kurah-koreh dina flasdisk, aya gening edisi lengkepna, seratan si Ua Sas +
si kuring tos digabungkeun ku Dadan.

=====================

Ngamekarkeun Basa Sunda
dina Internét

Mamat B. Sasmita, Mang Jamal


Bubuka
Internét geus ngaranjing dina kahirupan manusa kiwari. Malah, di nagara
deungeun mah, internét téh geus jadi salah sahiji pakakas komunikasi nu
praktis tur efisién. Rupaning widang paélmuan nyebar dina internét, leuwih
ngénténgkeun geusan  ngundeur pangaweruh.
        Mun nyukcruk ka sungapanana, internét téh dipokalan ku urang Amérika. Ti
dinya terus nyebar ka unggal nagara, minangka téknologi anyar dina widang
komputer. Kamekaranana éstuning matak hookeun, boh ditilik ti nu makéna
(netter) boh ditilik tina pajanganana (website). Dina catetan situs
google, juru susud (search engine) rohangan internét, kiwari jumlah kaca
dina internét téh geus leuwih ti 8 milyar.
        Torojolna internét, milu mangaruhan deuih kana basa-basa nu aya di
sakuliah dunya. Istilah téknologi internét saperti e-mail, website,
mailing list, download, server, homepage, chatting, jeung sabangsana,
mimiti ngeuyeuban kekecapan sapopoé, pangpangna keur nu biasa maké
internét. Ti dinya brol wéh kamus istilah téknologi nu jumlah kecapna
nepi ka rébuan éntri.
        Sawatara urang Sunda, geus biasa ngagunakeun internét keur komunikasi.
Jumlahna tacan réa, angot mun dibandingkeun jeung jumlah urang Sunda nu
méh 30 yuta mah.  Situs nu maké basa Sunda gé saeutik. Bisa jadi, ieu téh
lantaran pangaweruh urang Sunda kana téknologi nu kawatesan kénéh.
        Tapi teu dileuleungit, basa Sunda milu makalangan dina internét. Aya
sawatara website nu maké basa Sunda, saperti sundanet (campur jeung basa
Indonesia), galura.com, mangle-online.com, cupumanik.com,
urang-sunda.or.id.

Internét jeung Urang Sunda
Ngarah teu matak baluweng, urang pedar heula sawatara istilah dina internét.
1.      Internét, sistim jaringan komputer nu nyambung sakuliah dunya, maké
satelit, kabel telepon atawa nirkabel.  Saha baé bisa muka internét, bisa
ngambah (surfing) ka mana waé, bisa ngoréhan rupaning élmu bari teu
kawatesanan ku anggang.
2.      Website, sok disebut situs, alamat minangka konci pikeun muka eusi
internét. Upamana www.urang-sunda.or.id, www (word wide web) nuduhkeun
alamat internét, urang-sunda nuduhkeun ngaran website, or.id nuduhkeun
wewengkon (domain). Nu disebut domain, rupa-rupa, gumangtung ka fungsi éta
situs. Aya nu disebut com (communication), edu (education), or
(organization), jeung sabangsana. Unggal nagara geus boga kodeu
séwang-séwangan deuih, upamana Indonésia (id), Jepang (jp), Walanda (nl),
jeung sajabana.
3.      E-mail, serat éléktronik (sérélék). Alamat e-mail fungsina teu pati
géséh jeung nomer hapé, nyaéta pikeun silih kirim pesen. Aya leuwihna
sérélék mah, lian ti pesen téks, bisa ngirim gambar, sora,  jeung vidéo nu
ukuranana leuwih gedé. Upamana, urang bisa ngirim naskah buku nu jumlahna
1.000 kaca dina waktu nu ngan sajorélat. Saha baé bisa muka koropak surat
dina internét kalawan gratis (saperti di yahoo, plasa, hotmail).
4.      Search Engine, juru susud, mesin internét pikeun néangan pikeun
rupaning katerangan nu hasilna alamat situs. Nu pangpayuna mah (mindeng
dipaké/dibuka), www.google.com. Mun urang neangan kecap “Sunda” dina éta
mesin internét, dina itungan detik bakal murudul alamat situs nu patali
jeung kecap Sunda. Tinggal milih nu mana nu rek dibuka.
5.      Chatting, ngawangkong internét, ngobrol jeung saha baé, urang mana waé.
Bisa mangrupa téks, tapi kabéhdieunakeun geus aya nu maké sora jeung
vidéo.
6.      Milis, mailing-list, grup atawa komunitas diskusi di internét, umumna
maké fasilitas ti yahoogroups.com.  Saha baé bisa muka milis, maké basa
naon baé. Milis teh kumpulan alamat sérélék, nu milu ngariung bisa hog-hag
padungdengan. Seratan nu dipadungdengkeun, lian ti didokuméntasikeun téh,
baris dikirim ka sakur anggota milis.
KUSnét, Komunitas Urang Sunda dina Internét. Kumpulan Urang Sunda
(saterasna disebat US) jeung sélér séjén nu mikaresep jeung micinta
kasundaan nu alamatna di di http://groups.yahoo.com/group/urangsunda. Ari
alamat paranti ngirim surelek mah di [EMAIL PROTECTED]
Milis KUSnét didamel ku Ismail Rahman, urang Kuningan-Cirebon, 8 Méi 2000.
Beuki dieu, anggotana beuki nambahan. Tapi kabéh aktif atawa terus jadi
anggota. Aya nu alatan pangsiun ti kantorna, eureun jadi anggota, da teu
bisa masang internét di imahna. Aya nu ku sabab pakepuk ku padamelanana,
jeung sajabana.
Milis Urang Sunda di Internét téh ti dituna  mah tempat ngariung,
ngawangkong, ngobrol jeung sakumna urang Sunda atawa nu micinta kasundaan,
saalam dunya. Nu mariluan éta milis lain Urang Sunda (US) wungkul. Nu di
luar Tatar Sunda (TS) , di luar pulo Jawa, malah di luar Indonesia.
Saratna ngan hiji, maké basa Sunda, sabisa-bisa.
Pikeun US nu nganjrek di luar TS mah, milis KUSnét téh éstuning tamba sono
jeung ubar nineung ka lembur. Ku nulis maké basa Sunda, haté mah asa geus
nepi ka lembur magarkeun téh.

Jejer Padungdenganana
Sagala rupa ngeunaan kasundaan mindeng di diadurényomkeun dina milis
KUSnét. Nu kaitung ramé mah jeung tampolana nepi ka paraséa teh mun keur
ngabahas Sunda jeung Islam, atawan ngabahas nyandung. Eusi surat dina 
KUSnét di antarana:
•       Keom Sakedap (carita heureuy/sindiran nu aktual)
•       Basa Sunda
•       Ngaran-ngaran di Tatar Sunda
•       Sajarah karajaan/lembur di Tatar Sunda
•       Harti Sunda/definisi urang Sunda
•       Falsafah/filsafat hirup urang Sunda
•       Politik Sunda
•       Agama: Islam-Sunda, Sunda-Islam, Sunda Wiwitan
•       Beja haneut (pangpangna pasualan nu aya pakaitna jeung kasundaan)
•       Silaturahmi/wawanohan
•       Pancakaki
•       Banten-Cirebon
•       Réuni
•       Milari pibatureun hirup
•       Ubar sono ka lembur, panineungan
•       Tatarucingan
•       Heureuy, ambek,  curhat
•       Chatting (ngobrol saliwat
•       Beja basa Indonesia-Inggris soal kasundaan
•       IT (information technology)
•       Ngirim gambar
•       Kajadian/Beja koran di Tatar Sunda nu patali jeung kasundaan, sosial 
budaya
•       Korupsi, Posisi US/TS di Indonesia, Jeung sajabana

Nu ngariungna
        Réréana mah KUSnét teh diramékeun ku baraya nu sapopoéna deukeut
atawa maké komputer nu on-line (dilengkepan fasilitas internét) di
kantorna masing-masing. Aya ogé mahasiswa nu maké komputerna di
warnét, aya di imah.
Anggota KUSnét:
•       Padamel kantor (umum, télkom, bank, minyak, kampus, jrrd)
•       Padamel kantor (widang IT)
•       Mahasiswa
•       Wartawan/redaksi koran
•       Dosén, guru
•       Nu ngumbara di luar negri (sakola, damel).
•       ± 80% pameget.

Jumlah Anggota:
1550-an  urang nu janten anggota, nu aktip nyerat ratusan.

Data surat dina basa Sunda:
        Jan     Feb     Mar     Apr     Méi     Jun     Jul     Aug     Sep     
Okt     Nop     Des
2005    1925    1281    1543    1493    2258    2199
2004    3210    2446    2176    1873    1551    1292    1302    1826    1835    
1818    1744    2236

Wewengkon anggota:
        Tatar Sunda: Bandung, Majalengka, Tasik, Bekasi, Karawang,
Cianjur, Banten, Cirebon, Ciamis, Jakarta.
        Indonesia: Pulo Jawa, Kalimantan, Sumatera, Batam, Papua.
        Luar Negeri: New York, Walanda, Perancis, Texas,  Kanada, 
Jerman,
Austria, Australia, Seoul Korkid, Jepang, Sierra Lione-Afrika, Inggris,
India, Arab, Malaysia.



KUSnét di luar negeri:
1.      Malaysia, Kang M. Hasan, dosen hiji universitas di Kalimantan nuju s-3
di Malaysia.
2.      Jepang, Budi, dosen Unsri Palembang nu nuju S-3 di Jepang.
3.      Korea Kidul (Seoul): Yaya Rukayadi, P.hD, ahli mikrobiologi ti
Sumedang, dosen di Universitas Yong Sei Seoul. Hasil panalungtikan
panganyarna nyaéta paédah konéng gedé. Syaripuddin Siddik, padamel stap
lokal di KBRI Seoul, sareng sababara padamel KBRI katut mahasiswa
Indonésia di Seoul.
4.      Amerika: Abah Joe (Singgih Nata)–kawit Cicaléngka, 60-an taun, tos
30-an taun di New York.
5.      Lies Parish, istri, urang Tasik nikah ka Mark Parish di Inggris.
6.      Wina Austria, Mike Ontohod (Suhermanto Duliman, urang Talaga
Majalengka, ahli nuklir, damel di IAEA, International Atomic Energy
Agency).
7.      Dr. Ganjar Kurnia, dosén Pertanian Unpad, Atase Kebudayaan RI di
Perancis, jrrd.

Basa Sunda dina Internét
Mun seug enya kajadian basa Sunda bakal paeh kajadian—jejer  nu sering
dibahas ku para inohong—sigana ngan ukur di sababaraha tempat wungkul.
Salian ti puseur dayeuh, Jakarta, bisa dianggap episentrum lini nu jadi
kasang tukang leungitna atawa paehna basa Sunda. Ari wewengkon nu baris
keuna éta lini nyaeta di sabudeureun episentrum, di wewengkon Bogor,
Depok, Tangerang, Bekasi (Bodetabek). Bandung minangka episentrum kadua,
basa Sunda kadesek, tapi nu ieu mah sigana moal kawas Jakarta.
Geus papada terang, nu bisa nilemkeun basa Sunda téh lantaran kadéséh ku
murudulna basa nasional minuhan wewengkon sabudeureun episentrum téa. Mun
di Bandung mah, salian ti kadéséh ku basa nasional nu diparaké ku kolot
(urang Sunda) ka barudakna, ayana sélér séjén kelas menengah, kitu deui
ciri kota gedé di ieu nagara nu kadatangan séké-sélér ti mana-mendi.
        Mun enya kajadian kitu, basa Sunda di mana diparakéna? di Tatar Sunda nu
jauh ka episentrum téa. Nya siga baheula deui baé, mun di kabupatén
(dayeuh) basa Sunda teu diparaké alatan kadéséh ku basa Jawa terus ku
basa Walanda, di lembur singkur jeung désa-désa mah, basa Sunda téh
angger wé hirup-hirup jeung nu makéna, nu bogana.
Salian di lembur Tatar Sunda, basa Sunda gé diparaké ku urang Sunda nu aya
dina internét. Dina internét, basa Sunda nu dipaké wangun tinulis. Jadi,
lian ti média citak basa Sunda Galura jeung Giwangkara, majalah Manglé,
Cupumanik, Kujang, radio, télévisi,  buku-buku basa Sunda, aya deui di
internét.
Papadaning kitu, kamekaran basa Sunda dina internét kawatesanan kénéh.
Pangna kitu téh, lantaran nu maké internét di Indonésia can pati réa,
najan ti taun ka taun aya ronjatna gé.

Tabel nu ngalanggan jeung maké intrnét di Indonésia
Taun    Nu Ngalanggan   Nu Maké Internét
1996    31.000  110.000
1997    75.000  384.000
1998    134.000 512.000
1999    256.000 1.000.000
2000    760.000 1.900.000
2001    1.680.000       4.200.000
Sumber: APJII
Di sakuliah dunya, nu maké internét téh leuwih ti 740 juta (Pébruari
2004). Basa nu dipakéna réréana mah basa Inggris (35,8%), Cina (14,1%), 
Jepang (9,6%). Duka sabaraha persénna basa Indonésia jeung basa Sunda mah.
Upami ningal dina éta data, pangréana téh basa Inggris. Ngan nu matak
hémeng mah, basa Jepang mun dibandingkeun jeung jumlah urang Jepang asa
ganjor, tapi bisa jadi ku kamajuan ékonomi jeung téknologina.
Sigana katimbang penting upama LBSS minangka lembaga anu boga wewenang
kana kawijakan basa Sunda, nyieun website nu daria nu eusina sagemblengna
ku basa Sunda. Eusina terus di-update, luyu jeung kamekaran basa Sunda.
Situs-situs basa Sunda nu tos aya, katémbongna kurang dipiara.
Dina KUSnét, lian ti basa lemes, basa loma ogé diparake ku anggotana. Basa
loma pangpangna dipaké ku anggota nu geus heubeul. Kadang-kadang basa
Sunda nu semu kasar oge ditarulis ku anggota téh, mun keur pareng ambek
waktu madungdengkeun hiji perkara.
        Nu anyar milu biasana ngarasa gimir nulis basa Sunda, sabab umumna nyaho
yén basa Sunda téh boga undak-unduk basa. Ku anggota heubeul atawa kuncén
sok dibéjaan yén di KUSnét mah bisa nyarita (nulis) ku basa Sunda mana
baé,  sabisana.
Aya sababaraha basa dialék nu kapanggih dina milis KUSnét. Di antarana
basa Sunda pakidulan (Cijulang Ciamis), Karawang, Banten, Cirebon,
Kuningan, Ciamis, Tasik,  Garut jeung Sumedang.

