Assalamu'alaikum Punten
Upami tiasa eta pangwangunan bendungan jatigede teh urang sareng tokoh masyarakat sunda ngusulkeun upami dipindah ... lamun henteu ..kenten kintenna kumaha lamun eta situs teh dipindahkeun siga situs Ramses anu rek kakeueum ku Bendungan Aswan di Mesir kira kira tiasa moalnya..? sigana henteu nya ?? salam --- In [email protected], oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Wa'alikum salam wr wb., > Dulur-dulur sadaya, haturan tepang deui ti saprak aya kana samingguna si > kuring henteu baceo di milist. Hampura anu kateda, jalaran dina salami > saminggu teh, sakumaha anu diiberkeun ku Kang Akos, nyakitu, si kuring > leuwih loba meakeun wktu di darat. Urang tumbu catur perkara lalampahan ka > Sumedang-Cakrabuana-Panjalu tug nepi ka Garut ieu. > Enya si kuring kamari poe Rebo ngadong nuturkeun indung suku, lunta ka > wewengkon Sumedang-Cakrabuana-Panjalu tug nepi ka pasantren luhur Al Wasilah > di Garut. Alhamdulillah, lalampahan teh lancar teu aya halangan harungan di > jalan, jeung, loba anu kapanggih. Sugan aya tanaga urang dongengkeun di dieu > singgetna. > Ka Sumedang taya lian zaroh ka situs-situs anu aya di dinya anu upama > bendungan Jatigede jadi diwangun eta patilasan-patilasan teh baris kakeueum. > Ulah buru-buru suudzon ka anu mindeng zaroh. Saha anu terang, ti antara > maranehna teh aya anu milarian luluhur, aya oge anu nuju ngadata sajarah > bari nyambungkeun silaturahim. Apan ceuk dina Al Qur'an oge duduluran antara > jalmi-jalmi anu ariman mah teu kawates ku alam, tegesna nyambung ti kawit > alam lahir nepi ka alam batin. Atuh ayana pajaratan-pajaratan, nya ieu pisan > anu dipikasieun ku anu ngajajah baheula, sabab panglawungan di tempat-tempat > anu ngandung ajen sajarah, dina raraga mieling kapahlawanan anu dimakomkeun > di eta patempatan teh sok jadi hiji pamiangan keur ngalawan pangjajah; jadi > hiji hawu anu ngagedurkeun sumanget barontak kana pangjajahan. Lebah dieu > harti zaroh anu keur dileukeunan teh. > Patali jeung Sumedang, apan aya rencana nyieun bendungan Jatigede tea anu > baris neuleumkeun pusara luluhur urang Sumedang. Anu kapanggih bae catetana > kamari, aya 60 situs urang Sumedang-tunggal urang Sunda keneh (bayangkeun > lamun kuburan luluhur urang anu dipihormat ku urang baris kakeueum, apan > urang meureung sedih). Tina anu 60 teh 4 patilasan penting kamari > Alhamdulillah kalongok. Ayeuna data anu 60 ieu keur disusun jeung > digambarkeun dina kar (peta). Foto-foto nya nyieun ari nyieun nah mah, tapi > teuing jadi henteu na mah, maklum si kuring teu boga kamera anu hade, ari > rek nginjeum ka saha bae kamari teh teu kaburu, maklum pok-pek-prak tea > jurusna. > Di Panjalu....asana aya raratan Sanghiyang Bunisora duka Sanghiyang > Borosngora anu nganteng nepi ka alam kiwari. Keun engke sakalian nohonan > uleman upacara adat bulan rewah, sugan pareng kadinya deui, seja diteang > deui. Anu jelas cenah, anu lahir teh waruga tina anu batin. Ulah kabengbat > teuing ku anu lahir, tapi perlu merhatikeun anu lahir. Mataholang mah tetep > bae anu batin. Urang mah lain rek neangan, tapi rek nyampeur. > Hampura, upama dulur-dulur bingung, sarua kuring oge bingung. Eta mah > sakadar nepikeun ti salah saurang pupuhu lalampahan kamari. > Di Garut: Horeng geus nepi ka dinya Kang Ajengan? Nuhun atuh, pamugi bae > pelatihan pesantren jeung alam kakiwarian teh leres-leres tiasa ngabuktikeun > yen di alam pasantren mah teu aya "menara gading". Pamugi sagala rupi usaha > Kang Ajengan pikeun revitalisasi dunya psantren tiasa kahontal. Si kuring > mah ukur mantuan ku do'a bari jeung prak nyambung-nyambungkeun anu kahontal > migaweanana. Kitu bae bari ngaharewos ti anu suni.....Ngan...edas...eta > wangunan aula anu tina awi...Abah Olot ngaharewos: boa-boa ieu Saunggalah > teh, sabab apan sarua tina awi ieu si saung diwangunna teh. Duka > teuing...kumaha geletuk batuna, kecebur caina bae. Keu urang teang deui. > Cag heula. > Baktos, > manAR > > > On 8/31/05, akos kosasih <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Asmk.wr.wb. > > Wilujeng enjing baraya sadayana. > > Enjing-enjing sim kuring nampi sms ti kang Oman Abdurahman (Manar). Ayeuna > > anjeuna nuju zaroh ngalongokan kabuyutan-kabuyutan anu aya di Tatar Sunda > > maturan salah saurang sepuh urang (Abah Rahmat/Abah Olot/Aki Bedog). Anu > > parantos dianjangan diantawisna anu di sabudeureun Bogor-Cirebon- Kuningan. > > Dinten ieu si Mama nuju ka Sumedang-keun bade ngalongok > > Jatigede-Situraja-Sumedang-Panjalu. > > Kukituna, anjeuna nyunkeun pidu'a ti sadaya baraya mugi-mugi dina waktos > > panyabaan ieu anjeuna saparakanca kenging barokah ti Gusti Alloh SWT teu aya > > halangan harungan. Amin. > > Wassalam, > > baktosna akos > > > > __________________________________________________ > > Apakah Anda Yahoo!? > > Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap > > spam > > http://id.mail.yahoo.com > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang- Sunda.or.id<http://www.urang-sunda.or.id/> > > > > > > > > ------------------------------ > > YAHOO! GROUPS LINKS > > > > > > - Visit your group "urangsunda<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda>" > > on the web. > > - To unsubscribe from this group, send an email to: > > [EMAIL PROTECTED]<urangsunda- [EMAIL PROTECTED]> > > - Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of > > Service <http://docs.yahoo.com/info/terms/>. > > > > > > ------------------------------ > > > > > > > [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
