Kidung Sunda nyaéta hiji karya sastra dina basa Jawa Tengahan dina wanda 
dangding (wawacan?) nu sigana asalna ti Bali. Dangding ieu nyaritakeun 
kajadian Perang Bubat nu dimimitian ku Prabu Hayam Wuruk ti Majapahit nu 
keur néang pigarwaeun. Lajeng anjeunna miharep putri karajaan Sunda (dina 
naskah ieu teu disebutkeun ngaranna), ngan kahayang ieu bantrok jeung 
kapengkuhan patih Gajah Mada nu nganggap urang Sunda kudu nurut kana 
kahayang Majapahit. Balukarna, di palabuan Bubat (tempat balabuhna rombongan 
ti Sunda) lumangsung perang campuh bébéakan nepi ka ampir sadaya rombongan 
Sunda gugur, kaasup putri Sunda nu nelasan manéh.

Vérsi Kidung Sunda
Prof Dr. C.C. Berg, ahli Walanda, manggihan aya sababaraha vérsi Kidung 
Sunda, di antarana (nu kungsi medal ti anjeunna) nyaéta
1. Kidung Sunda
2. Kidung Sundayana (Lalampahan (urang) Sunda)

Kidung Sunda eusina leuwih panjang batan Kidung Sundayana, jaba ajén 
kasusastranana leuwih luhung batan Kidung Sundayana.

Tingkesan
Di handap ieu didadarkeun tingkesan eusi Kidung Sunda, dibagi dumasar 
babagian pupuhna.

Pupuh I
Hayam Wuruk, raja Majapahit hayang nyiar pibojoeun. Lajeng anjeunna 
ngirimkeun utusan ka sakuliah Nusantara pikeun néangan putri nu cocog. Para 
utusan mulang bari marawa lukisan para putri ti rupa-rupa nagara, ngan taya 
nu bisa ngirut atina. Lajeng Hayam Wuruk ngadéngé béja kegeulisan putri 
Sunda, geuwat baé anjeunna ngirim juru lukis ka Sunda. Nalika juru lukis 
balik deui bari mawa lukisan putri Sunda, kabeneran harita keur aya pamanna 
raja Kahuripan jeung Daha nu miharep sangkan Hayam Wuruk geura meunang jodo. 
Hayam Wuruk nu kataji ku lukisan putri Sunda, lajeng anjeunna ngutus mantri 
Madhu pikeun ngalamar ka karajaan Sunda.

Madhu nepi ka tatar Sunda sanggeus lalayaran salila genep poé, terus baé 
nepungan raja Sunda. Raja Sunda gumbira nampa lamaran ti raja Majapahit nu 
kawentar ieu, sedengkeun Putri Sundana pribadi teu loba catur.

Madhu mulang ka Majapahit bari mawa surat balesan ti raja Sunda sarta 
ngibérkeun rék datangna rombongan ti Sunda. Teu lila ti harita rombongan 
karajaan Sunda angkat diiring ku rombongan nu loba pisan: dua réwu kapal 
(kaasup kapal laleutik). Kapal nu dianggo ku kulawarga raja Sunda nyaéta 
"kapal jung Tatar (Mongol/Cina) nu ilahar dipaké satutasna perang Wijaya" 
(bait 1. 43a.). Ngan nalika naraék kapal, aranjeunna ningal kila-kila nu teu 
pihadéeun.

Majapahit sorangan sibuk nyiapkeun sambutan pikeun para tamu. Sapuluh poé ti 
harita, kapala désa Bubat ngalaporkeun geus datangna rombongan Sunda. Prabu 
Hayam Wuruk jeung paman-pamanna geus saged rék ngabagéakeun nu datang, tapi 
patih Gajah Mada teu panuju. Anjeunna keukeuh nyebutkeun yén Maharaja 
Majapahit teu pantes ngabagéakeun/nyambut raja nu statusna raja lokal 
(vazal) kawas raja Sunda, malah saha nu nyaho yén anjeunna téh musuh nu 
nyamar.

Mangka, nurutkeun pamanggih Gajah Mada, Prabu Hayam Wuruk teu jadi indit ka 
Bubat. Para abdi dalem karaton jeung pangagung séjénna kagét ngadéngé hal 
ieu, tapi maranéhna teu wani ngabantah.

Di Bubat, rombongan Sunda hawar-hawar geus ngadéngé iber ngeunaan kaayaan di 
Majapahit. Lajeng raja Sunda ngirimkeun utusan, patih Anepakén, indit ka 
Majapahit. Anjeunna angkat dibarengan ku tilu pangagung séjénna sarta tilu 
ratus prajurit, langsung ka palinggihan Gajah Mada. Di dinya patih Anepakén 
sasanggeman yén Raja Sunda rék mulang sarta nyangka yén Hayam Wuruk ingkar 
jangji. Aranjeunna paséa rongkah sabab Gajah Mada keukeuh mikahayang urang 
Sunda lumaku sakumaha patalukan Nusantara Majapahit. Di kapatihan éta ampir 
bantrok, ngan kaburu dipisah ku Smaranata, pandita karajaan Majapahit. 
Mangka utusan Sunda marulang deui kalawan ngémbarkeun yén kaputusan ahir 
raja Sunda bakal ditepikeun dina jangka dua poé.

Ngadangu émbaran ieu, raja Sunda teu sudi lumaku salaku patalukan. Lajeng 
anjeunna sasanggeman mutuskeun yén leuwih hadé gugur salaku satria. Demi 
méla kahormatan, leuwih hadé gugur batan hirup bari dihina urang Majapahit. 
Sadaya pangagung katut rombongan Sunda tumut kana kaputusan ieu sarta milu 
béla ka rajana.

Lajeng raja Sunda nepungan istri katut putrana, anjeunna nyaritakeun niatna 
lajeng miwarang kulawargana mulang, tapi aranjeunna nolak kalawan keukeuh 
rék ngabaturan rajana.

Pupuh II (Durma)
Dua pihak geus sariaga. Utusan Majapahit dikirim ka pakémahan Sunda kalawan 
mawa surat nu eusina pasaratan ti Majapahit. Pihak Sunda nolak kalawan ambek 
sahingga perang moal bisa dicegah deui.

Pasukan Majapahit disusun ku barisan prajurit biasa di hareup, terus 
tukangeunana para pangagung karaton, Gajah Mada, sarta Hayam Wuruk jeung dua 
pamanna pangtukangna.

Perang campuh lumangsung, ngabalukarkeun loba pisan prajurit Majapahit nu 
tiwas, tapi tungtungna ampir sadaya pasukan Sunda tiwas digempur bébéakan ku 
pasukan Majapahit. Anepakén tiwas ku Gajah Mada, sedengkeun raja Sunda tiwas 
ditelasan ku bésanna sorangan, raja Kahuripan jeung Daha. Hiji-hijina nu 
salamet nyaéta Pitar, perwira Sunda nu pura-pura tiwas di antara 
pasoléngkrahna mayit prajurit Sunda. Lajeng anjeunna nepungan ratu jeung 
putri Sunda. Aranjeunna kalintang ngarasa sedih, lajeng nelasan manéh, 
sedengkeun para istri perwira Sunda arangkat ka médan perang lajeng 
narelasan manéh hareupeun mayit para salakina.

Pupuh III (Sinom)
Prabu Hayam Wuruk ngarasa hariwang nempo perang ieu. Anjeunna lajeng angkat 
ka pakémahan putri Sunda, sarta mendakan putri Sunda geus tiwas. Prabu Hayam 
Wuruk kacida nalangsa ku hayangna ngahiji jeung putri Sunda ieu.

Satutasna ti éta, dilaksanakeun upacara pikeun ngadungakeun para arwah. Teu 
lila ti kajadian ieu, Hayam Wuruk mangkat ku rasa nalangsa nu kacida.

Sanggeus anjeunna dilebukeun sarta sadaya upacara geus réngsé, paman-pamanna 
ngayakeun sawala. Aranjeunna nyalahkeun Gajah Mada kana kajadian ieu, sarta 
mutuskeun rék néwak sarta nelasan Gajah Mada. Nalika aranjeunna datang ka 
kapatihan, Gajah Mada geus sadar yén wancina geus datang. Gajah Mada maké 
sagala upakara (kalengkepan) upacara lajeng milampah yoga samadi, sahingga 
anjeunna ngaleungit (moksa) ka (niskala).

Raja Kahuripan jeung Daha, nu sarupa jeung "Siwa jeung Buda", mulang ka 
nagarana séwang-séwangan, sabab mun cicing di Majapahit teu weléh 
kasuat-suat ku kajadian ieu.

Sumber
Sakabéh naskah Kidung Sunda nu dicaritakeun di dieu asalna ti Bali, tapi teu 
jéntré naha naskah ieu ditulis di Jawa atawa di Bali.

Lajeng pangarang naskah ieu can kanyahoan, kitu ogé mangsa ditulisna. Dina 
naskah ieu disebut-sebut ngeunaan bedil/mariem, tapi hal ieu teu bisa dipaké 
pikeun nangtukeun umur naskah, sabab urang Nusantara geus wanoh kana 
sarupaning bedil sahanteuna ti jaman datangna bangsa Portugis di Nusantara 
taun 1511. Malah sigana mah geus ti jaman saméméhna ti bangsa Cina, sabab 
nalika Portugis datang ka Maluku, maranéhna disambut ku témbakan kahormatan.

Sababaraha potongan téks
Di handap ieu aya sababaraha potong téks hasil alih aksara, dicutat tina 
buku C.C. Berg (1927).

Gajah Mada dicarékan ku utusan Sunda (bait 1.66b – 1.68a.)

 Ih angapa, Gajah Mada, agung wuwusmu i kami, ngong iki mangkw angaturana 
sira sang rajaputri, adulurana bakti, mangkana rakwa karěpmu, pada lan 
Nusantara dede Sunda iki, durung-durung ngong iki andap ring yuda.

 Abasa lali po kita nguni duk kita aněkani jurit, amrang pradesa ring 
gunung, ěnti ramening yuda, wong Sunda kagingsir, wong Jipang amburu, 
praptâpatih Sunda apulih, rusak wadwamu gingsir.

 Mantrimu kalih tinigas anama Lěs Beleteng angěmasi, bubar wadwamu malayu, 
anânibani jurang, amurug-murug rwi, lwir patining lutung, uwak setan pating 
burěngik, padâmalakw ing urip.

 Mangke agung kokohanmu, uwabmu lwir ntuting gasir, kaya purisya tinilar ing 
asu, mengkene kaharěpta, tan pracura juti, ndi sasana tinutmu gurwaning 
dustârusuh, dadi angapusi sang sadubudi, patitânêng niraya atmamu těmbe yen 
antu.

Alihbasa:

"Hé Gajah Mada, naon maksudna anjeun gedé bacot ka kami? Kami mah rék mawa 
Rajaputri, sedeng anjeun kalah miharep kami mawa upeti kawas ti Nusantara. 
Kami mah béda. Kami urang Sunda, can kungsi éléh perang.

Kawas nu poho baé sia baheula, nalika anjeung keur perang di wewengkon 
pagunungan. Perang campuh diuudag urang Jipang. Terus patih Sunda datang 
deui sahingga pasukan dia mundur.

Mantri sia nu dua nu ngaranna Les jeung Beleteng dikadék nepi ka paéh. 
Pasukan sia bubar jeung kalabur. Aya nu labuh ka jurang sarta ti kakarait 
kana cucuk rungkang. Maranéhna paéh kawas lutung, owa, jeung setan, 
lalumengis ménta hirup.

Ayeuna sia gedé sungut. Bau sungut sia kawas kasir, kawas tai anjing. Ayeuna 
kahayang sia teu sopan sarta hianat. Nuturkeun ajaran naon salian ti hayang 
jadi guru nu ngabohong jeung milampah rucah. Nipu jalma budi hadé. Mun paéh, 
roh sia bakal asup naraka!"

Rujukan
* C.C. Berg, 1927, 'Kidung Sunda. Inleiding, tekst, vertaling en 
aanteekeningen'. BKI 83: 1 – 161.
* C.C. Berg, 1928, Inleiding tot de studie van het Oud-Javaansch (Kidung 
Sundāyana). Soerakarta: De Bliksem.
* P.J. Zoetmulder, 1983, Kalangwan. Sastra Jawa Kuno Selayang Pandang. 
Jakarta: Djambatan. (hal. 528-532)

Tempo ogé
* Perang Bubat

Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Kidung_Sunda";

Kategori: Majapahit | Sunda | Naskah Nusantara


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke