Sagala kajahatan ari terorganisir mah sok tiasa
ngelehkeun bebeneran (siga kasus KPU), jalma bener
asup ka hiji sistem anu teu baleg, jadi ngilu teu
baleg. SCAAB hiji conto deui aya sistem kajahatan anu
terorganisir, pikeun ngarusak mental jeung akhlak
nonoman ngora. Biasana kajahatan siga kieu teh sok aya
pakaitna jeung kajahatan sejenna, kayaning ngaroko,
tina ngaroko terus ka minuman keras, terus ka judi
terus ka narkoba, tina narkoba terus ka "ngajual
nagara".

Jalan kaluarna, nya kudu disanghareupan kalayan
terorganisir oge, ku sagala cara. Meungpeung ayeuna
KAPOLRI na "rada baleg", sok atuh urang tarekahan
kumaha wae ngelingan aparat jeung birokrat, aya bahaya
SCAAB jsb.
Sok sanajan dilelewe ngalanggar HAM, naon anu
dilakukeun ku FPI anyar-anyar ieu di Bandung, ceuk
kuring mah hiji upaya "terapi-sok" pikeun jalma anu 
ngulibek dina sistem kajahatan di luhur.


baktos,

mrachmatrawyani


--- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Baraya,
>  Warta ngeunaan "selimut cinta ala abg Bandung"
> (scaab) dina koran Pos Kota 
> anu diposting ku Kang Ganjar kamari ieu, nguatkeun
> beja ti babaturan poe 
> saptu kamari ngeunaan mahabuna gaya hirup "american
> style" di rengrengan 
> rumaja di Kota Bandung. Aya untungna oge boga
> babaturan anu sok gaul (bari 
> jeung teu kudu kabawa palid) di lingkungan kahirupan
> dugem (dunia gemerlap) 
> Kota Bandung teh, eta mindeng meunang laporan atawa
> reportase haratisan 
> sabudeureun kahirupan rumaja di Kota Bandung anu
> lolobana mah geus sakitu 
> pikamelangeunana.



                
____________________________________________________
Start your day with Yahoo! - make it your home page 
http://www.yahoo.com/r/hs 
 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke