Paralun, simkuring mah ukur pipilueun di Wikipedia teh, teu boga kawenangan 
nangtukeun naon-naon anu aya di Wikipedia. Kanggo jentrena, atuh urang cutat 
deui kasauran Jimmy Wales (nu "marajian" ieu proyek) ngeunaan Wikipedia, nu 
kurang leuwihna mah kieu:
 Wikipedia teh mangrupakeun hiji usaha rereongan pikeun nyusun & nyiptakeun 
hiji ensiklopedi bebas anu kualitasna sahanteuna nandingan Encyclopaedia 
Britannica, nu dibagikeun ka sakumna masarakat saalam dunya, dina basana 
sewang-sewangan...
 Upama ku urang rek diwatesan sangkan hususon Wikipedia Sunda mah ukur rek 
ngawengku sagala rupa NGEUNAAN SUNDA (lain sagala rupa DINA BASA SUNDA), 
atuh kacida lebarna. Sarua bae jeung rek ngeukeuhan kamus Sunda warisan 
jaman walanda, nu ukur ngawengku sagala rupa ngeunaan Sunda nu geus aya dina 
kabeungharan kecap mangsa harita. Ari kamajuan & kamekaranana mah geus bae 
tong dituturkeun... Kitu?
Miara basa Sunda teh sanes ukur ngeunaan ngajaga sangkan kekecapan dina 
widang pahumaan atawa tatanen kayaning nandur, gacong, jsb henteu leungit, 
tapi leuwih ti eta narekahan sangkan basa Sunda bisa mekar sahingga bisa 
nyaritakeun sagala rupa fenomena alam dunya katut perkembanganana. Kapan 
komputer ge aya jeung geus jadi cocooan urang Sunda? jadi, sagala rupa 
ngeunaan dunya komputer, hade pisan mun tina segi basa geus kacangking ku 
Sunda. Ari di Tatar Sunda tutuwuhan ngalaman fotosintesis teu? Pami 
ngalaman, atuh kacida hadena mun urang bisa ngadadarkeun ngeunaan 
fotosintesis dina basa Sunda. Conto, eta mah...
Atuh naon pangna Wikipedia edisi Sunda kiwari bet saeutik pisan nu 
ngadadarkeun ngeunaan kasundaan/kabudayaan Sunda? Numawi, ari Wikipedia mah 
ukur media & udagan, hasil henteuna mah gumantung ka nu haat ilubiung 
nyusun/nulis. Mun kamampuh nu ilubiungna kakara nepi ka anu, nya wayahna 
hasilna teh nya Wikipedia nu kualitas/kuantitasna semet anu. Upama urang 
Sunda nu jalembar elmu & garaduh luang waktu ngersakeun ngeuyeuban & 
nyampurnakeun ieu media, waduh, da sanes kanggo sasaha deui ieu teh... keur 
urang Sunda pisan! Matakan kuring ngawani2 maneh nulis di majalah cupumanik 
(& taya bosenna promosi di milis2 Sunda), taya lian hayang ngawanohkeun ieu 
lolongkrang ka masarakat Sunda, susuganan aya nu ngersakeun meakeun waktu 
pipilueun dina eta rohangan...
 jk


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke