Ngalokan kana seratan kang Eddy, manawi ari tukang alok mah bakal dibabawa terus ku ki Dalang.
Nyakseni pisan kana seratanana, nuhun parantos ditamatkeun dongeng ti pilemburan ngeunaan jarah nyusud lakuning sepuh kapungkur mapay tapak baheula, nepi ka nyusud ka alam sorangan pisan ku cara midua alam. Dina hal ieu duka nu mana istilah anu pas kanggo ngawincik diri, naha midua alam atanapi mialam dua, naha midua raga atanapi miraga dua, mung keun we eta mah da moal ngirangan kana eusi anu nuju dipedar. Upami diwayangkeun naon anu dicarioskeun ku kang Eddy teh meureun sapertos kieu. Dewa Kamanusaan anu gelar di dunya moal bisa panggih jeung Sanghiang Tunggal nu aya di kahiangan kajaba lamun Dewa Kamanusaan salin jinis heula jadi Sanghiang Isamaya make tarekah mialam dua jeung miraga dua. Tidinya papada sanghiang bisa amprok sabab 'rarangkena' geus sarua, terusna lamun Dewa Kamanusaan hayang neruskeun perjalananana manggihan Sanghyang Wenang, sakabeh 'papakean' Sanghiang Ismaya kudu disaluyukeun deui jeung alam kawenangan, tidinya Sanghiang Wenang bakal turun nepungan Sanghiang Ismaya. Ari dijugjug diteangan mah, kudu kamana neangna da puguh anu wenang, gaduh kahoyong anu teu tiasa dipungpang Lamun Sanghiang Ismaya geus kasandingan ku Sanghiang Wenang (Nu Wenang) naon wae sapanejana tara teu diijabah, saciduh metuh sakecap nyata, sakereteg ati ngajadi, sakahayang tinekanan. Tapi biasana panggihna Dewa Kamanusaan jeung Sanghiang Wenang teh ngan ukur saelol-saelol wungkul. Kitu panginten anu karahtos ku sim kuring mah, neda dilempengkeun upami nyalenggor tina kasundaan. Baktos, ilen kardani ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
