Teh Nenny, geuning seueur tafsiran "pancakaki" teh nya. Tiasa ditoong tina
jurus penca, gerak tari, oge teu kakantun genealogi. Nuhun teh kana informasina.
wasallam,
mh
nenny yunus <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sampurasun baraya, salemmbur ieu
Macaan " Pamca Kaki " ti baraya urang lembur ieu sadayana, abdi oge bade noong
tina panca kaki ti seni tari buhun anu katampi elmuna ku abdi ti kawit abdi
yuswa 5 taun.
Mirip jiga jurus penca panginten kang Yan, dina gerak gerik ibing buhun boh ti
klon boh ti priangan abdi nampi elmu ti pun biang seuseueurnamah.
Lengkah
1. lengkah kahareup opat lengkah atanapi dalapan, genep belas ( kelipatan 4)
2 eunteup puser alias cicing dihiji titik
3. lengkah serong bari nyandak sangkur/ salendang ku panangan katuhu kulep
atanapi
puterkeun ka sisi katuhuatanapi sabalikna.ka kenca
4. ti lengkah nomer 3 biasana ngan ukur gerakan ditempat ku sampean kagigir
5. lengkah katukang jeung muter giliran di anggona adu manis sareng gerakan
panangan kenca katuhu.biasa disebut lengkah pancer siga penca ngalengkah ka
opat arah mata angin teras cicing tumaninah di hiji titik.
Kitu saterasna diulang, tiasa opat etangan atanapi dalapan. ngan aya oge
etangan anu dugi ka lima siga dina tari sunda klasik .
Sadayana disebat Panca Ibing, pakem atanapi dasar LIMA
teras aya namina masagi atanapi opat adu manis, gerakan mastaka, panangan,
suku jeung, soca( pameunteu) neuteup lebah mana jeung kamana arah soca anu
kedah di anggo .
tah panca kaki sareng Masagi, ku sewang2 guru tari tos dirobih robih namina
tapi dasarnamah tetep ku hasil noongan abdi yen anu digunakeun teh sami
dina tari aya unsur, gerak nurutan unsur, cai, seuneu, taneuh jeung hawa/ udara.
kitu oge sok disurupkeun sareng gending/ musik pamirigna.
ke saterasna urang dialajar narilah pas bada lebaran , Insyaaloh ku Ambu
diwariskeun elmuna.
laju, hiji gerentes hate abdi, geuning maha karya karuhun teh seuseur makna
sareng seueur pulungananan hayu tinggal urang sewang2 carana miara sangkan ulah
tinggal mulasara, kitu hanca.
baktos
Teh nenny
sastranegara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Lamun dina jurus penca hartina
1. lengkah ka hareup,
2. lengkah serong,
3. lengkah ka gigir,
4. lengkah ka tukang,
5. lengkah silang.
sadayana "panca kaki"
Ieu teh dasar-dasar ngalengkah penca US kudu bener
heula lelengkah teh. salah ngalengkah kaburu
kateunggeul / katajong ku lawan.
Aya deui dasar-dasar lelengkahan
1. lengkah ka kaler
2. lengkah ka kidul
3. lengkah ka wetan
4. lengkah ka kulon
Eta ti nomor hiji nepi ka nomor opat disebatna masagi / pasagi
Aya istilah eta si akang teh tos masagi elmuna, meureun
jaman baretomah syeh-syeh ti arab anu bisa maca qur'an ditalar
sa kabeh qur'an di euteuk bari jeung heunteu maca eta qur'an.
Pasagi / kotak teh hartina "kabah" anu hideung.
Ari no 5. lengkah pancer , hartina ngalangkah ka pusat, jadi lamun
enggeus ngalangkah ka opat juru balik deui ka pusat.
Nya hatina balik deui ka tangtungan diri. Hartina sakumaha jati diri
NUR US teh.
Kalima teh hartosna bumi Allah, geuning manusa teh lelengkahana
ngan sa ukur balik deui ka Nur Allah / Nu Maha Asih /
Nu Nyiptakeun nu sok lelengkahan.
Kade upami ngalengkah ati-ati bilih aya kulit cau, nya upami ka injek
bilih tisoledat, kuring diditu sanes kulit cau tapi es batu da eta nuju
usum
tiris es batu teh aya sa kota, upami ngalengkah seueur sosorodotan
sakantenan metakeun diajar cicing bari ngalengkah di luhur es batu.
Oge bari diajar manaskeun raga dinu tiris pisan.
yan nyc
On Thursday, Sep 29, 2005, at 01:41 US/East-Indiana, mh wrote:
> Kang Enton, baheula di ieu milis kungsi dibahas
> istilah eta teh. Enya istilah "padagang kaki lima"
> tea. Mun teu salah mah, Bah Willy kitu nu ngintun
> artikelna teh. Mimitina mah kuring oge make jurus
> kirata, "lima kaki" ku kuring dihartikeun, "dua kaki"
> nu dagang, "tilu kaki" gilinding gorobak paragi dagang
> - "dua" gilinding gede jeung "hiji" gilinding leutik,
> nu jiga eretan timba. Hehehe.
>
> Tapi numutkeun pamanggih dina artikel "kaki lima" teh
> cenah asalna tina istilah urang inggris "5 feets",
> nyaeta trotoar jalan anu lebarna "5 kaki". Tah
> kulantaran kitu, nu daragang dina trotoar sok dsebut
> "pedagang kaki lima". Tah kitu cenah mah, dongengna
> teh.
>
> ===
> mh
>
> --- enton supriyatna sind
> wrote:
>
>> Alhamdulillah, simkuring kenging elmu anyar ti Kang
>> MH ngeunaan "pancakaki". Meuni tebih kitu geuning
>> nya, meuntas lautan. Sumpah, daek beunghar tujuh
>> turunan, simkuring nembe terang yen rumusan
>> "pancakaki" teh kitu. Hatur nuhun. Tah simkuring
>> meredih ka sing saha bae nu uninga, kumaha
>> asal-usulna bet aya istilah "pedagang kaki lima"
>> (PKL). Pan mun nu dagangna lalaki, paling seueur oge
>> "kaki tilu" (eta oge upami nu hiji deui nuju
>> jagjag).
>>
>> Wassalam
>> ESS
>
>
> =====
> Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
> [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
>
>
>
> __________________________________
> Yahoo! Mail - PC Magazine Editors' Choice 2005
> http://mail.yahoo.com
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk
> selalu mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
Please visit
http://www.silatbooks.com/
http://www.silatpdusa.com/
Please write
[EMAIL PROTECTED]
[EMAIL PROTECTED]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
---------------------------------
Yahoo! for Good
Click here to donate to the Hurricane Katrina relief effort.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
SPONSORED LINKS
Culture Bahasa indonesia Sunda
---------------------------------
YAHOO! GROUPS LINKS
Visit your group "kisunda" on the web.
To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
---------------------------------
=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
---------------------------------
Yahoo! for Good
Click here to donate to the Hurricane Katrina relief effort.
[Non-text portions of this message have been removed]
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/