Saleresna mah seueur prestasi mahasiswa Indonesia di luar negeri, upami teu
lepat kantos diposting prestasi urang Indonesia di luar negeri, aya anu janten
direktur, professor, dosen, pamimpin proyek penelitian di Antartika, sareng
seueur deui... ngan prestasina tara diaku atanapi didukung ku pamerentah urang.
Kumaha di Indonesia? Teu weleh unggal taun LIPI ngayakeun lomba penelitian
tingkat SMA (Lomba Karya Ilmiah Remaja, LKIR). Kumaha hasilna? tiap taun
pesertana naek teras. Tapi sabaraha persen atuh peserta LKIR tina jumlah total
siswa SMU di Indonesia?...
Buku anu nuju dipidamel teh hoyongna mah tiasa kanggo panunjang buku
wajib/paket anu aya di sakola. Eusi (content) buku anu disusun mugi tiasa
ngadukung kurikulum anu aya (didieu simkuring perluna aya co-author anu terang
kana kurikulum 2004) ngan basana basa gaul sareng ditambihan ku elmu anu up-to
date. Janten buku tiasa dianggo ku siswa sareng guru sakalian.
Anu katingali ku simkuring ayeuna mah, siswa teh ngan dijejelan ku ukur hiji
buku paket wungkul kanggo hiji (taun) mata pelajaran, janten siswa teu tiasa
ngembangkeun atanapi ngabandingkeun topik anu sami (relevan) tina buku anu
sanes. Tos hiji teh hiji wae.
Diharepkeun yen buku anu disusun tiasa masihan alternatip kana metoda
pangajaran dina teori sareng praktikum anu sederhana anu aya patali sareng
kahirupan sapopoe. Guru ngan janten fasilitator, siswa janten subyek. Siswa
kedah aktif sareng kritis ngadugikeun ide-idena, milarian solusi kana masalah
anu keur diguar, sareng nentukeun langkah-langkahna anu kedah dicandak.
Guru henteu janten deui pusat kagiatan, teu aya deui "talk and chalk", atanapi
siswa "come, sit, listen and quote". Guru kedah familiar kana teknologi
informasi, tiasa ngakses internet, akrab sareng elmu pangaweruh anu keur up-to
date, paham kana hubungan antara widangna studi sareng widang studi anu sanesna
sareng utamana mah tiasa nerapkeun kana kahirupan nyata sapopoe.
Kitu heula ti simkuring....
baktos ka sadayana
Yudhi
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Bade ngiring mairan yeuh ka Aa yudhi sareng kang
Kandar.
Aya prologna heula nya.
dina hiji pasamoan (kontes robot Indonesia), Dirjen
Dikti ngaraos prihatin ku prestasi anu dihontal para
mahasiswa Indonesia di luar negri, benteng sareng
prestasi siswa SMU anu ngengingkeun kajuaraan
olimpiade Elmu Alam tingkat internasional. Pokona mah
"membanggakan" lah prestasi siswa SMU Indonesia.
Tapi kanyataanana waktos ningali hasil ujian nasional
anu kalangkung, pan mani sakitu "anjlokna" anu teu
lulus. Tapi da kedah aya atuh "proyek mercusuar", nya
dikirim deui wae para siswa SMU ngiringan olimpiade
Fisika. Ceuk cenah mah optimistis bakal ngahontal 2
medali emas.
Naha ku jadi juara olimpiade di luar negeri, tiasa
ngadongkrak prestasi para siswa SMU di Indonesia?
Ari ceuk kuring mah, langkung sae upami urang
ngarojong kahoyong AA Yudhi, ngadamel buku IPTEK
kanggo siswa SMU di Indonesia, sareng ngadorong kang
Kandar sinalangkung soson-soson deui ngeusian
wikipedia. Nya kitu oge ka baraya sadaya bilih bade
aya usul kumaha tah sangkan para siswa SMU di urang
teh nambih pangaweruhna, anu utami mah kanggo nambih
wawasan.
Urang "gerilya" wae lah, kumaha ide-ide ieu tiasa
ditampi ku para pangagung di diknas tingkat pusat
sareng tingkat Propinsi.
baktos,
mrachmatrawyani
--- Aa Yudhi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> hebat yeuh Kang Kandar, kuncen Wikipedia Basa
> Sunda... hoyong oge nambihan ku artikel
> bioteknologi, immunologi atanapi virologi, ngan
> hanjakal basa sundana simkuring mah basa sunda gaul
> bisana... simkuring oge nuju ngadamel buku IPTEK
> kanggo siswa SMP/SMA... sugan aya panilik (?) anu
> tiasa diajak damel babarengan? pedah ningali
> buku-buku di dieu, eusina teh up-to date sareng
> teknologi ayeuna...
____________________________________________________
Sell on Yahoo! Auctions no fees. Bid on great items.
http://auctions.yahoo.com/
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
---------------------------------
YAHOO! GROUPS LINKS
Visit your group "kisunda" on the web.
To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
---------------------------------
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/