Basa poe saptu wik 'n kamari, nyumponan pangajak Kang Oman, kuring & punbojo
datang ka Grand Pasundan, hayang nempo seminar "pembangunan jawa barat
berbasi budaya sunda" tea.
Samemeh ka seminar, kabeneran ngaliwat ka gedong musium sri baduga, nya
nyimpang heula. Teu cara si Apih nu ditagih deui bayaran kanggo kamera,
kuring mah berekah, teu dipenta2 acan (nu tugasna saribuk, heuhue). Nya
meunang sababaraha jepretan moto koleksi musium. Lumayan eusi musiumna mah,
ngan hanjakal dina katerangan koleksina (utamana koleksi arkeologi) teu
disebutkeun yen ieu barang teh titinggal jaman anu, kira taun saanu, jadi we
teu pati eces. Keur mah eukeur uing teh teu apal, atuh puguh we kaluar ti
musium teh loba keneh kapanasaran.
Anjog ka tempat seminar, pas registrasi, rada hemar hemir oge barang nempo
aya tumpukan blangko kuitansi, mun seug ditagih bea registrasi tea mah,
sigana kajeun bedo, heuheu (maklum bae atuh, tanggal lilikuran kitu...).
Tapi geuning nu nampana teu nyarita nanaon, ukur nanya ti mana, mahasiswa
sanes? Ceuk kuring teh, bari nulis na daftarna, ti YP. Leos we ka jero,
salamet, mani asa longsong... Kusabab datangna telat, kuring teu kabagean
biantarana Pa Ayip Rosidi. Barang jol, nu keur cacarita teh Kang Reiza nu
medar sarupaning analisis sajarah Sunda (moderatorna Setia Permana, eh,
leres kitu?). Inti nu ditekenkeun ku anjeunna, kirang langkungna nyaeta
perluna ngawanohkeun & ngamasarakatkeun sajarah Sunda, sahingga urang Sunda
reueus ka bangsana. Misalna ngeunaan sajarah tinulis (tertulis), kapan di
Nusantara (Indonesia) teh nu pangheulana boga sajarah tinulis teh urang
Sunda, jeung kapan nagara munggaran di dieu teh di Tatar Sunda oge.
Dina sesi eta keneh, aya oge narasi ti utusan Cigugur, gaganti Pangeran
Jatikusumah, nu medar ngeunaan ajen inajen dina kaadaban Sunda. Resep ku
ngagorolangna we kuring mah. Terus nu sejenna, lah loba nu teu katewak
eum... komo nu patali jeung masalah kawijakan pamarentah mah, da lain pisan
interes kuring, hehe...
Aya oge nu mairan (utusan Subang asana mah), nu nyaritakeun papanggihanana,
nyaeta titinggal arkeologis mangrupa candi nu ukuranana leuwih badag batan
Borobudur, katambah ku sababaraha tulisan nu marengan eta titinggal. Saurna
mah salinanana tos dipasrahkeun ka Mang Ayatrohaedi sina ditalungtik.
Bubuhan nu munggaran ngilu seminar nu kieu, kuring rada kaget oge nempo
runtuyan acarana, nu dibuka jeung ditutup ku rajah. Du'a meureun eusina mah,
da kuring teu pati eces ngadengena, tapi galindengna mah nyaan ngeunaheun,
da make kacapi suling... Terus hiji deui nu kuring ngarasa helok oge, nyaeta
nalika "sampurasun-rampes" leuwih tarik batan
"assalaamu'alaikum-wa'alaikumsalaam".
Sakitu heula we ah, permios...
jk
harita kuring ngaharewos ka punbojo, hayang nyium pa ayip, nyium
leungeunna...
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/