Ah tong sesah-sesah ngemutan program aksi nu enggal, eta we geura taroskeun ka pihak DPRD Jawa Barat jeung pihak Eksekutif (Gupernur katut rengrengan Birokrat Pamarentah Prov Jabarna) kumaha tah nasib lajuninglaku Perda-perda nu ngatur soal kasundaan, upamana Perda soal bahasa, jeung lianna tos aya rengkolna teu tah dina APBD na mun tos aya kumaha tah hasilna. Tah nembe kapayunna katingalna kedah aya deui kajinekan ti pamarentah daerah (boh provinsi boh kabupaten/kota) sareng para pihak nu ngaraos aya tanggel walerna kana ngahirup huripkeun budaya jeung basa sunda tangtos kalebet kasenianana, bade kamana sareng siga kumaha kaayaan budaya jeung seni sunda sareng basa sunda kiwari teh, naha aya dina situasi "hirup teu nyat paeh teu hos" atanapi "jag jag waringkas?" atanapi duka teh teuing, keun we hirup na jiga jukut liar nu teu dirumat, sok komo diceboran diurus dihade-hade. Ari saur kang ayip tea mah geuning dina pagempungan/seminar kamari nu diayakeun ku Puslit KP2W Lemlit Unpad: 'naon reueusna jadi urang sunda kiwari teh?' tangtos pananya ieu ditujukeunana ka sakumna urang sunda jeung jawabanana aya di urang sunda sorangan, katingalna mah sami eta patarosan teh loyog pisan mun kecap 'urang sunda' diganti/dilarapkeun oge keur 'bangsa Indonesia' . Tah soal kareueus (Bangga, bhs Indonesia) katingalna penting pisan diimpleng, dirasa-rasa 'enya naon nya nu dipikareueus ku urang salaku urang sunda teh?', dina urusan pamarentahan, pamarentahan nu dilakukeun ku urang Sunda geuning sami aya korupsi oge, dina sual pulitik, geuning pajah urang sunda eleh di lembur sorangan ku somah, dina sual sastra cenah can aya karya-karya nu hade ti generasi ngora. Boa-boa enya ki sunda teh kitu rek jadi ngahiang? Ah moal meureun nya da di pilemburan mah masaeakat sunda masih loba, ngan nyaeta geuning Jawa Barat nu cenah tatar sunda nu bagean loba pendudukna teh urang sunda (etnik sunda) tingkat pendidikan na oge mung ukur (RLS, rata-rata lama sekolah) 6,7 taun (jadi teu lulus smp-smp acan). Tah jigana mah kudu aya tarekah tidinya heula we kuma carana sangkan urang sunda nu hirup di tatar sunda teh pendidikan formalna tiasa ningkat. sakitu heula we nya. hatur nuhun wassalam, damar
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Baraya Sunda, US, Kisunda, saalam dunya, Nitenan kaayaan wacana ngeunaan Sunda, boh anu sifatna kagiatan sarupaning pejemuhan/seminar, wawancara ahli, diskusi di tv, oge acara-acara lianna di lemah cai, khususna Tatar Sunda, kiwari keur meujeuhna reang. Geura bae, anu kapireungeuh dina sabulan Juni ieu (anu enggeus jeung anu arek) aya sababaraha acara saperti kitu anu sifatna regional (Jawa Barat), kayaning: 1. Sawala Luhung ngeunaan "Sunda, Siliwangi jeung Pajajaran" (dilaksanakeun di Bogor, 11 Juni 2005), anu hajatna: pamedal KalaSunda (Kang Oca sprkc); 2. Pangleleran hadiah/pangajen "Rancage" (garapan kang Ajip Rosidi), tadi peuting di Jakarta 3. Seminar ngeunaan "Pembangunan Berbasiskan Budaya, Revitalisasi Nilai-nilai Budaya Sunda dalam Pembangunan Daerah". Anu ieu rencanana dilaksanakeun di UNPAD; waktuna masih "open date". 