***************************
Panuju pisan!!

Muhun, da sakedahna kitu...... nincakna kedah sahambalan-sahambalan
Pangdua bae ti kuring mah saheulaanan, hampura can bisa mantuan.... keur 
pakepuk!!! motongan kueh.... hehehhehe

prung ah,

-pun adi-
*****************************

On 7/11/05, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Baraya,
> Model anu diguar ku Kang Cepot jeung si kuring tadina mah rek diusulkeun
> sangakan prak dipigawe saba'da sakabeh bahan terjamahan basa Sunda pikeun
> Ngabakukeun Kekecepan Widang Internet (NKWI) rengse. Tapi, dina derna mah
> nya kumaha ngaguluyurna bae heula. Maksud teh, paralel bae antaran lengkah
> nyoba-nyoba narjamahkeun jeung ngabahas masing-masing hasil tarjamahan.
> Ieu lengkah anu geus disorang ku kang Cepot ceuk pipikiran memang lengkah
> anu sakuduna dilaksanakeun dina usaha NKWI. Upama diringkeskeun deui,
> lengkah anu perlu disorang dina raraga NKWI basa Sunda teh kira-kira 
> saperti
> kieu:
> 1) lengkah kahiji....sarupa jeung brainstorming pikeun narjamahkeun NKWI
> basa Sunda anu bisa dilakonan ku saha bae;
> 2) lengkah kadua: madungdengkeun hasil NKWI basa Sunda lengkah kahiji
> kalayan masing-masing miang tina akar paistilahanana (kaelmuan
> internet/komputer) jeung pangaweruh basa Sunda;
> 3) hasil lengkah kadua diteruskeun ku lengkah katilu: mawa draft sawatara
> NKWi (kumplit jeung kasang tukang kaelmuan internet/komputer) keur rujukan
> ka para ahli basa Sunda. Ku cara lengkah katilu ieu ipiharep urang bisa
> manggihan istilah anu pas, nyastra, singket, jsb ti para ahli basa + 
> budaya
> Sunda;
> 4) lengkah ka opat: ngarumuskeun deui hasil-hasil tina lengkah katilu
> 5) netepkeun NKWI basa Sunda kalayan engkena diasongkeun ka forum dines
> saperti KBS.
> Naon anu dipadungdengkeun ku si kuring jeung Kang Cepot sigana aya dina
> tataran lengkah kadua anu masih pacorok jeung lengkah kahiji (muga ulah
> matak mugen anu keur nyorang lengkah kahiji). Anapon lengkah anu disorang 
> ku
> sorangan dina lengkah kahiji - muga aya manfaatna - nyaeta kieu:
> a) ngilikan kamus basa inggris - indonesia pikeun mikawanoh sababaraha
> alternatif harti pasitilahan anu keur ditarjamahkeun;
> b) ngilikan tarjamahanan dina basa Indonesia;
> c) malikeun deui tarjamahan basa Indonesia kana Inggrisna;
> d) ngalarapkeun sababaraha alternatif tarjamahan jeung maksud asli 
> pigunaan
> istilah dina kaelmuan internet/komputer
> e) nangtukeun kacindekan keur tarjamahana NKWI sawatara;
> Rupina sakitu heula.
> baktos,
> manAR
> 
> --------------- teuk teuk ----------------
> 



-- 
***********************
Bilih kagungan waktos, hayu urang ngeureuyeuh Poesaka Soenda tea.
Ramatlokana di dieu http://groups.yahoo.com/group/POESAKA_SOENDA/
Sejana ilubiung kintun bae ka [EMAIL PROTECTED]
************************


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke