************************* Haturan Kang Asep! Panambih catur..... saestona eta pisan palakiah kanggo mukakeun lawang alim nu taya wates mangsa, rohang jeung usik. Lir ibarat Karaton, lawang eta ayana opat patempatanna -Fuad -Qolbu -Lub-lub -Lub
Sumangga diguar kanu haat. Sun... rawayan raksaning Gusti! -pun adi- ************************* On 8/17/05, Asep komara <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Merdeka ka sakumna urang sunda > > Ieu mah perkawis kailmuan ka ma'rifatan nu kahartos ku > simkuring dina danget ieu duka engke mah, panginten kanggo > nu sanesmah nembe informasi manawi aya manfaatna ka ki > dulur sadayana. > > Hapunten ka para karuhun oge anu tos masagi dina bidang > ieu, abdi ngantos wejangan boh kritikannana bilih lepat. > > Kaleresan abdi di ajarna ku cara ngobrol wae sareng > ngangge istiah arab sapalih, kieu salah sawiosna : > > Kapungkur abdi sateuacan rimbitan kantos naroskeun naon > anu disebat mari'rifat ka Gusti the ? saurna, gali olah > manfaatkeun jadi tos dugi the sanes beres malah kedah > tiasa ngagali ngolah na sareng ngamanfaatkeun dina na > naon oge ti mikro dugi kamakro > > Lajengna deui diajarmah ka mana wae jeung kasaha wae, ngan > alusna mah saenggeus rimbitan saurna, ngan ari patokan mah > anu katanpi tentang kailmuan diantawisna : > > 1. Elmu sarea't nya eta : > § Elmu tentang panyarek sareng panitah nusok dijantenkeun > tata cara paribadatan sareng diaji di ajaran agama > termasuk dina adat istiadat dugika hukum ka tatanagaraan > anu rupi rupi tergantung kana asal usul, tempat sareng > jaman dikaluarkeunana eta sare'at. Dzikirna dzikir jahar > (tarik) > § Manfaatna henteu picarekeun jeung henteu titaheun estu > pujieun da mani soleh > § Godaanana sok haying nitah jeung nyarek bari kirang pas > § Upami dina silatmah pangintean ibing penca > § Carana sering maca sareng ngobrol ka ahlina > > 2. Elmu tarekat nyaeta : > § Elmu tentang jalan pikiran atanapi ayeunamah logika > panginten, mung dina sekup diri mah ngalatih otak tina > ngalatih alatna dugika digawena eta alat, sareng kanggo > nalungtik naon nu sabenerna, make jeung dicarek jeung > dititah tah caang weh eta ge nembe kaharti kedah > diteraskeun dugi terang hakekatna atanapi kaluarna rahmat > dina hate > § Manfaatna tiasa ngiatan kana panyarek sareng panitah > dzikirna dzikir khouf (laun) alamna malakut > § Godannana pedah kenging kakiatan sok jadi wani teuing > jeung ngajago > § Upami dina penca mah panginten olahan nafas atanapi > nusok disebat pernapasan > § Carana sering latihan ka ahlina sareng ngobrol > > 3. Elmu hakekat nyaeta: > § Elmu tentang naon nusabenerna panyarek jeung panitah the > sareng terang manfaatna. Atanapi olahan hate tina mulai > alatna gerakna sareng ngamaknaannana kana panyarek jeung > panitah sareng sidik jeung nuturkeun gerakna eta rahmat ti > gusti dina hate > § Manfaatna tiasa ngajelaskeun sareng mere kasadaran kan > ayana panyarek sareng panitah. Dzikirna dzikir sir jeung > alamna alam jabarut kenging roh weh roh kudus > § Godaannana sok nurutan jiga nu bogana padahal tos teu > usum atanapi sanes wancina lantaran apal jeung nyaho kana > eta panitah jeung panyarek > § Upami dina penca mah panginten gerak otomatis terang > kana sagala jurus boh diurang jeung dibatur > § Cara na sering meditasi sareng munajat dibingbing ku > ahlina bari sering dialog paduduaan. > > Ma'rifatmah langsung sareng gustina dina nyiptakeun sagala > solusi sesuai dengan kadarna masing-masing tos dialam > caang (sunda) tapi heunteu serab jeung nyerabaan tos > disebat jalmi tanggel waler jadi wali pinilih nya ahli > rasa nu sajati anu tiasa ngamerdekakeun sajati sa dunya. > kitu saurna > Mangga nyanggakeun kasadaya abdi nampi wejangan oge > hapunten kanu langkung uninga kana ieu perkara. Ieumah > mung penelaahan simkuring. > > Salam baktos aka > ------xxx -- *********************** Bilih kagungan waktos, hayu urang ngeureuyeuh Poesaka Soenda tea. Ramatlokana di dieu http://groups.yahoo.com/group/POESAKA_SOENDA/ Sejana ilubiung kintun bae ka [EMAIL PROTECTED] ************************ [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
