Ceuk kuring ieumah;
kusabab otonomi nu teu pararuguh nu ngalantarankeun
sistem pendidikan pakepuk siga kieu.
Pusat Kurikulum(puskur), teras Pusbuk (Pusat buku)
teras Depdiknas pacoro kokod; masing-masing gaduh
kapentingan sewang-sewangan.

Mung aya positifnya; jaman baheula moal aya nu namina
kepala sekolah sakola dasar nganggo kandaraan kijang
kapsul ka sakolana (sumuhun da kapungkurmah teu acan
aya kijang, aya oge sekuter, suku muter). Tapi
keheulaanan; pangaos kijang kapsul teh upami ayeuna
langkung awis ti mobil merci babybenz.
Teu percanten? Taroskeun ka deler nu caket!.

Aeh...aeh  naha jadi ngacapruk punten... emosional
he..he.

mz

 --- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Urang teraskeun lalampahan jeung lalakon ieu jejer
> saterusna:
>  Aya sababaraha fakta/kajadian dina panarimaan siswa
> smp-smp di sman-sman di 
> kota Bandung ayeuna-ayeuna ieu anu pikamelangeun.
> Ieu fakta atawa kajadian 
> teh balukar tina sababaraha hal anu kembangna geus
> disebutkeun dina jejer 
> ieu bagian (1):
> a) kusabab aya bebedaan sistem atikan antaran KBK
> jeung non KBK. ]
> b) Anu kadua, kulantaran dina nganilai hasil atikan
> (kaasup hasil ujian) 
> jeung cara panarimaan siswa di SMAN-SMAN di Kota
> Bandung disaruakeun antara 
> siswa SMPN KBK (smpn 2 jeung smpn 13) jeung non KBK
> oge heunteu dibedakeun 
> (heunteu aya test khusus) antara siswa smpn-smpn
> asal Kota Bandung jeung 
> luar Kota Bandung. 
>  Dina nitenan kanyataan anu rek ditepikeun di handap
> ieu, aya hadena diinget 
> deui syarat nilai akhir asup ka sman-sman anu larap
> di sakuliah Indonesia 
> danget ieu. Ieu syarat teh nyaeta kieu: nilai ujian
> akhir (NUA) pikeun 
> ditarima di sman tujuan diitung tina 80% nilai ujian
> nasional (UAN) + 20% 
> nilai ujian sakola (lokal atawa UAS). Anu dujikeun
> dina UAN nyaeta 3 
> pangajaran (B. Indonesia, Matematika, jeung B.
> Inggris). Anapon anu 
> diujikeun dina UAS aya 4 pangajaran (PPKN, IPA
> (biologi jeung fisika), Agama 
> jeung IPS). Kukituna, NUA max anu mungkin kahontal
> ku siswa smpn teh nyaeta 
> 32.
>  Fakta atawa kajadian anu dimaksud teh nyaeta kieu:
>  1) Passing grade asup ka sman-sman jadi ngaronjat
> pisan, anu matak 
> pikaheraneun jeung nimbulkeun paciweuh nalika waktu
> daftar lulusan smp di 
> Kota Bandung anu samporet (praktisna ukur 5 poe).
> Pikeun gambaran, upamana 
> bae nyokot sababarah sman salaku standar, ieu fakta
> teh bisa digambarkeun 
> sperti kieu:
> a). Passing grade asup ka sman 3 upamana,
> panghandapna (NUAmin) 29.5. Anu 
> dumasar rumusan itungan NUA di luhur ieu teh hartina
> budak smp kudu boga 
> nilai ujian akhir anu 7 pangajaran teh rata-rata
> 9,2. Komentar si kuring: 
> hebat, lamun enya murid anu katarima di sman 3
> Bandung panghandapna boga 
> rata-rata NUA tin pangajaran anu 7 (Matematika, IPA,
> IPS, Agama, B. 
> Indonesia, PPKN jeung B. Inggris) teh gedena 9,2.
> Siga kumaha engkena ieu 
> sman 3, ruar biasa.
>  b) Murid-murid lulusan smp jeung kolotna tangtuna
> dina daftar ka sman teh 
> nyoko kana passing grade taun samemehna, kulantaran
> sakumaha dina "butir" a) 
> jeung b) di luhur, loba siswa anu kabelejog, dumasar
> kana hasil UAN-na 
> disangka bisa katarima di sman tujuanana (anu
> mimiti), tapi kanyataanana 
> heunteu kitu, alias loba anu kasered (heunteu
> katarima di sman tujuanana anu 
> mimiti);
>  c) balukar tina kaayaan 1) b), loba anu nyabut
> pendaftaran lantaran teu 
> katarima. Antukna sesa waktu penaftaran anu ngan
> sapoe (poe saptu anu 
> kaliwat) ngabalukarkeun pahibut jeung paciweuhna
> daftar ka sman-sman anu 
> dibalitungkeun baris nampa UAN-na (baris katarima).
> Kaaayan nyabut 
> pendaftaran di smpn asal jeung dafta anu kadua di
> sman-sman tujuan anu anyar 
> badis bae di pasar: pabaliut jeung henteu tartib.
> Pamustunganana, pikeun anu 
> henteu rajin ngamonitor mah loba anu lapur, teu
> katarima pisan di sman-sman 
> anu jadi tujuanana, boh di sman piliha kahiji atawa
> kadua (utamana anu 
> NUA-na pas-pasan). Hal ieu teh kulantaran passing
> grade anu nyered.
