Pun amit tabe Pun Sampurasun..Rahayu Hapunten sim kuring ngiring aub sakedik, manawi bahan katampi. Urang Sunda sacara etnik direpresi anu pangparahna ku urang sunda keneh anu ngarasa "aing pangsundana" atawa ngarasa asa geus luhung elmu kasundaanana, katambah-tambah manehana boga pangaruh jeung kakawasan boh deukeut ka birokrat atawa kelompok-kelompok funding anu hayang ngamangpaatkeun etnik sunda pikeun kapentingan kelompok atawa bangsana. hartina/ maksud tegesna mah urang suku sunda runtag ku kaayan urang sundana anu teu sabeungkeutan rasa, pamadegan jeung tujuan hirup anu bareng "majajaran". Loba keneh urang suku sunda atwa etnik sunda anu pagirang-girang tampian, parebut pangaruh ,parebut pamor jeung parebut sumber daya bohekonomi atawa "massa". Padahal lamun sacara kompetitif anu jujur jeung positip mah eta alus, tapi kanyataanana malah ngabalukarkeun ngajual sunda boh harga diri, lemah cai, budaya jeung ngaruksak tatanan niley-niley kasundaan anu jembar. Tapi teu mangpirang-pirang gedena oge hal eta alatan pangaruh budaya bangsa luar anu rumaksuk ka manusa jeung budaya sunda sangkan siga budaya manehna atawa kalindih ku budaya jeung tatanan niley kayakinan atawa ideologi bangsa deungeun eta, ahirna pantes mun aya babasan wanci kiwari teh "JATI KASILIH KU JUNTI" ayeuna pisan karasana sacara radikal jeung agresif. Ubar panglubar awor jeung carukna budaya suku sunda kiwari salah sahijina kudu bener-bener "naratas sajarah diri kasundaan anu sajati" ngan ieu teh bangga ku entengna. Ngan mun teu dikawitan ti diri pribadi atuh ku saha, maenya kudu obahna alam atawa usikna jaman, kacida teuing dimana kaelingan manusa lamun salawasna kudu wae digeuingkeun ku alam boh bencana alam jeung sajabana, padahal tanda-tanda ngingetana alam geus karasa mangsa-mangsa kiwari ngan manusana anu teu saladar jeung ngalarti sabab waruga sunda geus karumaksukan jeung kaeunteupan ku jiwa-jiwa anu nyunda, anu sadar kana purwadaksina. Nu matak teu aneh kiwari ulama ilang komarana, pamingpin ilang pangajina, manusa ilang kamanusaanana, milaku gawena teu rahayu teu dumasar kana "dasa kerta" jeung "dasa pasanta". Ieu katawisna umum kajadian di bangsa mana bae sabab dina harti jembarna ari sunda anu nyunda nya manusa bangsa mana bae anu geus bener-benre ngalaksanakeun kamanusaanana nu jadi panyundaan rah hurip tanah pakumpulan pikeun babakti ka nu Maha Wenang nu Ngersakeun satungkebing langit satangkarakning jagat. Baeu babarengan ngabersihan "mandala rasa", baeu babarengan "mulasara mandala waruga" ciciren bangsana sewang-sewangan. Sim kuring yakin sanajan saeutik tapi baris jadi pamatri-pamageuh-pamaku buana leutik jeung gede. Eta manusa anu baris jadi "tuturus panuduh laku" ka sakumna umat manusa mana bae jeung bangsa dimana wae. Pun tabe pun neda jembar hampurana. Cag. RKK.
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Leres sakumaha kasauran Teh Ika, antukna mah gumantung ka urang sunda- urang sunda keneh wae. Memang aya sababaraha laku represi ka urang Sunda, upamana dina kasus Batutulis, tapi jero-jero na mah tumibana eta kajadian teh meureun kusabab urang sunda-urang sunda keneh anu henteu sauyunan, heteu bener-bener ngamumule titinggal budayana, henteu ancrub ka hareup dina widang politik, ekonomi, jeung kamasyarakatan (aya anu ngaharewos, cenah loba tim anu protes kana kajadian Batutulis ngadadak jempe sanggeus dikeupeulan ku anu sieuneun dihujat). Laku represi anu saperti kasus Batutulis (tina sawangan Milan Kundera mah nya sarua jeung etnocide tea: lamun hayang ngilangkeun hiji bangsa, ilangkeun bae titinggal sajarahna, kitu doktrin Kundera), atawa kasus diakuna hiji wewengkon di TS salaku asal-usul hiji seler, atawa sodetan hiji sarakan/wewengkon atawa kahayang "nyaplok" wewengkon diasupkeun ka provinsi sejen-eta kabeh bisa kaasup represi dina widang wewengkon (apan salah sahiji tetengger budaya teh nya wewengkonna tea). Tapi, anu ieu oge enas-enasna mah gumantung urangsunda-urangsunda keneh. Naha kunaon bet dibikeun, naha kunaon bet diingkeun, jst. Jadi memang, aya atawa henteuna kajadian represi ka urang sunda jero-jerona mah gumantung ka urang sunda-urang sunda keneh. Hal (dalil) ieu lumaku oge ka seler sejenna. baktos, manAR On 8/10/05, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Muhun, Teh Ika. Kuring mah asa2 kumaha ari maca artikel nu kieu teh, bet > kawas nu nyiar2 nu bisa disalahkeun... Pangwangunan daerah teh pan dicepeng > ku urang2 keneh. Mun urang bisa ngokolakeunana, tangtu Jabar teh maju. > > jk > > Pada tanggal 8/9/05, ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> menulis: > > > > Saha nu ngalakukeun "represi" ka US teh? Negara atawa para pejabat US > > (Jawa Barat)sorangan nu teu merhatikeun kapentingan US? > > > > > Komunitas Urang Sunda --> > http://www.Urang-Sunda.or.id<http://www.urang-sunda.or.id/> > > > > ------------------------------ > YAHOO! GROUPS LINKS > > > - Visit your group "urangsunda<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda>" > on the web. > - To unsubscribe from this group, send an email to: > [EMAIL PROTECTED]<[EMAIL PROTECTED]> > - Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of > Service <http://docs.yahoo.com/info/terms/>. > > > ------------------------------ > [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. SPONSORED LINKS Culture Indonesia Diskusi Corporate culture Hawaiian culture Hispanic culture --------------------------------- YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "kisunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> <font face=arial size=-1><a href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12hsv6tn3/M=364397.6958316.7892810.4764722/D=groups/S=1705171464:TM/Y=YAHOO/EXP=1123688720/A=2915264/R=0/SIG=11t7isiiv/*http://us.rd.yahoo.com/evt=34443/*http://www.yahoo.com/r/hs">Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page</a></font> --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
