Kahatur Abah Kumincir, Hatur nuhun pisan abah kumincir...parantos ngabagi-bagi wawasan sareng jawaban nana (expert pisan) perkawis budaya urang sunda. Simkuring bungah pisan yen budaya sunda teh gening sakitu pikaresepeun nana lamun digali mah. wasalam, Delun
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Dina kalawarta nasional poe kamari, aya embaran ngeunaan asal-usul austronesia, sakumaha nu dikedalkeun dina konferensi pers di LIPI (?) dina raraga persiapan gotrasawala internasional di Solo ahir bulan ieu ngeunaan ras/basa Austronesia. Nu kagolongkeun seke seler Austronesia sumebar ti Pasifik nepi ka Madagaskar, populasi panglobana aya di Nusantara (Indonesia, Filipina, Malaysia, jeung sababaraha nagara Asteng lianna). Nepi ka kiwari mah, loba keneh nu yakin yen bangsa2 Austronesia ieu teh asal-usulna mah ti wewengkon kapuloan Taiwan & Cina darat. Tapi, loba oge nu boga sangkaan yen asal nu sabenerna mah ti wewengkon daratan Sunda (Sunda Shelf) nu kiwari geus tilem kakeueum jadi sagara Sunda nalika jaman es cair (+/- 8000 taunan ka tukang, jaman Nabi Nuh a.s.?). Tah, kusabab sesa2 kaadabanana geus tilelep di dasar sagara, bukti2 teh can kagali, da nepi ka kiwari can aya nu nalungtik dasar sagara Sunda (sagara antara Kalimantan, Sumatra, Tanjung Malaka, Jawa). Mun di Kulon mah aya buku nu judulna "Eden in The East: the lost continent of Southeast Asia" karya Stephen Oppenheimer, sok disabit-sabit ku Kang Yan Sastranegara, nu ngadadarkeun mitos2 jeung bukti2 (saheulaanan) ngeunaan kaadaban di daratan Sunda. Mun dipatalikeun jeung caritaan Kang Dedi kamari basa kongres di Cupumanik, nya di kalereun pulo jawa teh baheulana (samemeh caah) mah lain sagara, tapi ukur walungan badag, puseur kaadaban cai sakumaha ilaharna kaadaban bangsa2 kuna nu kapanggih jaman kiwari (kaadaban Efrat-Tigris, jsb) jk On 6/21/05, DELUN I <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kahatur wargi anu ahli tina bahasa sunda, > > Simkuring gaduh rerencangan urang vietnam teras saparantos na ngobrol > ngaler ngidul perkawis budaya sunda, saurna: yen karuhun urang vietnam > (nenek moyang na) teh aya patula-patali na sareng budaya, urang sunda. > contona: dina perkawis maenkeun kata, sareng heureuy-heureuyna kitu deui > someah na. > > Tapi saparantos na diperhatos keun yen rerencangan simkuring eta > teh..sifat, karakter, tata krama na..mirip pisan urang sunda. > > Naha eta teh leureus aya sajarah na dina budaya sunda yen karuhun urang > teh parantos nyebrang ka daratan vietnam ? hatur nuhun ! [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. --------------------------------- Yahoo! Groups Links To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