4. Seminar Disbudpar Jabar, jejerna poho deui, ngan kira-kira aya kalimah:"Napak Lacak Kisunda...js", arek dilaksanakeun bulan Juni ieu. 5. Kongres Basa Sunda VIII di Subang, 28-30 Juni 2005 6. Ditonjolkeunna milangkala Kang Kusnaka, guru besar antropologi UNPAD sakalian jeung "launching" bukuna anu dijudulan "Berkarya di Belantara Budaya : Dinamika Budaya Lokal, Partisipasi dan Pembangunan", Bandung, 8 Juni 2005 (ngarupakeun reportase "PR" make judul "Menggali Kearifan Budaya Lokal, Mengangkat Martabat Bangsa", dipostingkeun ku yasana Kang Kandar ( http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/12800 7. "Rawayan Jati jeung filosofis cai dina kahirupan US, guaran Abah Surya dina acara anu dilaksanakeun ku Forum Bandung Segar di Bandung, Kemis, 9 Juni 2005 dina raraga mepeling poean lingkungan hirup "Penggalian Nilai-nilai Budaya dan Kearifan Lokal Dalam Mengelola Lingkungan Hidup" (direportase ku PR make judul "Tafakur di Bumi yang Uzur" http://www.pikiran-rakyat.com/cetak/2005/0605/10/0104.htm ; dipostingkeu ku kang Rachman di Baraya_Sunda. 8. Koran "Kalawarta Kujang (KK)" geus medal deui, kalayan rada pinuh ku guaran budaya. Malah dina nomer anu pangakhirna mah wawancara KK jeung si kuring ngeunaan "Kabuyutan" cenah dimuat (teuing da nepi ka danget ieu oge can narima eta koran teh, kiriman ti Kang Dian, wartawan KK can nepi ka kantor) Nengetan acara-acara di luhur, boh anu geus lumangsung atawa anu arek dilaksanakeun, aya sababaraha hal minangka catetan jeung bahan padungdengkeuneun sakumaha di hareup ieu: 1) Aya "benang merah" atawa gurat nganteng anu bisa ditarik nyambungkeun wacana-wacana di luhur nyaeta ngeunaan hudangna deui kasundaan sok sanajan karek nepi kana wacana alias tacan noel kana rarangkay gawe (rencana tindak/"action"). Gurat nganteng anu dimaksud teh ngeunaan kahayang US pikeun bisa hudang tur nangtung kalawan heunteu incah balilihan tina jatidirina, jembarna: eksis dina budayana. Diantara jatidiri US teh nyaeta pangajen kana Kabuyutan-na (diantara kabuyutan kisunda teh nyaeta : rawayan jati/SILAS, basa Sunda, cai; partisipasi anu gede ti masyarakat dina pangwangunan alias ngertakeun bumi lamba tea, jrrd). 2) Anu dimaksud ku kuring salaku teu acan aya "action" dina catetan nomer 1) di luhur teh bisa diringkeskeun kieu: salila ieu hasil-hasil ngaji atawa seminar jeung sajabana teh teuing kamana, jeung deui, dina prak-prakanana ngalaksanakeun acara, mindeng pisan tara pati ngalibetkeun pangagung-pangagung di pamarentahan nurutkeun kalembaganana (lain "person"). Maksud kuring, matak naon upama acara-acara sarupa kitu teh sakalian bae diayakeun salaku forum menta tanggungjawab atawa asupan (input) pikeun program pamarentah anu engkena ditagih babarengan ku forum. Dina sababaraha hal, upama heunteu aya "action" anu nyata hasil pagempungan masyarakat jeung pamarentah, bener sakumaha kasauran hiji inohong budaya Sunda (ceuk cenah) nalika diperedih ngajejeran salaku anu biantara konci dina KBS VIII engke:"Ah, moal arek miliuan, lebar ku biaya ari kitu bae-kitu bae mah, biaya sakitu mah mendingan dipake ngawaragadan barudak sakola anu teu mampuh", saurna (ceuk cenah, kitu oge). 3) Kukituna, perlu pisan sakabeh organisasi-organisasi US anu ngawacanakeun kasundaan ngayakeun koordinasi alias sawala pikeun gawe bareng nyieun program "action" (syukur lamun jeung perencanaan stratejikna), anu eta forum koordinasi teh saterusna ngadep ka dpr jeung gubernur pikeun advokasi. Kacindekan pamungkasna: Ngabageakeun pisan ka sakumna US anu geus ngayakeun pagempungan-pagempungan ngawacanakeun kasundaan. Tur, saterusna, miharep sangkan aya sawala gede ngeunaan naon rupa jejer jeung lengkah tindakanana anu salila ieu geus dipajemuhkeun. Lebar ku biaya upama heunteu aya lajuninglakuna mah. Kumaha kira-kirana? Naha Kusnet bisa ngabidanan koordinasi jeung gawe bareng saperti kitu? baktos, manAR SEMINAR PEMBANGUNAN BERBASIS BUDAYA SUNDA : "REVITALISASI DAN APLIKASI NILAI-NILAI BUDAYA SUNDA DALAM PEMBANGUNAN DAERAH" [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. --------------------------------- Yahoo! Groups Links To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
