Baraya, neruskeun jejer ngajengkeun makalah ka KBS tea, punten pisan 
kaluli-luli, seueur hanca & pidameleun minggu ieu teh...
Di handap ieu hasil kutrat-kotret saminggu ieu, di antarana mah aya nu sarua 
jeung nu diposting minggu kamari (nu dikirimkeun ka Cupumanik), nyobaan 
dilengkepan deui.
Mangga, ka sugri sadayana, diantos pisan panambih/panggentosna.... 
Nyanggakeun bahan iloeun, ulah waka dikilo!
 
*
Miara jeung Ngamekarkeun Basa Sunda di Intern�t*

*Yayasan Perc�ka�Komunitas Urang Sunda di Intern�t*

 *Sari*

 (mangga eusian����.)

 Intern�t

*Urang curug ngebul!* Kitu meureun babasan pikeun jalma jaman kiwari nu can 
kungsi ngad�ng�-ngad�ng� acan kecap Intern�t. Enya, pikeun masarakat kiwari, 
sahanteuna pikeun masarakat kelas panengah ka luhur, Intern�t t�h geus jadi 
hal nu teu an�h. Malah, pikeun sabagian masarakat mah Intern�t t�h geus jadi 
pangabutuh sapopo�, utamana di dunya usaha jeung dunya panalungtikan, og� 
gaul sapopo�. Intern�t geus jadi m�dia komunikasi jeung informasi nu penting 
di dunya kiwari.

 Intern�t nya�ta jaringan sistim interkon�ksi komputer nu nyalurkeun data ti 
jeung sakuliah alam dunya. Intern�t ieu diwangun ku jaringan komersil, 
akademik, pamar�ntahan, organisasi, jeung individu nu leuwih leutik. 
Intern�t mawa rupa-rupa �mbaran jeung layanan, kayaning surat �l�ktronik 
(sur�l�k, *email*), ngobrol (*chatting*) *online*, balantik, jeung kaca-kaca 
ramat sarta dokum�n s�j�nna di Ramat Saampar Dunya (*World Wide
Web<http://en.wikipedia.org/wiki/World_Wide_Web>
*).

 (mangga lengkepan deui�)

 Basa jeung Urang Sunda di Intern�t

Dina data BPS, pangeusi propinsi Jawa Kulon jeung Banten t�h leuwih ti 42 
yuta urang (s�nsus taun 2000, www.bps.go.id <http://www.bps.go.id>). Anggap 
ba� urang Sundana aya tilu parapatna, jumlah-jaml�h aya leuwih ti 30 yuta 
urang. Lamun ditempo tina kuantitasna mah, ampir sarua jeung pangeusi 
Kanada, saluhureun Malaysia jeung kalolobaan nagara �ropah atawa Australia. 
Tina sakitu puluh yuta populasi urang Sunda, duka sabaraha pers�nna nu wanoh 
(migunakeun) jeung Intern�t.

 Intern�t kiwari mangrupakeun m�dia penting pikeun rupa-rupa kagiatan, ti nu 
sipatna sosial nepi ka nu tujuan nyiar kauntungan/komersil. Mun urang 
nyobaan nyungsi basa Sunda di Intern�t, ramatloka (*website*) nu n�mbongan 
dina basa Sunda mah paling loba g� sigana bisa k�n�h diitung ku ramo. Ti 
sakitu puluh yuta urang Sunda, nu bisa jeung boga karep nembrakkeun basa 
Sunda di Intern�t t�h meureun ukur sababaraha urang. Mun ditilik tina tujuan 
kagiatanana, bisa dipastikeun teu aya ramatloka nu medal dina widang usaha 
migunakeun basa Sunda dina t�mbonganana. Tangtu ba�, ieu mah mangrupa 
balukar tina teu komersilna basa Sunda.

 Ceuk *Google*�hiji ramatloka pangpunjulna nu nyadiakeun fasilitas nyungsi 
�mbaran di Intern�t, di Intern�t t�h aya kana dalapan milyar leuwih kaca 
ramat (*webpage*). Ramatloka basa Sunda nu bisa kasebut daria, di antarana 
nu dikokolakeun ku kalawarta Sunda (*Mangl�*, *Galura*, *Cupumanik*), 
pamedal buku-buku Sunda (*Lalayang Girimukti*-Kiblat Buku Utama), jeung 
sawatara organisasi/individual kayaning Wahana Raksa Sunda
(www.sundanet.com<http://www.sundanet.com>),
Lingkung Seni Sunda-ITB (*Jamparing Online*,
lssitb.f2o.org/)<http://lssitb.f2o.org/)>,
KUSn�t (www.urang-sunda.or.id <http://www.urang-sunda.or.id>), *Wikip�dia 
Sunda* (su.wikipedia.org <http://su.wikipedia.org> katut proy�k-proy�k 
sawargi), jeung sababaraha ramatloka leutik lianna. Hartina, tina sakitu 
milyar kaca ramat nu aya, nu n�mbongan dina basa Sunda mah ukur sababaraha 
ratus ti antarana.

 Kawas di alam nyata ba�, urang Sunda loba nu geus 'ngababakan' jeung boga 
tempat ulin campur gaul di Intern�t. Lian ti migunakeun loka nu nyadiakeun 
rohangan interaktif, nu leuwih umum mah nya�ta mak� m�dia ngobrol
*online*atawa ngaliwatan surat �l�ktronik. M�dia ieu jadi panyambung
komunikasi
antarurang Sunda nu datang ti mana-mana. Basa nu dipak�, sakumaha urang 
ilahar komunikasi di alam nyata, nya basa Sunda (jeung, kadang, basa 
Indon�sia). Tina sababaraha komunitas nu aya kiwari, utamana dina
m�dia *mailing
list* (komunitas kor�spond�nsi *via* surat �l�ktronik), widang-widang nu 
dibahas bisa rupa-rupa, kayaning ngeunaan basa, sastra & budaya Sunda, og� 
hal-hal s�j�n nu sipatna umum. Tina m�dia ieu, teu saeutik nu salajengna 
ngamalir kana kagiatan nu produktif, boh di Intern�t sorangan (utamana 
widang basa jeung budaya Sunda) atawa di alam nyata. KUSn�t, pikeun conto, 
geus bisa ngeureuyeuh kagiatan sosial kayaning m�r� b�asiswa ka sawatara 
barudak sakola jeung muka sababaraha pabukon di pilemburan ngaliwatan 
yayasan nu dibentuk pikeun ngawadahan kagiatanana. 

 Ku beuki dalitna masarakat urang kana m�dia ieu, Intern�t pot�nsial pisan 
pikeun nyadiakeun rohangan ubar hanaang urang Sunda kana karya-karya atawa 
�mbaran-�mbaran nu migunakeun basa Sunda. Dina mangsa nu sarwa instan kawas 
kiwari, Intern�t bisa jadi m�dia nu bisa diandelkeun pikeun jadi 'corong' 
basa Sunda. Sabagian masarakat urang, utamana masarakat dayeuh, geus ilahar 
nyiar rupa-rupa �mbaran/pangaweruh sacara instan ngaliwatan Intern�t, kaasup 
nyiar unak-anik Sunda, boh budaya, basa, atawa naon ba� nu pakait. Ku 
disadiakeunana �mbaran nu munel tur r�pr�s�ntatif ngeunaan hal-hal �ta dina 
basa Sunda, masarakat urang bisa kapuaskeun kana naon-naon anu dit�angna, 
sarta sakaligus n�mbongkeun y�n basa Sunda t�h teu tinggaleun, bisa di bawa 
ka alam mod�rn kiwari.

 Conto Kasus:

*Dijitalisasi bacaan Sunda & TQBS: kagiatan KUSN�t*

Sababaraha bulan ka tukang, di milis (mailing list, komunitas kor�spond�nsi 
via surat �l�ktronik) [email protected] kungsi kedal ngeunaan 
kereteg dijitalisasi bacaan Sunda. Mimiti mucunghul nalika nyaritakeun 
buku-buku (heubeul) Sunda di Perpustakaan Nasional nu kaayaanana matak 
pikahariwangeun, sabab fisikna geus kahakan jaman, kertasna geus garetas m�h 
bubuk. Kumaha bangkarakna naskah-naskah buhun? Pantesna t�h leuwih parna ti 
buku-buku heubeul hasil nyitak, mangkaning cenah aya sakitu petina nu can 
katalungtik! Baraya KUSn�t (Komunitas Urang Sunda di Intern�t, landihan 
pikeun anggota milis tadi) kacida hagetna nalika jejer ieu ngamalir kana 
kereteg mindahkeun/nyalin bahan-bahan bacaan �ta kana wanda dijital. Ceuk 
gampangna mah, kari ngamodal komputer sas�t katut *scanner*-na, b�r�s. Ari 
prungna kumaha? Ti dieu mimiti mandegna t�h, sabab can aya nu prak datang ka 
Perpustakaan Nasional pikeun ngabadamikeun atawa m�nta idin sangkan niat �ta 
bisa kacumponan.

 Minangka panglalanyah, diluluguan ku MH, proy�k t�h dimimitian ku "murak" 
buku *Rusdi jeung Misnem* ka alam dijital. Dipigaw� r�r�ongan, hasilna 
nyugemakeun. L�ngkah saterusna, nincak kana bahan nu leuwih daria: 
narjamahkeun Terjemah Qur'an kaluaran Depag RI kana basa Sunda jeung nyalin 
*Poesaka Sunda *(kalawarta Sunda nu kungsi diterbitkeun ku Paguyuban Java 
Instituut antara taun 1922 nepi ka taun 1927, salinanana katampa ti Pa 
Ganjar Kurnia nu kiwari nuju di Prancis), nu nepi ka kiwari keur 
dikeureuyeuh.

 Kagiatan ieu m�mang teu bisa disebut jalan kalawan cepet sakumaha nu 
dipiharep, bubuhan nu ngeureuyeuhna ukur mak� jurus salingkuh tina 
pagaw�anana s�wang-s�wangan.

 *Wikip�dia jeung proy�k sawargi*

Wikip�dia, ku nu boga alpukahna, Jimmy Wales, digambarkeun salaku "hiji 
usaha pikeun nyiptakeun/nyusun jeung nyebarkeun hiji �nsiklop�di b�bas nu 
kualitasna sahad�-had�na ka sadaya jalma di sakuliah dunya dina basana 
s�wang-s�wangan." Wikip�dia diwangun na ramatloka
wikipedia.org<http://wikipedia.org>migunakeun hiji
*software* nu disebut "wiki", tina kecap basa Hawaii wiki wiki ("cepet"). Nu 
jadi udagan, nya�ta sangkan Wikip�dia bisa ngahontal kualitas nu sahanteuna 
sarua jeung *Encyclop�dia Britannica *sarta dicetak tur disebarkeun ka 
masarakat.

 Proy�k ieu dimimitian 15 Januari 2001, nu mangrupa bagian nirlaba ti 
Yayasan Wikim�dia (AS). Mun sadaya basa digabungkeun, kiwari geus leuwih ti 
sayuta artikel, nu ampir satengahna basa Inggris. Pikeun babandingan, 
Wikip�dia Inggris nu dirempug ku puluhan-ratusan r�wu kontributor, dina opat 
taun bisa ngahasilkeun leuwih ti satengah yuta �ntri; Wikip�dia Indon�sia, 
nu mitembeyan disusun awal taun 2004 sarta dirempug ku ratusan kontributor, 
geus boga leuwih ti sapuluh r�wu �ntri; sedengkeun nu basa Sunda, nu 
dikeureuyeuh ku ukur sababaraha urang, hatur lumayan, kakara bisa 
ngumpulkeun 760-an �ntri, �ta g� pabaliut k�n�h jeung �ntri-�ntri dina basa 
Inggris nu kaluli-luli can kagarap deui ku kontributorna.

 Sakumaha eusi �nsiklop�di umum, nu dipedar t�h ngawengku rupa-rupa istilah 
dina rupa-rupa widang: ti �ntri *onom* dina kategori *carita rahayat* nepi 
ka �ntri *nanot�hnologi* dina kategori *t�hnologi*, ti �ntri *cacing
kalung*dina kategori
*organisme* nepi ka �ntri *heunceut* dina kategori *sistim baranahan*. Nya 
kusabab ambahana anu jembar pisan, nu kiwari ngeureuyeuh Wikip�dia Sunda t�h 
nyanghareupan sababaraha masalah. Pikeun istilah-istilah anu kawilang umum, 
biasana lahlahan nyoba-nyoba sorangan nyieun istilah nu kira sawanda jeung 
nu dimaksud. Tapi lamun geus nepi ka istilah-istilah husus nu teu (can) 
kapanggih ganti atawa tarjamahna, nya biasana sok nuturkeun istilah nu geus 
aya dina basa Indon�sia nu lajeng disundakeun. Padahal, lian ti merlukeun 
pisan ahli basa (Sunda), og� tangtu kudu aya pangdeudeul ti praktisi nu 
sapopo� campur gaul jeung istilah-istilah husus �ta.

 Lian ti Wikip�dia, aya sababaraha deui proy�k sawargi nu dikokolakeun ku 
organisasi nu sarua, di antarana *Wiktionary* (Kamus Wiki) jeung
*Wikibook *(Buku
Wiki). Sawanda jeung Wikip�dia, �ta proy�k t�h ditujukeun pikeun 
nyusun/nyieun kamus basa jeung buku-buku t�ks b�bas dina rupa-rupa basa.

 Kacindekan & Garapan ka Hareup

(mangga eusian, pami tos cindek)


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke