Beja ngeunaan aya kuil hindu di Gunung Salak satemenna lain beja kamari ieu.
Sok sanajan kitu, hatur nuhun ka Kang Yayan anu parantos ngahudangkeun deui
ieu jejer.
 Ti saprak diwangunna kuil Hindu di Gn salak anu mamawa jejer Prabu
Siliwangi, si kuring nganti-nganti komentar ti para inohong Sunda. Sigana
kulantaran si kuring teu imeut mariksaan rupa-rupa media, komentar-komentar
anu dipiharep teh teu acan kapaluruh sadayana. Nya - kusabab inohong
budayawan Sunda anu kahontal ngobrol teh keur sawatara ieu Abah Surya (AS),
si kuring kungsi ngobrolkeun perkara eta ka anjeunna. Waleran sareng
komentar anjeunna pakait sareng jejer Prabu Siliwangi anu kamari-kamari ieu
dipostingkeun jeung dipadungdengkeun ku dulur-dulur urang, jejer anu nyutat
tina pamadegan Kang Ajip Rosidi (AR) dina sawala pangwangunan dina tatapakan
budaya lokal.
 Numutkeun AS, kajadian ayana Pura Hindu di Gunung Salak anu dikaitkeun
sareng Prabu Siliwangi dina jihat asal-usulna tiasa disawang tina jejer
budaya, pasna mah lebah "fill in" dina budaya. Hiji budaya tiasa
direvitalisasi, di-fill in (dieusian), tiasa dimekarkeun oge tiasa dipupus
(didelete) gumantung urang. Upami urang henteu ngayakeun revitalisasi
budaya....budaya urang tiasa dilebetan ku budaya seler sanes (di-fill-in).
Tah kitu pisan anu kajantenan dina "kasus" pura Hindu di Gunung Salak anu
dikaitkeun sareng "mitos" Prabu Siliwangi.
 Mitos atawa lain eta hiji perkara, namung kanyataan yen carita atawa
"mitos" ngeunaan Prabu Siliwangi (PS) teh geus aya dina kasadaran kolektif
Urang Sunda, eta perkara sejen anu perlu dipikiran. Hartina, PS teh geus
jadi salah sahiji tina unsur budaya anu tumuwuh di masyarakat Sunda,
pernahna mah dina lebah ajen-inajen. Upama ieu kasadaran kolektif teh henteu
direvitalisasi, mangka baris aya seler sejen anu "ngamanfaatkeunana". Harti
revitalisasi di dieu taya lian ti neuleuman kalawan jero tur neangan
ajen-inajenna sarta dihirupkeun deui ku cara ngamaknaanana luyu jeung
pangabutuh jaman; tuluy disosialisasikeun bari ngawangun kreativitas tina
makna anu anyar ieu.
 Kukituna...upama PS henteu direvitalisasi-komo ditinggalkeun mah da "mitos"
tea-seler sejen geus siap (malah geus dimimitian) ngarawu ieu tokoh PS. Na
matak naon upama PS teh dimaknaan jeung dikotektak enas-enasna salaku
falsafah kasundaan. Malah mah muka keneh kasempetan yen naon anu dilakukeun
ku PS teh (PS ceuk mitos wae heula) tiasa paralel sareng visi "rahmatan lil
'alamin" anu cenah visi Islam tea. Saterusna ieu makna teh diturunkeun jadi
program kagiatan sapopoe.
 Kusabab kitu, "mitos " PS ceuk kuring mah masih relevan pikeun
digulang-gaper, diwacanakeun, dietangan makna anu payus jeung alam
kaayeunakeun. Lamun US teu sanggup ngayakeun revitalisasi kana "mitos" PS,
ulah kaget upama Pura Hindu atas nama PS -atawa malah gareja atas nama PS
oge- kahareup baris mahabu.
 Cag.
 baktos,
manAR


 On 10/3/05, :: Yayan Mulyana :: <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> punteun sateuacaana kamaqri teh didaerah bogor nu
> gunung salak na teh aya parayaan urang hindu.. tah
> didinya teh manehna ngadameul pura ceunah mah kitu
> manehna aya katurunan siliwangi da kamari teh tos
> sabulan ceunah mah paraayaanna teh teras pas kaping 30
> september panutupanan malihan aya gubernur jeung
> pajabat2 balina kadinya teh da kuirng oge kungsi
> ningali eta puri teh.. pas kaping hijina jelegur bali
> di bom.. ach mereun culangung di gunung salak meren..
> wassalam
>
>
> KUIL DI KAKI GUNUNG SALAK
> http://www.merbabu.com/artikel/kuil-gunung-salak.html
>
>
> Di kaki gunung salak, Kabupaten Bogor, ada kuil Hindu.
> Orang menamakannya sebagai kuil Prabu Siliwangi.
> Mengapa begitu sebab orang hindu dari bali sengaja
> membangun kuil itu sebagai penghormatan kepada Prabu
> Siliwangi, Raja Pajajaran yang dianggap telah berjasa
> mengembangkan agama hindu. Terlepas dari perbedaan
> anggapan, apakah benar Prabu Siliwangi beragama hindu
> atau bukan, yang jelas, begitulah yang dikatakan I
> nyoman Radeg, pendeta hindu yang bertanggung jawab
> sehari-hari di kuil itu.
>
>
> Sumber: Majalah Misteri september 2001
>
>
>
> ___________________________________________________________
> To help you stay safe and secure online, we've developed the all new
> Yahoo! Security Centre. http://uk.security.yahoo.com
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
> mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>


[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke