Kang Yudhi, tos sababaraha sasih kapengker Kapolda Jabar ngembarkeun
ngeunaan penekanan masalah numpes judi ka korps pulisi, tapi dina
prungna mah teu aya parobihan. Urang tiasa mendakan bandar togel nu
kahalangan ku ukur sababaraha imah ti polsek.
Masalah payung hukum, kapan tos eces dina undang2 yen judi teh teu
meunang. Komo ceuk aturan Islam mah, kapan judi teh haram. Tapi nya
kitu tea, salami aturan hukun teu ditanjeurkeun mah, urang moal bisa
miharep naon2...

kdr

On 6/8/05, Aa Yudhi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Simkuring ngadukung kana rancana bebas judi di Tatar Sunda (Maca: Deklarasi 
> Jabar bebas judi, PR online) ngan hanjakal teu diterangkeun kumaha carana. 
> Ari saukul deklarasi anu diteken ku Gubernur sareng Ketua DPRD mah sigana 
> bakal beda jeung praktekna. Ari anu ngagaduhan kawasa sangkan euweuh judi 
> deui ngan aya di aparat Polisi (jeung meureun masyarakat anu geus ateul ku 
> judi). Lain rahasia deui lamun aparat (polisi jeung tantara ceunah mah 
> ngabekingan eta judi teh kusabab setoranna gede (duka setoran keur kamana eta 
> teh...). Ari ceuk simkuring mah kudu aya payung hukum atanapi undang-undang 
> anu keur ngabebaskeun judi di Tatar Sunda, jadi kuat dasar hukumna.... anu ku 
> simkuring teu kaharti mah, masih keneh wae loba masyarakat urang (ceunah mah 
> agamis) anu resep kana judi, tah anu kieu oge kudunamah disadarkeun... mun 
> euweuh anu meuli meureun moal aya judi.... kitu sanes?


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke