Hatur nuhun kang Mj seratanana, janten kusnet teh aya sihungannnya..!, alhamdulilah ari kitu mah, mangga kasadaya baraya geura barantuan gawe anu manfaat keur urang sunda sadaya. Sabenerna si kuring oge hayang mantuan, mung kumaha carana..? ieu didieu buku tilas2 barudak sakola lumayan sarae keneh, naha dipaketkeun kitu atanapi kumaha..? kanggo anu peryogi !...kitu kang Mj...
Teteh tea tienka On Mon, 4 Jul 2005 11:56:04 +0700 (WIT) "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Evaluasi Kagiatan KUSnet di KBS cap Danas > > Haturan dulur bin baraya nu mikacinta istri/caroge atawa >kabogoh > masing-masing, dimana bae ayana. > > Ceuk wartawan PR, Rahim redaksi rubrik Khasanah PR nu >ngaganti Soni Farid > Maulana- kontingen KUSnet teh minangka bentang lapangan >Kongres Basa Sunda > VIII Subang. Malah oge disebut penyelamat muka KBS VIII. >Pangna kitu, > cenah pedah jejer nu dipidangkeun ku nu sejen pastina >diasongkeun ku > panitia-estuning eta keneh eta keneh alias teu beda ti >Kongres samemehna. > Ironisna, Prof. Ayatrohaedi mah cenah, make makalah nu >dipake pikeun KBS > VII Garut , 2000. Paingan we atuh lanceukna, Ajip Rosidi >embungeun di > undang KBS teh. > > Ke nyelang heula: > Kritik uing ka Ajip Rosidi. Alusna mah ulah embung, tapi >milu jeung ngajak > nyieun parobahan. Piraku teu narurut, sasat lolobana >mah, dina soal umur > jeung jam ngapung, euweuh nu siga Ajip Rosidi nu geus >jadi tokoh budaya > nasional RIT. Katokohan Ajip ku Kompas dibukukeun bareng >jeung nu sejen > dina seri buku tokoh seni dan profesional, >Pribadi-pribadi Pembuka > Cakrawala. (Penerbit Kompas, 2000). Malah pangheulana, >da hurup hareup > (inisialna) A. Tapi keun we ketang, sawareh memang geus >jadi watek US, > jaradi manuk dadali. Ngapung sorangan-sorangan. Sukurna >teh Ajip salian ti > boga parahu pikeun ngawadahan pikiranana (pamedal >Pustaka Jaya jeung > Kiblat Buku Utama oge majalah Cupumanik) geus boga >gaganti atawa panerus, > sanajan tangtuna teu mirip atawa teu persis, Hawe >Setiawan tea nu ayeuna > jadi pemred Cupumanik. > > Balik deui ka jejer uing nulis: > Teu nyangka karuh oge dukungan pikeun naon nu >dipidangkeun KUSnet di KBS > cap Danas eta. Tapi meureun kitu soteh bakat ku bakatul, >eh salah, bakat > ku sono kanu anyar, nu ugetna beda tapi keukeuh gaya. >jadi waktu KUSnet > midang, nya da anyar jeung wandana lain, jadi matak >helox. > > Basa keur ngobrol soal progam pabukon, si Ua Sas pesen >teu kudu aya > upacara siga program pamarentah urang mah. Cukup ku >meuli buku, kardusan, > kirim. Hehe. Nya kabayang program pamarentah, aya >upacarana, aya serah > terima, jeung sajabana nu seremonial. Lain ngagogoreng >pamarentah ieu mah, > da ti baheula oge pamarentah mah goreng. Hahaha. > > Maksud uing nulis teh, ngajak terus kanu keur >ngeureuyeuh nyieun naon nu > bisa jeung kaburu. Ngajak kanu acan bisa sing bisa, kanu >can kaburu, nya > rada sing kaburu. Tapi da balik deui ka diri >masing-masing, da daekna make > ukuran rela ikhlas jeung kudu bari sugema (basa uing >dipangulinan mah, > kudu bari riang gembira). Ku milu gabung di KUSnet atawa >Ki Sunda duanana > susundaan di internet oge- geus mending. Terus-terang, >basa kang Soni Rosa > keur di Bali keneh, si eta remen nelpon uing di Bandung. >Teu sieun pulsa > mahal, da ti kantorna. Hehe. Enya, soal program naon bae >nu bisa dijieun > KUSnet. Si kuring rumasa sok ngukurna teh ka diri >sorangan, asa teu > walakaya mun loba nu kudu disanghareupan bari rada >sorangan mah-da puguh > boga dapur nu kudu dikebulan. > > Lalampahan kang Soni > Hiji mangsa, kang Soni Wanara ngulampreng ka Bandung. >Kabeneran di Bandung > aya Forum Musyawarah Masyarakat Sunda (Formas) nu harita >keur baluweung > soal cagub gaganti Nuriana. Malah kabejakeun calon ti >PDI-P teh Rudi Harsa > Tanaya, ketua PDI-P Bogor terus PDI-P Jabar. Riuangan >Formas gigireun > kantor kang Oman Manar, komplek tukang geol tea, >Geologi. Si Kang Soni > ngacung, Cing atuh mun aya nanaon teh ajakan >KUSnet,pokna. Edun jeung > wanian. Dasar urang Bojong (di dinya teh aya situs >Karang Kamulyan, > karajaan Galuh). Nu kailo ku uing harita kieu, Tuh da >si eta mah, nyarita > kitu, isuk ge mulang ka Bali. Tinggal uing jeung nu >sejen di Bandung nu > katempuhan > > Sukur pisan kang Soni pindah ka Bandung. Keur di Bali >keneh, kang Soni > kungsi nyieun game nu bahana tina carita novel munggaran >uing, Louisiana > Louisiana tea (kanu resep novel, teu acan gaduh, kaci >pesen, japri :p. > Tapi harita mah bingung, da novel dewasa, gamean pikeun >budak. Geus di > Bandung, kang Soni nyieun game Wanara Kumincir tea. >Munggaran > dipresentasikeun di kongress di Cupumanik kamari tea. >Game nu make Basa > jeung musik Sunda. Sanajan dina katerangan hadist palsu >mah nu kumincir > teh sabangsaning ucing, tapi kaci lah pikeun kang Soni >mah. Sihoreng Kang > Soni pisan nu boga sikep hade nu uing era da can bisa. >Kang Soni nyarita > ka dirina, Naon nu uing bisa pikeun miluan ngamajukeun >Sunda. Meureun > kitu jeung kitu we pikiran kang Soni Rosa di Bali. >Paingan remen nelpon ka > Bandung. > > KUSnet ayeuna geus kabaca baraya utamana LBSS jeung >kumna nu boga makalah > KBS jeung nu maca Khasanah PR. sanajan aya katengeunah, >sabab makalah > atawa pidangan KUSnet jadi semu ngaleutikeun >batur/makalah batur nu > pastina papada diniatan hade pikeun ngahurip hirupkeun >basa & budaya > Sunda. tapi eta mah lain niat urang, cara wartawan we >nulisna kitu. nya > meureun bakat ku hayang aya nu anyar dina kongres teh. > > Lengkah/rencana kahareup > KUSnet tetep saperti ayeuna, ngobrol/ngabako sagala >rupa. sabab sagala > rupa eta teh ngawakilan kumaha urang salaku US. >eunteung. > > Baraya nu keur ngeureuyeuh barangjieun nu patali jeung >kasundaan, mangga > lajengkeun-mudah-mudahan dulur nu mantuan-nambah. > > kuring keur nyicil balanja buku sakaburuna pikeun >pabukon di hiji tepat di > Garut pesenan teh Lies Parish. ke dicandak teh Lies ari >mulang ka bdg, > pertengahan Juli ieu asana. > > Soal beasiswa, ayeuna usum kenaikan kelas. asup sakola >(target barudak > SD). ke urang neangan beja, bener henteu SD haratis? mun >henteu nya urang > tuluykeun program Beasiswa pangmayarkeun SPP satauneun >barudak SD nu > kolotna teu mampu tea. > > 7 Agustus 2005 aya sunatan masal di Singaparna, sanaos >ieu hajat yayasan > Annisa teh Lies, KUSnet milu reueus sabab aya deui >baraya nu icikibung > mantuan baraya, sabisa-bisa > > Radio Antassalam rek mere acara pikeun KUSnet, maturan >acara Bandrek > Bandung. poho tah tadi peuting pendak si Ua Sas teu >ditalek. ongkoh rada > buru-buru, si Ua-na diantosan warga rapat tujuhbelasan. >mangga we si Ua nu > salse...hehe > > nyitak buku katilu. eusina mah nya serelek urang we >deui. dipilihan nu > munelna. mudah-mudahan taun ieu kaburu. > > kuring percaya, mun unggal seke seler bangsa maju, ieu >nagreg maju oge. > > ka sing saha nu bade ngeritik, mangga dihaturanan. tapi >wayahna, kedah > sakalian jeung solusina. > > sakitu nu kapihatur > nuhun > > mj > > http://geocities.com/mangjamal > [EMAIL PROTECTED] > > > > > PENTING..! > > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada >seluruh member. > > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan >dikenai sanksi berupa pencabutan membership. > > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, >dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. > > Yahoo! Groups Links > > > > > > ======================================================================================== Dapatkan kemudahan layanan Mobile Email dari VENTUS untuk Personal, VENTUS Easy. Klik http://easy.ventusmobile.com ======================================================================================== PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
