Haturan kasadayana,
Kuring pernah ka baduy taun 1997, anapon wewengkon nu di didongkapan nyaeta
Ciboleger, Cikartawarna, Cibeo, 2 wewengkon nu disebat terakhir mah eta tos
kalebet wilayah baduy jero, sementawis nu kahiji kaasup baduy luar, harita
kungsi meuting (sare) di wewengkon baduy jero di rorompokna ki jaro. Jaro
teh hiji istilah keur pamingpin baduy, mun di wewengkon sejen mah kira-kira
lurah, jabatan pangluhurna diaranan "puun".
Urang Baduy teh ramah pisan, mung upami urang sunda ti priangan, bakalan
kaget ningali basana, margina basana kasar pisan, sapertos awewe di baduy
mah disebat bikang. Harita kuring ngobrol sareng ki jaro lila pisan dugi ka
tabuh 12 wengi, loba wae nu dibahas ngenaan sagala rupana, diantawisna
ngenaan sajarah baduy, ceuk ki jaro baduy mah geus aya tidituna (maksudna
geus misahkeun ti nu sejen) samemeh islam asup ka wilayah Indonesia, jadi
"bohong pisan" lamun aya nu ngabejakeun urang baduy teh misahkeun diri
jalaran "nolak ageman islam", ngan urang baduy mah geus komitmen yen
saha-saha bae nu jadi panguasa di tanah banten bakalan tunduk patuh
saestuna, hal ieu ditingalikeun kana acara seba (setor hasil palawija)
unggal taun ka panguasa di Banten
(bupati, atanapi gubernur), ti keur jaman kasultanan Banten (Islam) teu aya
nu ngarana maksakeun urang baduy kudu asup islam, malihan ku sultan banten
mah harita wilayah baduy teh dilindungi pisan, kitu deui ayeuna. Salajengna
punten pisan kuring rek nyarios nganggo basa Banten/baduy ngarah sami jeung
kaayaan nu dicaritakeun.
Ngan nu jadi kabingung ngaing, samemeh ngaing asup ka baduy jero, aya aturan
ti jaro baduy, lamun urang cina, eropa, india, afrika, teu meunang asup ka
baduy jero, komo deui lain jalma islam mah, bisa asup cina, eropa, india,
afrika asup ka baduy jero tapi manehna kudu nganggem islam, padahal urang
baduy teh lain islam, keur ngaing nanya ka jaro kieu "Ki jaro meunang teu
ngaing solat di dieu ?", ceuk manehna "atuh puguh wae da kami mah leuwih
resep lamun daria (maraneh) ngalaksanakeun ajaranna (shalat) didieu", malah
mah sok sering dicarekan mun aya urang islam teu shalat, euweuh istilah
urang baduy nyebutkeun "agama islam mah agama keur urang arab", bisi aya nu
teu percaya datang wae kaditu
Dina itungan bulan urang baduy mah ngabogaan itungan sorangan teu sarua
jeung islam, oge internasional, ngan sarua kabehna oge aya 12 bulan.
Tah pertanyaan ti Ki Lukman Hakim, ngenaan ajaran sunda wiwitan nu diagem ku
jatikusumah eta mah ajaran ti akina nu aranna Madrais ti Cigugur, Kuningan.
Madrais hirupna sajaman jeung perang dunia kahiji, aya nu nyebut inyana teh
anakna salah sahiji pangeran ti kesultanan Cirebon (tangtuna Islam), dina
ajarannana aya pangaruh islam diantarana dina sistem penanggalan, saperti 1
suro (1 muharram), nu mangrupa taun anyar, pan baduy mah sama sekali euweuh
pangaruh islam dina itungan poe (geus disebut), lamun di jawa mah aya
kejawen (campuran islam, hindu, jawa), jadi ngaing mah teu satuju mun ajaran
nu dicekel ku madrais teh disebut ajaran sunda wiwitan da beda pisan jeung
nu di baduy mah atuh, leuwih cocog disebut aliran kaperacayaan madrais.
Tah kuer oleh-oleh ku ngaing dikirim foto-foto urang baduy
----- Original Message -----
From: "ilen kardani" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Thursday, August 04, 2005 4:27 PM
Subject: RE: [kisunda] buku sunda wiwitan
> Dulur sasunda,
>
> Kajian demi kajian, seminar demi seminar ngeunaan cara hirup urang baduy
> parantos seueur didokumentasikeun. Oge parantos seueur tokoh akademisi anu
> kenging gelar doktor/profesor ku neuleuman budaya urang kanekes. Hanjakal
> teu aya seratan anu sumberna ti urang kanekes asli, tapi nu kapendak teh
> ukur seratan ti urang saluareun kanekes, anu nalungtik kahirupan urang
> rawayan, anu mungkin tulisanana teh teu sarua jeung cepengan asli urang
> kanekesna, maklum da urang ditu mah tertutup pisan nyinghareupan urang
> luar. Ukur ngaladenan obrolan ku lantaran minuhan tatakrama mah wajar wae,
> tapi lamun nyosop jero ka jeroanana mah tangtu moal diladenan.
>
> Anu kabandungan ku sim kuring, para tokoh anu nalungtik kabudayaan kanekes
> teh sabagianana mah enggoning neangan lolongkrang pikeun ngarobah
kahirupan
> urang kanekes sangkan nyepeng salah sahiji agama, tapi weleh teu hasil
nepi
> ka kiwari, maklum urang rawayan mah pengkuh kana tatali karuhuna. Salaku
> pamulang tarima ti para tokoh anu geus meunang runtuyan gelar ti kahirupan
> urang kanekes teh, intina mah hayang 'ngabasmi' ageman sunda wiwitan. Da
> lamun di tanya paduduan mah para tokoh teh teu aya nu panuju yen di urang
> masih keneh aya suku bangsa anu masih keneh ngagem agama saluareun agama
> anu resmi ti nagara. Teu percanten, mangga buktoskeun.
>
> Ceuk urang maranehna aya dina kaayaan 'sesat' teh, da ceuk manehna mah
> urang anu 'linglung' teh, sabab teu nyaho di purwadaksi.
>
> Palebah dieu urang rawayan oge geus sadar yen kayakinan maranehna teh aya
> dina 'anceman', nu matak ugeran-ugeran warisan karuhun kacida
> diterapkeunana ka sakumna urang rawayan, nyeta sangkan teu kabawa ku
> 'sakaba-kaba' tea. Matak wajar lamun aya urang luar ngayakeun
panalungtikan
> di kanekes, ukur meunang 'cangkangna' wungkul. Apan urang mah nyebutna oge
> Urang Baduy ka maranehna teh, nyaeta umat anu teu daek narima kana ajaran
> salah sahiji agama.
>
> Mangga lajengkeun deui ku nu sanesna.....
>
>
> ilen kardani
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/