>  2) Sababarah sman favorit, atawa ranking luhur
> (sebut bae di Kota Bandung 
> mah 8 sman, nyaeta: sman 3, sman 8, sman 5, sman 2,
> sman 4, sman 20, sman 1 
> jeung sman 24) dipinuhan ku siswa-siswa smp ti lujar
> kota Bandung atawa ti 
> Kota Bandung keneh ngan loba anu asalna lain ti
> smp-smp favorit, komo asal 
> smpn anu geus ngalaksanakeun KBK mah misleuk pisan;
>  3) "Prestasi" siswa smpn KBK, khususna smpn 2
> Bandung anu jawara kadua 
> sajawa barat (dina prestasi akademik) disawang tina
> anu katarima di 8 
> sman-sman rangking luhur sakumaha dina 2) diluhur ku
> matak helok. Upamana 
> bae keur gambaran: siswa smpn 2 anu katarima di sman
> 3 teh dina taun ieu 
> (kacindekan sawatara0 ukur 14 siswa. Padahal
> taun-taun samemehna tara kurang 
> ti 60 siswa smpn 2 anu katarima di sman 3. Kecap
> prestasi ngahaja make tanda 
> " " sabab NUA teh apan dinilai kalawan henteu adil
> tea (jumlah soal ujian 
> leuwih saeutik, henteu dilarapkeun sistem nganilai
> ujian cara KBK bari jeung 
> hasil UAN-na nalika dipake asup ka sman-sman
> disaruakeun jeung siswa anu non 
> KBK boh ti Kota Bandung atawa luar Kota Bandung;
>  Kulantaran kajadian jeung aturan-aturan, boh sistem
> atikan, ujian, cara 
> nganilai hasil ujian, jeung cara panarimaan siswa
> lulusan smp-smp, sakumaha 
> disebut di luhur, nya siswa smpn 2 jeung kolotna
> ngayakeun demo sakumaha anu 
> ges ditepikeun dina jejer ieu bagean kahiji.
>  Fakta sejenna anu siga tamiang meulit ka bitis
> pikeun lembaga smpn 2: Taun 
> ieu loba barudak lulusan SD anu nyabut pendaftaran
> ka smpn 2 bari tuluy 
> dipindahkeun ka smpn sejenna anu henteu ngalarapkeun
> sistem atikan KBK 
> (umumna, prestasi ieu smp-smp teh - upama ditilik
> tina siswa lulusanana anu 
> katarima di sman-sman ranking luhur - alus alias
> seueur anu katarima). 
> Munasabah kitu na mah, da pamustunganana masyarakat
> mah praktis bae: keur 
> naon nyakolakeun budak di smpn KBK ari hasilna
> nguciwakeun mah.
>  Kumaha nasib siswa jeung smpn anu ngalarapkeun
> sistem atikan KBK saterusna? 
> Mangga nyanggakeun.
>  baktos,
> manAR
>   On 7/12/05, roisz <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
> > 
> > heug bener atuh ari kitu mah semboyan ieu teh kang
> > 
> > "Orang Miskin Dilarang Sekolah"
> > "Orang Miskin Dilarang Sakit"
> > 
> > da sakola jeung rumah sakit teh hargana salangit.
> > asa nyeri hate waktos ninggal iklan rokok
> sampoerna e-mail, dimana tokohna 
> > iklanna mawa duit sakantong tuluy eta duit
> diasupkeun kana mesin nu eusina 
> > Toga. naha ari di luar nagri mah sakola teh pada
> haratis. di urang mah 
> > pegadaian nepi ka pinuh unggal tahun ajaran anyar
> teh.
> > 
> > matak teu eureun2 ieu hate ngucapkeun Syukur kanu
> kawasa, ngabogaan kolot 
> > nu teu mibanda tapi ngusahakeun bisa nyakolakeun
> dugi ka tingkat universitas 
> > mesing can lulus-lulus ge. hatur nuhun miwah bapa
> tur ema.
> > 
> > On 7/12/05, Waluya <[EMAIL PROTECTED] >
> wrote: 
> > > 
> > > Hehehe.....nyaeta atuh Kang Oman, matak lieur
> nyakolakuen bodak
> > > jaman ayeuna mah. Kuring oge keur leneng ieu
> teh, si Cikal kakara 
> > > lulus SMU. Pangangguran testing USM ITB (jalur
> khusus) nu mayarna
> > > mahal. Sina ngilu teh itung-itung latihan we, da
> teu kuat ari
> > > kudu mayar Rp. 45 juta mah. Ari pek teh lulus,
> ditarima. Kuring
> > > jadi bingung, da rumorna cenah lamun teu
> diasupan, bakal 
> > > diblack-list ku ITB, percuma ngiring SPMB oge.
> Tapi kulantaran
> > > kuring henteu boga duit saloba kitu, nya budak
> teh tetep we sina
> > > ngilu deui testing make jalur biasa (SPMB), keun
> we kumaha engke
> > > lulus henteuna mah, aya cadangan sakolana
> pangulinan MJ ......... 
> > > 
> > > Baktos,
> > > WALUYA
> > > 
> > 
> > --Roisz Tea
> > Mugia Urang Balarea Aya Dina
> > Ginulur Karahayuan Ginanjar Kawilujeungan 
> > Nu Dirahmatan Ku Gusti Nu Maha Suci 
> > 
> > Komunitas Urang Sunda -->
>
http://www.Urang-Sunda.or.id<http://www.urang-sunda.or.id/>
> 
=== message truncated ===


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke