--- Eddy Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
[Kuring pernah nyobaan ngajelaskeun ngeunaan teknik
maehan (heula) panca indra..nu memang aya..di
kusnet/kisunda ngan hanjakal kirang peminatna ieu
dongeng lembur teh janten teu diteraskeun deui]
=======

Kang Eddy, kuring boga "ajian" nu dipuhit pikeun
nyanghareupan bangbaluh jiga di luhur. Hehehe.
Satemenna kieu, upama urang ngalungkeun wacana ka
milis, terus teu katinggali respon nu mairan kana eta
wacana, eta teh tacan bisa disimpulkeun yen wacana
urang teu aya peminatna. Kasangtukangna persis jiga
urang jaman sakola baheula, upama aya juragan guru
tumanya kieu: "ari maraneh ngarti kana nu dijelaskeun
tadi?" saeusi kelas teu kecet-kecet, taya nu ngajawab
"nagrti" atawa "teu ngarti", da hayang geura balik. 

Jadi jiadna, tinggal nanya we ka diri sorangan, upama
ceuk pikiran urang eta wacana aya mangpaatna, tong
asa-asa alungkeun we. Keun wae tong jadi pikiran, naha
aya nu resepeun atawa heunteu. Saenyana tulisan kang
Eddy seueur nu nganti-nganti, kaasup kuring. Ngan
kulantaran rada hese mairanana, tacan kaudag ku
kuring, nya noong we heula. Tulisan kang Eddy oge Kang
Engkus Ruswana, kaasup nu sok didago-dago ku kuring. 

Hiji conto, yen upama taya nu mairan, lain hartina
taya nu resep, kaalaman ku kuring. Ampir tiap bulan
kuring posting eusi KOROPAK, arang langka aya nu
mairan. Tapi kuring bisa noong tapak lacak di KOROPAK,
tetela geuning seueur peminatna. Geura toong, grafik
respon tatamu koropak nu paling ahir, dua tilu poe
kaliwat. Geuning tatamuna ngalonjak tiap edisi.

salam,
mh

=====
Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke