Leres ari kepercayaan Ratu adil di tatar P Jawa khususna oge tatar nu sanes mun benten bahasa, nu kantos ka pendak waktos ameng ka Irian (Papua).
Namung nu kantos kadangumah Imam Mahdi tos turun teras dilajengkeun ku Ruh Kudus (mesiah panginten) dina tahun 1991, Kantun Kang Sunda Sawawa sakedap deui bade naros cenah. kitu nu kantos kadangu teh, tapi ieumah namina oge dadanguan nya Haturan kasadayana Aka On Wed, 24 Aug 2005 10:28:30 +0700 (WIT) "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Punten yeuh kuring rek nyanyahoanan, pedah eta peuting > pangangguran maca bukuna Prof Sartono, ahli sejarah >Sosial ti > UGM. Buku Pa Satono nu ku kuring dibaca teh nu hiji mah >desertasi > anjeunna di Leiden perkawis peristiwa "Geger Cilegon" >ari nu hiji > deui mah buku ipis, nu nyaritakeun kapercayaan rek >datangna Ratu > adil di akhir jaman. Katiluna kuring kantos maca buku >Paririmbon > dina Basa Sunda, nu oge nyaritakeun, di akhir jaman >bakal dongkap > Imam Mahdi ieu. > > Kapercayaan soal rek dongkapna Ratu Adil hirup di etnis >Sunda > jeung Jawa, kapercayaan ieu geus lila pisan. Umumna >hirup di > masyarakat padesaan. Keur di jaman walanda, sering >kajadian > karaman (karusuhan) nu diakibatkeun ku kapercayaan ieu. >Di > Limbangan Garut, di abad ka 17, kungsi aya awewe nu >ngaku turunan > karajaan Sunda. Geus loba nu ngiluan, ngan kaburu >ditumpes ku > Walanda. Kitu deui perkawis peristiwa "Geger Cilegon" ( > Pemberontakan Petani Banten di tahun 1888). Kulantaran >patani > Banten diteken ku pangawasa (walanda + pribumi), aya >rasa "rindu" > ti masyarakat Banten, kana Kasultanan Banten nu >dibubarkeun > walanda. Akhirna mucunghul tokoh Haji Wasid jeung >Tubagus Ismail > nu dipercaya "ratu Adil" kunu ngariring barontak di >Cilegon di > taun 1888. > > Dina buku " Ratu Adil", Prof Sartono masihan sababraha >conto > kajadian di jaman kolonial karusuhan nu diakibatkeun >kapercayaan > kana "Ratu Adil" ieu. Ari intina mah karaman (karusuhan) >di jaman > kolonial di masyarakat patani di Pulo Jawa, loba >diakibatkeun ku > katekenna masyarakat patani ku sistem kolonial, nu >akhirna > masyarkat patani "rindu" kana dongkapna Ratu Adil. Pas >aya tokoh > masyarakat anu ngaku. Jadi klop, tungtungna jadi >karusuhan . Dina > buku sajarah di sakola-sakola, jarang nu nyaritakeun >ieu, salian > meureun anu sarakola di jurusan sajarah. > > Kapercayaan soal bade dongkapna "Ratu Adil" di akhir >jaman, > jigana lain monopoli masyarakat patani di Sunda jeung di >Jawa > oge, tapi oge di anak benua India. Nu ngadegkeun >Akhmadyah, Mirza > Ghulam Akhmad, dipercaya ku pengikutna "Imam Mahdi" >disaluyukeun > jeung ayana Hadist Nabi soal rek dongkapna Nabi Isa di >akhir > jaman. Mirza Akhmad oge, persis saperti tokoh-tokoh nu >ngangken > "ratu Adil" di P. Jawa, aya di lingkungan kolonial >(inggris) nu > neken masyarakat India jaman harita (ayeuna jadi >Pakistan). MGA > oge sami teu dipikaresep ku kolonial Inggris ditambah >teu > dipikaresep ku kalangan Islam sejenna. Markas Akhmadyah, >akhirna > pindah ka London Inggris. Naha pindah ka Inggris? Tah >didieu > anehna urang "bule". para pembangkang ti nagara >jajahanana, malah > sok lalumpatan ka nagara nu ngajajah. > > Akhmadyah lebet ka Indonesia di awal abad ka 20. Jigana, > kapercayaan Akhmadyah bisa ditarima ku sabagian Urang >SUnda jeung > Jawa nu umumna agamana Islam, kulantaran rada cocog, >jeung > kapercayaan nu geus nyampak di urang, nyaeta bade >sumpingna Ratu > Adil di akhir jaman. > > Ah......geus ngacapraks deui, tong dianggap nya, maklum >nu sok > nyanyahoanan. > > Baktos, > WALUYA > ======================================================================================== Semarakkan Ulang Tahun Kemerdekaan RI dengan mengikuti TelkomNet Netkuis 17-an Dari 17-08-2005 s.d 17-09-2005. Dan dapatkan hadiahnya..!! hanya di http://netkuis.telkom.net ======================================================================================== ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
