Hatur nuhun kang tirta, kersa ngapresiasi sajak kuring na mangle. Saleresna mah udagan panyajak kana eusi karya didadasaran ku pangalaman empirikna, tah sadugina ka apresiator mah, tiasa multi tafsir, gumantung kana pangalaman apresiator sareng kamampuan apresiasina.
Mung pami nyandarkeun kana teori sastra, aya sababaraha pendekatan kanggo ngapresiasi, diantawisna: pendekatan subjektif, pendekatan objektif, pendekatan historis, pendekatan moral, pendekatan sosiologi, pendekatan stilistika, pendekatan semiotok, jrrd., nu biasana sok digugulung ku nu nyarusun skripsi mahasiswa fak sastra. Aya jalan norobos, nyatana pendekatan intuitif. intusi urang nu jadi tutorna. cara urang ka toko, heg milih kaos oblong pesereun, pan pipilih warna jeung gambar kaosna. pan tara nyandarkeun pilihan kana naon hartina gambar jeung warna eta, tapi intuisi urang nu jadi tutor kanggo milih hiji baju nu cop jeung hate. Tah perkawis sajak kuring, mangga wae diapresiasi, pami tiasa mah, postingkeun hasil apresiasi ti akang, manawi tiasa dipadungdengkeun di ieu milis. ___________________________________________________________________ Sarabunis Mubarok www.sarabunis.cjb.net ----- Original Message ----- From: "Tirta widjaja" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Friday, July 01, 2005 11:40 AM Subject: Re: [kisunda] LICINAN ARENG Kang tos maca sajakna di Mangle nu enggal. Punten pang masihankeun "kisi-kisi", enyaan lebeng can katangkep eusina. Tirta (keur diajar maca & ngarti eusi sajak) PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
