Sampurasun saderek sadaya anu lebet dina Milisi Urangsunda, Kisunda, Baraya_Sunda...
euh mani ketir ngabandungannana, Geus Ahmadiyahna, MMIna, NU pendukung Gusrdurna...asa can rengse pertikaian dina ISLAM teh, marebutkeun hayang salamet hirup di Alam papasangan, Alam Pangumbaraan kabeh Manusa, pada umaku hayang miboga kapunjulan jeung nanjeurna NGARAN ari LAKU-LAMPAHna teu di Tanjeurkeun..., ngan kitu bae Laku-Lampahna teh dipake marebutkeun NGARAN matak pantes ISLAM mah ruksak ku Jalma ISLAM keneh "AL-ISLAMU MAHJUUBUN BIL MUSLIMIIN". naha naon anu jadi perkawis atuhnya..... naha anu ti Faham Wahabiyah, Syi'ah, ti faham mana wae asa can aya beresna...antukna teh tuluy jadi masalah...sulaya jeung ngaran anu di ugung-ugung, jadi ngariweuhan di Nusantara... ah duka ketang, duka marebutkeun nanahaon atuh....(ngahelas batinmah mani ceurik balilihan) nyata geuning urang teh kalingitan Jati Dirina boh ti Acehna tepi ka Iriannana salaku Bangsa Indonesia teh, teu kalangkung Urang Sundana. ISLAM (hartina PASRAH SUMERAH kaNu Maha Kawasa, Robbul 'Alamiin) kumaha wae eta mah ngahartikeunnana ISLAM, intina mah supaya Manusa Salamet Dunya rawuh Akherat, Pulih Kajati Mulang ka Asalna. he saderek anu boga ngaran AGAMA ISLAM, dina Hadist Bukhori+Muslimna, kanjeng Nabi s.a.w ngandika : "Kuring teh Lautan Elmu sareng ari Ali eta teh Pantona Elmu". ieu katerang teh geus Masyhur jeung Shohih tingkatannana eta hadist. saha-saha anu hayang ngarti kana Elmu kanjeng Nabi Muhammad s.a.w dina ngahartikeun Al-Qur'anna boh dina ngahartikeun Hadistna, maka pantona teh katerangan ti Imam Ali r.a kulantaran anjeunannana aya jaminan ti kanjeng Nabi .s.a.w salaku Pantona Elmu, anu jadi pertanyaan simkuring, KAMAKEUN ATUH ELMU TI SAIDINA ALI R.A teh? kuring hoyong terang anu namina PANTONA ELMU Saidina Ali r.a? ari Kanjeng Nabi Muhammad s.a.w LAUTAN ELMU, geuning nilikan dina Hadist Bukhorina dina Muslimna mani saeutik pisan Hadist-hadist anu dicandak ku Saidina Ali r.a, seu-seurna teh ti Abu Hurairah we, saha atuh Abu Hurairah teh, iraha lebet ISLAMna? perkara ieu keur kuring "TANDA TANYA BESAR", pantes wae atuh Jalma Islam teh Pakepuk loba wae Masalah...meureun..ieumah ceuk kuring, Kulantaran cecekelan anu teu menang di tinggalkeun nyatana Al-Qur'an+Al-Hadist, dina Hadist na loba Masalah...timimiti Hadist Do'ifna tug dugi ka Hadist Palsuna loba rupana. Cenah aya anu nyekel wungkul Al-Qur'an atawa anu disebut Aliran Qur'ani tetep pagedug, da moal bisa nafsirkeun Al-Qur'an sakarep-karepna sewang sewangngan, da tadi oge nitah nyekel Qur'an jeng Hadist. Upami nilik tina Khutbahna Saidina Ali r.a dina Kitab Najhul Balaghoh anu di Angkeun eta Kitab teh ku Ulama-ulama ti Sunina boh Syi'ahna, ngan duka ketang ti Ormas-Ormas Islam nu aya di Indonesia (Persis, Muhammadiyah, NU, Ahmadiyah, FPI, MMI dst) nyarepeng/dijadikeun sumber kajian Nafsirkeun Al-Qur'an henteu kata eta Kitab, upa Hadist Bukhori-Muslim mah tangtos aruningaeun da puguh ge pegangannana Al-Qur'an+Al-Hadist. dina eta Kitab teh nerangkeun yen "Pangkalna Agama teh Ma'rifat ka Gustina", http://www.balaghah.net/nahj-htm/id/id/kh/main.htm, Khutbah ka 1. Dina Bab Ma'rifat oge kitu, dina ngabejer beaskeunnana Bab Ma'rifat teh beda-beda, cenah "ku ngajalankeun Sholat lima waktu jeung ngajalankeun syari'at Islam anu sejenna oge eta teh parantos ma'rifat teu kudu susah-susah Ma'rifat ka Alloh mah", Aya deui anu ngabantahna, kana Perkara Agama ulah di enteng-enteng, ulah di susah-susah jst....erek Sholat/Nyembah kamana lamun urang teu wanoh (Ma'rifat) ka Gustina, tangtu Sholatna moal di Tarima da Sholatna sakarep-karepna jeung deuih Perkara Sholat mah diwajibkeunnana teh Waktos kanjeng Nabi Muhammad s.a.w diangkat janten Rosul dina Yuswa +/- 40 tahun. Ari samemehna yuswa 40 tahun, kumaha Aqidahna (Iman) jeung milakon Ibadahna? Uapama ku ta'at Ngajalankeun Sholat-Puasa-Zakat-Haji cirining eta geus Ma'rifat, atuh samemeh di wajibkeun Sholat-Puasa-Zakat-Haji kanjeng Nabi Muhammad s.a.w teh teu Ma'rifat (teu Apalaleun ka Gustina) bade ngajalan keun D'awah Agama Islam anu Tauhid kumaha upami can Ma'rifat? matak Pangkalna Agama teh Wanoh (Ma'rifat) ka Gustina. jeng saterusna perdebatan dina perkara Ma'rifat, anu di unggel keun ku Saidina Ali r.a salaku pantona Elmu teh yen "Pangkalna Agama tegesna Ma'rifat (wanoh) ka Gustina". Rupinamah anu disebat "AL-ISLAMU MAHJUUBUN BIL MUSLIMIIN", islam ruksak ku jalma islam teh, eta tegesna Jalma nyekel Agama teu kalawan Wanoh (Ma'rifat) ka Gustina, anu di Ugung-ugung jadi alesan teh cukup ku Nyebut Namina Gusti sareng ngadzikirkeunnana, Allohu Akbar, Subhana Al-lloh, Al-Hamdulillah jst..ari eusina anu disebut Ngaran teu di udag jeng teu dipaluruh...antukna silih marebutkeun "KEBENARAN", korban harta-tanaga korban nyawana. ah mung dugi ka dieu wae ti simkuring, etamah bade dijanten keun ieu seratan leuwih ngaririweuh mangga, bade dilenyepan kana maha kanggo mepelih diri supaya ulah kabawa ku sakaba-kaba mangga, eta anu dimaksud, hapunten bilih teu sapagodos sareng wargi-wargi di milisi Urangsunda, Kisunda, Baraya_sunda... Insya Alloh sanes waktos disambung deui.... baktos Agus Wirabudiman ----- Original Message ----- From: Lukman Hakim To: [email protected] Sent: Monday, August 08, 2005 4:32 PM Subject: RE: [Urang Sunda] Detikcom: Pendukung Gus Dur di Jatim Ngamuk, Ancam Serang MMI Muhun.. kuring ge bingung ninggal kaayaan sapertos kiyeu the. Naon Anu di pilarian? ------------------------------------------------------------------------------ From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Waluya Sent: Monday, August 08, 2005 4:08 PM To: [email protected]; [email protected]; [email protected] Subject: [Urang Sunda] Detikcom: Pendukung Gus Dur di Jatim Ngamuk, Ancam Serang MMI Maca wartos dihandap ieu, kuring jadi bingung. Marebutkeun naon atuh nya, nepi ka kudu silih ancam rek saling serebu kitu?. Cik atuh sing areling, loba keneh urusan di Indonesia teh, nu kudu dibenerkeun, jiga busung lapar, flu burung, BBM jarang jrrd .... Mangga geura wartosna : Pendukung Gus Dur di Jatim Ngamuk, Ancam Serang MMI Budi Sugiharto - detikcom Surabaya - Puluhan Satgas DPW Caretaker PKB Jatim ngamuk. Sambil menenteng pedang, keris, dan clurit, mereka mengancam akan menyerang kantor Majelis Mujahidin Indonesia (MMI). MMI dianggap telah menghina Gus Dur. MMI wilayah Jatim bisa menghindari amuk pendukung Gus Dur jika mereka menyampaikan permintaan maaf dalam tempo 1x24 jam. Permintaan maaf itu harus disampaikan lewat media massa. "MMI telah menghina dan melecehkan Gus Dur," tegas Komandan Satgas Slamet Santoso dalam aksinya di kantor DPW Caretaker PKB Jatim, Jalan Ketintang Baru I, Surabaya, Senin (8/8/2005). Aksi pendukung Gus Dur berawal dari pernyataan Ketua Dewan MMI Jatim Yunus Muhammad Bakaur usai tablig akbar pada Minggu (7/8/2005) kemarin. Kepada wartawan, Yunus mengecam Gus Dur yang dianggap telah melindungi penganut ajaran Ahmadiyah. Dalam pernyataannya, Yunus menuding Gus Dur yang kini menjabat sebagai Ketua Dewan Syuro PKB sebagai orang gila dan tidak rasional. "Nantinya bukan Ahmadiyah yang disembelih, tapi Gus Dur dan Ulil (Koordinator Jaringan Islam Liberal Ulil Abshar Abdalla) yang akan disembelih," kata Yunus. Pernyataan Yunus langsung membuat panas pendukung Gus Dur. Puluhan satgas langsung meluapkan kemarahannya dengan berdemo di kantor DPW Caretaker PKB Jatim, Minggu malam. Aksi tersebut berlanjut hingga Senin ini. Sejak pagi, puluhan satgas sudah berkumpul di kantor tersebut. Mereka mempreteli lampu-lampu neon yang ada di kantor tersebut. Lampu berukuran panjang itu lalu dipukul-pukulkan ke kepala mereka. Satgas PKB juga menenteng senjata tajam, seperti pedang, keris, dan clurit. "Kita siap menyerang MMI. Kita siap mati sebelum Gus Dur disembelih. Kalau mereka ingin menyembelih Gus Dur, kita wajib mati duluan. Mereka harus langkahi mayat kita. Kalau mereka ngaku NU, kita juga NU tulen. Buktikan kalau Yunus pernah menjadi pengawal Gus Dur," kata Slamet sambil menenteng-nenteng kerisnya. Para satgas ini juga memaksakan diri mendatangi kantor MMI di kawasan Perak Barat, Surabaya. Namun niat mereka berhasil dicegah Wakil Ketua PKB Caretaker Jatim Relies Sumitro. Namun jika dalam waktu 1x24 jam tidak ada permintaan maaf dan pengusutan secara hukum oleh aparat, Relies mengaku tidak mampu meredam pendukung Gus Dur. "Kita serahkan ke masing-masing pendukung Gus Dur kalau upaya yang kita minta tidak dipenuhi. Bagaimana pun juga pernyataan itu telah melukai pendukung Gus Dur di Indonesia," kata Relies, seraya menambahkan, pihaknya terus berkoordinasi dengan DPP PKB. Aksi pendukung Gus Dur juga berupaya diredam Kapolsekta Gayungan AKP Wiwik Setyoningsih. Dia meminta massa tidak lakukan aksi anarkis. "Saya janji akan mengusut pernyataan MMI," janji Wiwik. Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id SPONSORED LINKS Culture Corporate culture Hawaiian culture Hispanic culture Jewish culture Organizational culture ------------------------------------------------------------------------------ YAHOO! GROUPS LINKS a.. Visit your group "urangsunda" on the web. b.. To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] c.. Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. ------------------------------------------------------------------------------ [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
