainna, contona hurup Arab, 
hurup China. Kuring ngajawab US gaduh hurup jeung panomeran  / angka 
nepi ka koma, titik, tanda tanya .... beda jeung nu laina entong niron. 
Ceuk manehna " tah eta anu disebut jati diri hiji bangsa tina 
kaaslianana hurup jeung angka". Tapi nuju di garap keneh, alus alus 
teraskeun seunah engke upami tos jadi kuring nigali, kaleresan kuring 
curat coret  hurup sunda keur ngawurukan penca, murid  kuring seuna 
diajar hurup sunda khususna di widang penca. Ceuk anjeuna very very 
prety. Ceuk kuring ngajawab prety teh geulis, geura amengan ka Bandung 
da seueur mojang geulis. He said,   I like mojang geulis  alots? ha ha 
ha ha dasar bule lu.

baktos

yan nyc

On Thursday, Jun 2, 2005, at 22:56 US/East-Indiana, mh wrote:

> Jigana mah aya sababaraha hal nu kedah dievaluasi teh. Diantarana, 
> kahiji pasualan bahasan kongres kudu leuwih jelas udaganana. Nu 
> katinggal ku kuring, upama noong berendelan makalahna, masih keneh 
> ngabahas "perkara langit" tacan pati jadi ngabahas "perkara bumi". 
> Kaduana, tacan katinggal aya proses regenerasi nu jelas ti inohong 
> jeung mandahong ka santri kalong di bojong rangkong. Geuning para 
> pamilon teh eta-eta keneh, para pini sepuh. Naha teu aya para nonoman, 
> nu bisa milu icikibung dina eta garapan. Nu katiluna, perkara gawe 
> bareng jeung widang sejen, jiga nu kungsi ditepikeun, widang sains 
> jeung teknologi, ulah digugulung jeung ditoong didinya-dinya keneh. 
> Jigana perlu aya model konferensi, misalna perkara naon sumbangan 
> sains jeung teknologi nu bisa dipake pikeun widang budaya jeung sastra 
> sunda. Wallahu'alam.
>
> Salam,
> MH
>
> Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Leres pisan nun, kongres basa sunda taun 1924 (tiasa diaos dina PS), 
> parantos ngabahas hal-hal anu ku urang ayeuna tetep diadu renyomkeun. 
> Patarosanana, kunaon saenggeus dalapan puluh taun, pasualan teu kitu 
> keneh - kitu keneh. Naha ti taun 24 dugi ka ayeuna hojah anu 
> dilakukeun teu metu, atawa hojah na teu pati neumbrag kana sasaran. 
> Sae oge upami ngadamel evaluasi.
>
>
> =====
> Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
> [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke