From: kumincir <[EMAIL PROTECTED]>
Date: Sun Jul 10, 2005 12:43 pm
Subject: Re: [kisunda] haiku ku basa Sunda i_dnan
Offline
Send Email
dagang surabi
di parapatan Guntur
payu pisan, euy!
jk
===================
Tah anu diluhur nu diposting ku "kumincir" ( budak nu aya kuminciran
mah biasana teh budak bangor, mun ceuk basa batur mah "kepala batu"
tapi anehna teh eusina eta "kepala batu" utekna encer pisan.)
Merenah pisan.
Jadi versi Jepang 3-5-3 teh saleresna mah kenging disebat "sajak
pendek tiga baris". Baris ka hiji 3 "suku kata", baris kadua "suku
kata", baris katilu tilu "suku kata".( naon basa Sundana,nya ?)
Kumargi pararondok, nya versi bahasa Inggris digentso " 5-7-5.
Mung disebat "haiku" teh kumargi eusina teh ngan seseratan kaayaan
alam. Atanapi "suatu saat" anu "menarik perhatian dan langka", soal
kaayaan alam.
Master Haiku urang Jepang Basho-san, nyerat kieu:
di leuwi
bangkong rek luncat
kecepluk
========
Nya ayeuna kumaha urang nga-"interpretasi" seseratan Basho-san ieu.
Dina basa nasional, langkunggampil. Malah mah "hiku" versi Indonesia,
tiasa nganggo patoka 3-5-3 atanapi 5-7-5 jeung "berima " deuih.
Bunga teratai
Mengambang dengan santai
Alam yang damai
Tah mung sakieu wae naon haiku teh.
Leres patokanna mani "ketat", tapi upami dicobian nyerat teu ngaraos
hese pedah patokana, kana "imajanisai" urang. Malah mah sabalikna.
Kauntungan jang urang sorangan naon?
Nya ku merhatikeun alam sakuriling urang, sami wae sareng urang
olohok ku saena, presisna boh warna, boh ukuran naon wae nu katingali.
Tangtuna ge aya nu nyipta ieu teh. Lain aya nu nyipta wae, tapi nu
nyiptana teh pinterna luar biasa. Ya saha duei mun teu Anjeuna.
Jadi urang eling salawasna yen Anjeuna teh aya dimana wae mun urang
ngalieuk, ka katuhu, ka kenca,ka luhur atawa ka handapeun dampal suku.
Wassalam,
Abah Joe
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/