Bagea Kang Iwan, Nu kadangu ku sim kuring, memang cenah kitu, ekslusif. Ngan ari soal eklusif mah, sanes monopoli Akhmadyah wungkul, tapi oge aya sababarha aliran dina Islam nu sami-sami ekslusif (sok disebat harokah lamun teu lepat mah). Baheula di deukeut kantor kuring aya masjid hiji aliran, tah lamun urang ngadon shalat didinya, langsung dipel dibersihan. Aya deui nu kedah nikah kanu saaliran. Kuring teu terang naon nami eta aliran, tapi batur kuring aya nu ngiluan. Aya oge anu nikah, henteu lapor ka nagara (KUA), cukup ku ijab-kabul wae. Jeung seueur deui, mangga we tingali disabudeureun urang. Teu aneh, cenah di Amerika oge aya sekte model kitu, urang Amish kitu? (Baraya nu di Amerika panginten terang).
Ari ceuk kuring, bade ekslusif bade henteu, teu aya masalah satutung ieu aliran henteu ngabahayakeun kasalametan jelema (boh umatna atawa nu sejenna). Contona ngajak "bunuh diri" massal, ngahalang-halang anggotana lamun rek kaluar, maksa batur supaya biluk ka manehna nu teu biluk dirogahala. Tah upama aliran siga kitu mah kuring oge satuju dibredel oge. Tapi ari ngan saukur "beda" jeung urang mah, ah naha make dimasalahkeun teuing da ari kayakinan mah henteu gampang ngarobahna. Pan teu lucu lamun aya hiji aliran agama di nagara urang, pek dilarang nepika umatna diudag-udag, terus ngabrul ngarungsi ka nagara batur neangan kabebasan. Lamun tepi ka kitu naon bedana bangsa urang jeung urang Serbia nu ngabantai Muslim Bosnia, atawa kajadian di Darfur Sudan ayeuna, dimana Urang Arab Sudan ngabantai urang Hideung? Baktos, WALUYA --- In [email protected], "Iwan H" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Punten bade ngiringan kaleresan sim kuring gaduh pangalaman kantos ngobrol > sareng salah saurang aktifis jemaat ahmadiah. > Ngeunaan ahmadiah sakaterang sim kuring ajaran eta dilarang sabab dina > prak-prakanana maranehna ngaku yen sabada nabi Muhammad aya deu nabi nyaeta > Mirza Gulam Ahmad (pendiri ahmadiah), padahal dina ajaran Islam ditandeskeun > yen Nabi MUhammad SAW ngarupakeun nabi panutup, teu aya deui nabi sareng > rasul sabadana mantenna wafat. ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