Garapan KUSnét
Sangkan lain catur tanpa bukur, taun 2001, sababaraha anggota KUSnet, di
antarana:
        Ir. Djatnika Puradinata, MT, salah saurang direktur Medco Energy
        Mamat B. Sasmita (di KUSnet katelah Ua Sas, harita damel di
Télkom Surabaya)
        Maman Gantra –harita Redaksi Pelaksana majalah berita Forum
        Waluya (Bah Willy) gaduh konsultan sorangan napel ka LIPI
Gaduh kahayang sangkan KUSnét diwadahan ku yayasan. Nya diadegkeun Yayasan
Perceka (YP). Alhamdulillah, YP KUSnét téh geus boga kagiatan atawa
program di antarana:
        Maké basa Sunda di milis KUSnét jeung kahirupan sapopoé
        Gerakan Reueus Sunda
        Ngadegkeun pabukon di sababaraha désa, dingaranan Pabukon Simpay
Katresna (PSK).  Carana, buku-buku dititipkeun di hiji imah nu kersa
dititipan pikeun dibaraca ku barudak disabudeureunana. Haratis. Di éta
pabukon, paling saeutik 25% koleksina buku basa Sunda. Ayeuna geus aya 13
pabukon. YP KUSnet gé nyumbang buku-buku basa Sunda jeung Indonésia ka
sababaraha SD (Tsanawiyah, Sukapancar Ciawi Tasik) jeung pasantren
(Pamanukan Subang).
        Méré béasiswa, mangmayarkeun SPP satauneun pikeun murid SD di
désa nu sepuhna teu mampuh. Tos aya 40-an murid ti 4 SD di Ciamis. Carana,
anggota KUSnét ngontak ka wargina di lembur sangkan maluruh murid SD nu
sepuhna teu mampu ka lurah/kuwu jeung surat katerangan ti kepala SD
masing-masing.
        Medalkeun buku basa Sunda. Nu geus medal buku Sajak, Banyol 
jeung
Sajabana, jeung Sura-seuri Siga Sero.
        Ngumpulkeun waragad (fund raising) pikeun mantuan dulur nu
kamusibahan.
        Dana Yayasan ti kéncléng anggota KUSnét.

Garapan anggota KUSnet sejenna:
Kagiatan di luar garapan Yayasan Perceka digarap ku masing-masing nu bisa
maké dasar hayang nyumbangkeun pangabisana pikeun kamekaran basa Sunda,
pangpangna nu patali jeung komputer atawa internét. Di antarana:
1.      Mindahkeun tulisan dina buku basa Sunda kana wanda digital, disimpen di
ramatloka (website), (http://www.urang-sunda.or.id) di antarana:
        Buku Rusdi jeung Misnem, dikeureuyeuh Iskandar jeung Pupi.
        Narjemahkeun Quran kana basa Sunda (dikeureuyeuh ku Kang M. 
Hasan).
2.      Ngadamel énsiklopédia di internét, maké basa Sunda (dina internét aya
pasilitas pikeun nyieun énsiklopédia dina rupa-rupa basa, ngarana
Wikipedia). Nu basa Sunda dikeureuyeuh utamana ku Iskandar Alisyahbana
Adnan. Alamat di internet, www.su.wikipedia.org geus nepi ka 700 éntri
bari kacampuran kénéh ku basa Inggris. Iskandar sapopoé padamel di Lembaga
Eiykman Jakarta.
3.      Nyieun game komputer maké basa Sunda, dikeureuyeuh ku Soni Rosa.
Sapopoéna Soni Rosa padamel Risti Télkom. Game nu basajan pikeun barudak
SD. Game nu tos bérés jeung tos diuji coba ku Soni dingaranan Wanara
Kumincir.
4.      Digitalisasi aksara Sunda Kawali (ngalagena) sangkan bisa dipaké dina
komputer. Yasana Dian Nugraha, alumnus Teknik Elektro ITB nu nuju kuliah
deui di Jerman.
Garapan-garapan nu tos dikeureuyeuh téh, tangtosna gé teu acan tiasa
nyubadanan harepan nu sagemblengna. Mudah-mudahan basa Sunda bisa mayeng
nuturkeun réngkakna jaman jeung majuna téknologi.
Sakitu nu kapihatur.



Lampiran


Conto rohangan e-mail.


Milis Urang Sunda


Digitalisasi aksara.


mj

http://geocities.com/mangjamal
[EMAIL PROTECTED]




PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke