Haturan Kang Gunawan wilujeung tepang deui di udara, bentennya upami urang tepang di darat di bumi teh Imas. Kumaha budaya "penca US " teh atos digarap di darat? Sok atuh dijantenkeun jadi nyatana, komo deui tos aya tempatna anu diijinan dihiji pasantren keur pusat ngibingkeun penca. Ari aya tempat pasti pasti aya jati dirina sanes ngawangkong jiga baca komik kopingho / si Jampang jago betawi.
Simkuring bade noongan / ngulas budaya "kuda kosong" tah geuning US teh seur pisan kaunikan "amengan / kaulinanana" kuring tos naksir yen "Sunda Ageung" teh mangrupa cikal bakal budaya anu tos merenah jeung paling kolot sa dunya 40 000-60 000 taun katukang anu titeuleun di zaman "ice age", aya buktos-buktos ilmiah dina prasasti tina batu-batu wangunan batu anu kiat ribuan taun; ari wangunan tina awi jadi bilik keuer imah kitu oge kayu, eurih keur keur hateup kabeh eta bahan-bahan wangunan jadi runtah deui / lebur jeung cai. Contona Tsunami cai dongkap ka Aceh nutupan kotana wangunan tina tatangkalanmah bakal ancur, tapi ari tina beton bertulangmah jeung batu-batuan masih ngajentul. Ari urang nyangka yen US niron hindu ti India saleresna tibalik urang hindu niron ti US, buktos ieu seueur budaya sunda aya di urang India, vietnam, Thailand, china, Burma, Filiphines, Malasya, Brunei, tina bahasa contona garuda , naga asli sunda di India oge aya. Oge budaya sepertos debus, wayang golek, wiwitan, jangjawokan, penca. Ngan sok direkayasa ku bangsa laina anu hayang metakeun kakuasaan eta teh ceunahmah timanehna padahal ti US. Hartina ameh bangsa manehna ka angkat harga dirina ku US. Anu boga taneuh US kedah bayar upeti kamaranehna. Jadi leupas ti agama naon wae nu tos terorganisir, budaya sunda kolot pisan di dunya, seur buktos di unggal pustaka nu dijadikeun kahirupan euteuk keur nu nyarakola. Abad 15 islam ngapangaruhan pulau jawa para wali ngagunakeun wayang kulit, wayang golek, sandiwara, reog nu dijadikeur alat keur "ngadalangna". Tujuanna ameh balarea nuju teu terang islam diajar islam bari nyerep carita padawa lima jeung astina carita mahabrata, lutung kasarung, carita semar, gareng, petruk, ramayana oge mitos sungkuriang. Carita eta ngajarkeun nyebarkeun islam di abad 15 dimana kidalang anu jadi imam/ustad/kiayi ngadawah ngango alat budaya sunda ageung tea keur .ngajabarkeun anu dilarang islam sareng mana anu kedah diturutan ku balarea. Nu nonton nu acan islam kakarek sadar yen maranehna di ajar islam. Kitu oge urang kristen ayeuna anu disuport duit ku nagara adi kuasa budaya sunda rek dijadikeun alat keur idialesme urang barat, nya make agama nu terorganisir leuwih aman carana. Padahal tujuanana nyebarkeun ideologi urang barat ameh gampang ngontrolna. Sabenerna agamamah teu meunang dijadikeun alat keur kakuasaan , kasarakahan hayang ngontrol wae. Nu Maha Suci mah aya di hate masing-masing manusa lain di organisasi, masalah ruh, jasad urusan urang pribadi keur nyembah ngahening / ma'rifat kanu ciptakeunNA dunya sa eusina, da urang maot teh sorangan, moal abring-abringan. Salam ka Kang Rahmat, Kang Tirta Akang , Kang Maman sareng anu ngarora, geuning simkuring teh mani pangkolotna waktos silaturahmi di bumi teh Imas. Salam Yan NYC On Thursday, Aug 18, 2005, at 03:32 US/East-Indiana, Gunawan Yusuf wrote: > Elmu agami abdi mah masih keneh sakedik, mung kanggo udagan abdi, > cianjur > teh gudangna ulama ageung, mustahil eta tradisi nu tos ratusan taun teu > dilarang ?, padahal keur mancegkeun aqidah mah mendingan tempat > maksiat di > puncak nu dilarang, margina teu saeutik urang cianjur (muslim) nikah > ka non > muslim jalaran ayana tempat maksiat ieu, ieu mah sanes ngaruksak > aqidah bae, > tapi tos ngancurkeun, seni debus oge teu saeutik pangaruh mistikna, > wayang > golek oge seueur pangaruh hindu-na. Di milist ieu Abah Surya kantos > nyerat > yen anjeuna sok kadongkapan mahasiswa ti universitas katolik > (beasiswa) keur > diajar tradisi/budaya sunda hal sarupa nu can kaalaman ayana beasiswa > ti > sakola islam keur diajara budaya sunda, malihan nu pasti aya mah nu > ngabid'ah, ngamusrik, khurafat, jrrd. Contona di Indosiar dina acara > paskah > kantos aya degung paskah ti masyarakat katolik cigugur, kuningan, tah > kidulur sadaya kumaha upami engke-na budaya sapertos degung, debus, > golek, > janten media kristenisasi ? > ----- Original Message ----- > From: "Usman Firdaus" <[EMAIL PROTECTED]> > To: <[email protected]> > Sent: Thursday, August 18, 2005 2:47 PM > Subject: Re: [Urang Sunda] Fwd : WARGA CIANJUR MINTA TRADISI "KUDA > KOSONG"DIHIDUPKAN KEMBALI > > >> Ass, >> leres pisan panginten kang dadan, salah sawios >> dilarang na eta kamonesan kulantaran pak wasidi (pak >> bupati) sieun rahayat cianjur gaduh pamadegan sareng >> kapercayaan --saur cariosan-- eta teh sok di tumpakan >> ku raden surya kencana (nu ngageugeuh gn. gede, saur >> nu pintermah). panginten salah sahiji fungsi >> pamarentah keur ngabimbing aqidah ummat supados ceceg >> ajeg dina tauhid. >> >> peran ulama >> abdi satuju kana pendapat kang deden, kana di kaji >> ulang-na eta tradisi, sok atuh...tapi kedah di >> barengan ku ulu biungna para ulama atawa sesepuh dina >> ngarahkeun nana..ulah nepika diayakeun nana eta >> tradisi nyuburkeun ..bibit ruit kasyirikan, kedah di >> bimbing ku para ulama sareng sesepuh urang cianjur ku >> anjeun. >> >> aspek politik >> sigana teu acan aya kaitan semangat ngahirupkeun eta >> budaya kaitan sareng politik-mah (PILKADA), tapi tiasa >> wae...tapi perlu di kaji sacara cerdas... >> >> --- "Dadan R. Saleh" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >> >>> Punten ah bade ngiringan.. >>> >>> Dina kaping 17 agustus, di Cianjur oge sami sareng >>> daerah2 nu sanes sok ngarayakeun anu salahsahijina >>> ku ngayakeun pawey. Dina prakna teh rahayat ti >>> sakurilingeun kota malahan oge ti kecamatan2 di >>> cianjur (Cikalong, Cipanas, Cibeber, Warungkondang, >>> Sukanagara jeung sajabina) parantos tumplek ka jalan >>> raya ngantosan pawey tea. Mung dina opat taun >>> kapengker dugika kiwari aya hiji simbol anu leungit, >>> nyaeta "Kuda Kosong" tea, anu biasana di arak >>> pangpayuna pisan tina rombongan pawey teh dilarang >>> kaluar kumargi nya eta tea (Nyaketan kana syirik >>> tea.. alesanana teh). >>> >>> ASPEK TRADISI >>> Abdi mah mung saukur ngaraoskeun da rumaos urang >>> cianjur, ngeuningan teu gampil ngaleungitkeun hiji >>> tradisi anu tos berlangsung ratusan taun teh, >>> malahan ku dileungitkeunana eta tradisi "Kuda >>> Kosong" teh ninggalkeun perasaan sono ti masyarakat >>> kana eta tradisi. >>> >>> ASPEK POLITIK >>> Ti kapungkur oge apanan rakyat cianjur teh seueur >>> anu hoyong eta tradisi teh di ayakeun deui, mung >>> kunaon nembe ayeuna wacana eta muncul deui? >>> Abdi ningali aya momen Kab. Cianjur teh bade mayunan >>> PILKADA dina taun 2007, nyaeta gaungna tos mimiti >>> katingali. Perkawis wacana "Kuda Kosong" oge >>> katingalina janten komoditi oge kanggo narik simpati >>> rakyat anu nuju sono pisan kana eta tradisi. Malihan >>> aya kritik ka Pak Wasidi Swastomo anu kieu : >>> "Ari Kuda Kosong teu meunang, Ari Barongsay di >>> hegkeun" >>> (barongsay kasenian urang tionghoa teh tos 2 taun >>> tiasa dirayakeun, malihan nutup jalan raya cianjur >>> sagala) >>> >>> >>> TEKA-TEKI >>> Teu acan terang dina dinten enjing 17 agustus 2005, >>> yen eta kuda kosong teh bakal kaluar atanapi moal??? >>> masih keneh janten patarosan ti seueur masarakat >>> cianjur. Anu janten pangemutan oge kanggo Pak Wasidi >>> Swastomo : "bade tetep kana pamadeganana wae yen >>> kuda kosong teu kenging kaluar atanapi bade di >>> hegkeun wae eta kuda kosong teh" (ngemutkeun >>> serangan tina mangrupi-rupi media) >>> >>> Abdi mah teu maksad ngiringan kana masalah Politik >>> mah.. mung perkawis dilarangna tradisi "Kuda Kosong" >>> mah aya saena oge pami dikaji deui. >>> >>> >>> NB> BIEU NEMBE KENGING BERITA YEN TADI TABUH 10-AN >>> KODA KOSONG TEH KALUAR.. iring-iringan dituturkeun >>> ku pawei karnaval agustusan >>> Hik.. hik.. nalangsa teu bisa balik ka lembur. >>> >>> pihatur, >>> Dadan R. Saleh >>> >>> >>> >>> ----- Original Message ----- >>> From: durahman >>> To: [email protected] >>> Sent: Thursday, August 18, 2005 8:33 AM >>> Subject: Re: [Urang Sunda] Fwd : WARGA CIANJUR >>> MINTA TRADISI "KUDA KOSONG"DIHIDUPKAN KEMBALI >>> >>> >>> Hatur nuhun kang Gun. >>> >>> Gunawan Yusuf wrote: >>> Punten, Dalem Wangsagoparana mah kawitna ti >>> Talaga, karajaan bagian ti Cirebon. Atuh perkawis >>> bupati mah tiasa ti mana bae nu penting mah leres >>> dina ngajalankeun roda pamarentahanana sareng >>> ngahormat kana budaya satempat, sanajan urang >>> cianjur asli tiasa oge anjeuna teu ngahormat kana >>> budaya cianjur, ngan ninggang dina bupati ayeuna >>> kaleresan dina nami siga urang jawa, janten >>> asal-usul mah teu penting, nu penting mah jinisna, >>> da Dalem Cikundul oge saleresna mah masih turunan ti >>> Cirebon oge, kanggo ka Kang Durahman mugia ulah >>> renggat manah. >>> ----- Original Message ----- >>> From: Siddik Wiradireja >>> To: [email protected] >>> Sent: Tuesday, August 16, 2005 4:02 PM >>> Subject: Re: [Urang Sunda] Fwd : WARGA CIANJUR >>> MINTA TRADISI "KUDA KOSONG" DIHIDUPKAN KEMBALI >>> >>> >>> Punten .. eta pancakakina pajurawet ..... >>> Upami teu lepat mah kieu : >>> Raden Jayasasana/Dalem Cikundul/Aria Wiratanu >>> (salah sawios putra Sunan Wangsa Goparana, pangeran >>> ti Sumedang Larang {???}), waktos masih >>> >>> >>> >>> -- >>> Wasalam, >>> >>> Durachman >>> http://durahman-cirebon.blogspot.com/ >>> >>> >>> Komunitas Urang Sunda --> >>> http://www.Urang-Sunda.or.id >>> >>> >>> >>> >>> >> ---------------------------------------------------------------------- >> ---- > ---- >>> YAHOO! GROUPS LINKS >>> >>> a.. Visit your group "urangsunda" on the web. >>> >>> b.. To unsubscribe from this group, send an >>> email to: >>> [EMAIL PROTECTED] >>> >>> c.. Your use of Yahoo! Groups is subject to the >>> Yahoo! Terms of Service. >>> >>> >>> >> ---------------------------------------------------------------------- >> ---- > ---- >>> >>> >>> >> >> >> >> >> ____________________________________________________ >> Start your day with Yahoo! - make it your home page >> http://www.yahoo.com/r/hs >> >> >> >> >> >> >> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id >> >> Yahoo! Groups Links >> >> >> >> >> >> > > > > > PENTING..! > > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi > berupa pencabutan membership. > > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk > selalu mengupdate antivirusnya. > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > > Please visit http://www.silatbooks.com/ http://www.silatpdusa.com/ Please write [EMAIL PROTECTED] [EMAIL PROTECTED] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
