On 9/5/05, sastranegara <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Eta " Eden in the East " kamdelna 560 halaman, geura pilari dina index > Sunda Shelf (Sundaland)1, 5, 80, 147, 160, 456, 479, 482. > Sundanese language 154. > Sundanese people, myth 288.
Sumuhun, kaleresan di dieu--kantor--ge aya bukuna teh... Memang ari ngeunaan Sundaland (katut sababaraha istilah geologis/geografis sejenna nu make ngaran Sunda) mah teu sakedik, tapi nu ngadadarkeun ngeunaan Sundana mah ngan sakedik pisan (basa Sunda kaca 154, mitos urang Sunda kaca 288, bari masing2 teu sakaca pinuh eusina ngeunaan eta). Anu dimaksad ku simkuring sanes maksadna US anu Banten / Jawa Barat > ayeuna. > Sundaland / Sunda Ageung tea nu mangrupa daratan pulau Jawa, Sumatra, > Kalimantan,Sulawesi.... > ngahiji jeung eta nagara - nagara ti mimiti China, Taiwan,Hongkong, > Hainan, Vietnam, Kombodia,Thailand, Myanmar, Malayasia. > Sanes dina buku ieu wae seueur artikel ti Universitas Columbia New York > City yen urang Indian Amerika oge aya asalna na ti daratan > Sundaland / Sunda Ageung tea. hiji conto kuring naliti jeung urang asal > Indian Amerika tangtunganana sami jeung US, ku kuring ditanya > ari "kampung" bahasa Indianna naon? Saurna "kampung / desa" oge > geuning sami jeung bahasa US. Tah ieu, geus sababaraha waktu jadi kapanasaran kuring. Naha ti mana mimitina istilah2 nu make ngaran Sunda populer? Naha ti saprak Ptolemi (abad ka-2?) atawa ti jaman naon? Jeung naon dasarna deuih? Naha relevan mun nyandingkeun kabudayaan di Sundaland jeung kabudayaan Sunda? Dina enyana ge, ceuk pamanggih kuring mah budaya Sunda teh mangrupa salasahiji ti sababaraha kabudayaan nu tumuwuh di wewengkon ieu. Sahingga tungtungna aya patarosan deui... ari bangsa Sunda umurna geus sabaraha milenium? Ralat sakedik, Sulawesi mah teu kaasup Sundaland. China ,,,,,,,,ngarantau ka taneuh sunda da hawa haneut tea, teras uih > deui ka asal maranehna bari nyandak bekel budaya anu tropis tea. > Moal aya US ngarantau ka kutub utara da hawa tiris pisan, ayeuna oge > di New York City ari dongkap usum salju da embung atuh cicing di eta > tempat komo deui zaman / taun 8400 katukang moal aya US dongkap ka USA > / China. Duka atuh, keur mah tehnologina can kawas kiwari deuih panginten nya... Boa ukur aprak2na nuturkeun indung suku migrasina teh, hehe... Disimpulkeun wae ku kuring saparantos "taneuh sunda" / Sunda Ageng / > Sunda land ka keu'eum nu janten pulau Jawa, Sumatra.....eta maksadna > taneuh > sunda. Ari budaya/mitos/lagenda tetep aya titinggalan ti US contona > kendang penca di Thailand ceuk urang Thailand oge kendang Jawa, oge > ngahaluangna > lagu-lagu di Kambodia , Vietnam saura jeung lagu Cianjuran ngan tos di > hakan ku waktu bahasa oge robah, geura tingali hurup Ha Na Nga Ca > Ra...US > eta hurup ngapangaruhan eta nagara nu disebat di luhur malihmah nepi > ka India eta hurup sunda teh. Dina sesembahan nyabit - nyabit nami > "Gusti" > nu Maha Tungal. Oge mitos-mitos sasatoan naga, garuda, buaya , oray eta > teh ti taneuh sunda tos aya teras dianggo dikembangkeun di India. Dumasar pangaweruh kabudayan umum nu diajarkeun di sakola, kabudayan2 buhun teh di antarana nu di Mesir, india, Yunani, Amerika, jst. Mun dibalikkeun, yen eta kabudayan2 teh asalna ti Sundaland, duka tah... Simkuring mah nganti2 keneh buktina, naha hanacaraka teh ti dieu ka India atawa ti India ka dieu, hehe... da geuning ceuk dongeng mah Aji Saka teh nulis hanacaraka dina abad kahiji almasih. Bandingkeun jeung di India, asana leuwih heubeul... Kade Kang JK hartosna eta US di eta buku tong dicandak sapertos Jawa > Barat anu US, anu leresmah taneuh sunda nu ngahiji jeung daratan > China,,, Tah, di dieu rada ambigu. US nu dimaksud teh (jaman Sundaland) lain US nu kiwari. Sebutanana ge geus beda deui panginten nya, Kang Yan... jk [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
