Seug Kang Eddy, Kang MH, ke urang usulkeun. Enya, keur lantipna mah usulan 
teh urang catet bae dina palebah katerangan Surah An-Nur. Aya saena upama 
Surah An-Nur dina TQBS ditarjamahkeun ku Kang Eddy. 
 Sakaliam ngagerentes lebah dieu, si kuring inget pedaran Kang Eddy ngeunaan 
salah sahiji harti "kabuyutan" anu patali jeung kecap "bayt" dina basa Arab. 
"Fi buyuutikum adzina lahu...jst" sigana bisa oge dibere catetan ku jejer 
kabuyutan. Saheunteuna, nuturkeun tafsiran ieu, aya 3 harti "bayt" atawa 
"kabuyutan" (sababaraha posting ngeunaan hal ieu kungsi dialungkeun ka 
milist). 
 Kahiji , kabuyutan anu ngarupakeun pasini purba (catetan keur ayat anu 
nyaritakeun geus pasinina sakabeh manusa di alam sulbi, ayat "alastu 
birobbikum, balaa, syahidnaa" tea, mun teu salah ingetan dina surah Al 
A'raf). Kadua, kabuyutan dina harti imah, bill khusus: rumah tangga 
(kalintang seueurna ayat Al Qur'an anu netelakeun papagon ngeunaan rumah 
tangga). Anu katilu, kabuyutan dina harti lemah cai (jeung budayana) nyoko 
kana surah Al Hujurot, surah Ar Ruum (dzhoharol fassad fil barri wal bahri) 
jeung rea-rea deui ayat Al Qur'an ngeunaan lingkungan.
 Cag heula,
baktos,
manAR

 On 7/4/05, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
> 
> 
> 
> --- Eddy Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > IV
> > Mulang ka asal
> >
> > Ari mulang ka asal. Asal tina Nur (sunda eusi) balik
> > deui ka Nur (sunda eusi) nya eta nu jadi asal
> > kurung/jasmani/raga/badan/jirim.
> > --
> > Sim kuring 2-3 taunan kapengker kantos 'dodongeng'
> > ngeunaan ULIKAN SUNDA nu mangrupa cahya (salah
> > sahiji
> > harti sunda=cahaya), sabagiana kantos didugikeun ka
> > kawargian Boh di millist ki sunda, sundanet, oge
> > 'print'na (aya nu 25 hal- aya nu 294 hal).
> >
> > Matak usul ka Kang MH/sareng tim TQBS hartos sundana
> > Surat An-Nuur diterjemahkeun Surat Sunda.
> > ----
> 
> Jigana tiasa wae, mung palebah kecap Sunda make
> "footnote". Kumaha Kang Oman, Kang Zam, oge nu sanesna
> saluyu?
> 
> salam,
> mh
> 
> 
> =====
> Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
> [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
> 
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke