Teh Tienka, Wilujeng lenggah deui di Kisunda, beu meni ku lami pisan atuh teteh teh teu ngiring masomoan didieu. Leres sim kuring teh nuju kuli di kuala lumpur, nyiar sahuap sakopeun kanggo nyubadanan kaperyogian sadidinten, diantosan ku seeng nyengsreng sareng koceakna budak ceurik di lembur, ngalengis cuang-cieung milarian ramana....anu nuju juuh ku kesang karerab mentrangna srangenge. Deudeuh teuing anaking, poe ieu teh tepung tauna hidep, tapi apa teu tiasa ngabageakeun, anggang disapih ku sagara.
Leres sim kuring mah Urang Sunda pituin, banjar karang pamidangan di wewengkon Lembang, pun Bapa kawit ti Lengkong sareng pun Biang ti Paledang. Janten asa kamalinaan upami sim kuring teu tiasa nyarios Sunda teh. Sae sareng henteuna mah teu langkung anu meunteun, tapi bawiraos sadaya anu aya di ieu rohangan mah sarae nyarios Sundana, nyakitu deui manahna, katingal tina saena seratanana sewang-sewangan, kalebet Teh Tienka kuanjeun. Sanaos sadidinten sim kuring nyarios Malayu camput Inggris, tapi da ari basa sunda mah parantos ngabaju, janten tinggal dikotretkeun oge tos kaluar aslina. Jurus nyerat anu sae mah, upami nyerat kedah disarengan ku manah anu sae, janten kaluarna oge sae. Mangga atuh bilih kamalinaan, ieu mah tawis kasono wae kanggo Teh Tienka... Baktos, ilen kardani At 07:31 PM 8/12/2005, you wrote: >Haturan kang Ilen, Abah Joe, kalih sadaya >baraya......KUmaha daramang..? >Tos lami tara ngalongok ka kisunda..!, ari ditingal mani >ngahunyud serelek dugi ka rebuan, untung teu bounching, >Alhamdullilah. >Ari ningal seratan kang ilen sok resep, lantip tur sae., >naha sadidinten nyarios basa sunda..? atanapi sering maos >majalah, atanapi koran ku basa sunda..? Tapi ditingal tina >IDna geuning aya di kualalumpur..! janten kang Ilen mah >leres urang sunda pituin, basa sareng undak usukna sae >pisan. KUmahanya kang..! supados si teteh tiasa kitu..?. >da ari majalah mangle parantos Langgananan, atuh >sadidinten nyarios ku Sunda, sareng anu tiasa sunda.. Tapi >tetep wae teu bentes, nyarios sunda. Cik ah...jurusna >kumahanya..? >Kana lagu2 kacapi suling resep oge, Tah sakantenan upami >aya CD na hoyong pisan gaduh, tiasa teu nya download ti >Internet,,,? upami tiasa dimana alamatna..? >Hatur Nuhun.. > >teh tienka > > > > > > > > >On Thu, 17 Feb 2005 04:16:20 +0800 > Ilen Kardani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Haturan Abah Joe, > > > > Dina danget ieu sim abdi aya dina kawilujengan, bawiraos > >Abah oge dina > > waktos ayeuna dibayangkeun ku abdi nuju sidengdang > >hahariringan, ngahenang > > ngahening bari maos "USA Today". Teu aya karingrang > >kahariwang. > > > > Rekaman dina danget ieu teu acan sayogi, mung tangtos > >sim kuring bade > > ngadamel khusus kanggo Abah. Naon disebatna atuh upami > >abdi teu tiasa > > nedunan kana pamundut sepuh. Mung langkung ti payun > >kedah diwakcakeun heula > > rehna sim kuring mah kirang ahli kana ngahariring, > >paling oge anu niup > > sulingna atanapi ngarincik kacapina. Tangtos salagu dua > >lagu mah tiasa > > kasanggakeun kapayuneun Abah dina waktosna. > > > > Hatur nuhun parantos mileuleuheungkeun, pamugi sing > >janten darajat kanggo > > sim abdi. > > > > Ciung lain, kerak lain > > Japati belang jangjangna > > Embung lain, nolak lain > > Da abdi awon sorana > > > > > > Sembah pangabaktos, > > > > Ilen kardani. > > > > > > At 12:58 PM 2/15/2005 -0800, you wrote: > > > > > > > >>Ilen Kardani > >> > >>Oman Abdurrahman > >> > >>=============== > >> > >>Duka kua naon da sim kuring mah mun ngaos seseratan nu > >>dua ieu karasana > >>teh kuring bet ngariut. > >>Ku basa Sundana anu sae kituna, jeung deui ku elmuna nu > >>luhur tur jero > >>deuih. Padahal mah dua-duan teh anom keneh. > >>Lain ngarasa ngariut wungkul, asa jadi kolot .....ngan > >>nepi > >>.....kokoloteun. Seueur jeung pinuh dina pipi. > >> > >>Gan Ilen kumaha damang? Sono yeuh Abah. > >>Kagungan CD-na, tetembangan anjeun bari ngacapi. Upami > >>tiasa mah Abah > >>hoyong gaduh, jang dipancarkeun di radio internet > >>"RadioUs". > >>Wassalam, > >>Abah Joe > >> > >> > >> > >> > >>--------------------------------- > >>Do you Yahoo!? > >> Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile phone. > >> > >>[Non-text portions of this message have been removed] > >> > >> > >> > >>PENTING..! > >> > >>attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh > >>member. > >> > >>dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan > >>dikenai sanksi > >>berupa pencabutan membership. > >> > >>terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, > >>dihimbau untuk selalu > >>mengupdate antivirusnya. > >> > >>Yahoo! Groups Links > >> > >> > >> > >> > > > > > > > > PENTING..! > > > > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada > >seluruh member. > > > > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan > >dikenai sanksi berupa pencabutan membership. > > > > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, > >dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. > > > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > > > > > > > > > >======================================================================================== >Dapatkan kemudahan layanan Mobile Email dari VENTUS untuk Personal, VENTUS >Easy. > >Klik http://easy.ventusmobile.com >======================================================================================== > > > > > >PENTING..! > >attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > >dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi >berupa pencabutan membership. > >terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu >mengupdate antivirusnya. > >Yahoo! Groups Links > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
