http://www.mangle-online.com/view.php?id=03091141541&kategori=Fiksi&klasifikasi=Cartibag
kanggo nu resep cartibag
Getih Para Satria WirataTITIS tulis takdir ajali,
kersaning Hyang Batara Agung, Bharatayuda tinggal
nungguan waktu mustarina. Usaha pamungkas Kresna, jadi
duta kaadilan, gagal nyanghareupan gurat batu
Duryudana. Pon nya kitu panglelemah para sepuh Astina;
Widura, Bisma, Guru Dorna, Guru Kripa, atawa Prabu
Drestarata. Saestu taya nu metu.
Hiji
Lir karang tengah sagara, karep Suyudana pageuh teu
beunang diongget-ongget. Carekna, geus kagok kapalang,
kajeun nyangkere ngabala bangke, raga paturay jeung
nyawa, tibatan masrahkeun deui Indraprasta ka Padawa.
Antukna, mekel manah handeueul, Sri Kresna kapaksa
mulang (deui) ka Wirata, tempat Yudhistira sadudulur
titip diri sangsang badan. Sarengsena ngajalankeun
hukuman, dua welas taun lamina, disambung sataun
nyamur ngabadega di Wirata, Pandawa sareng Dewi
Drupadi, henteu incah balilahan. Tetep renggenek
nyaosan pangangken Prabu Matsyapati.
Para putra Pandu suwargi kapaksa nampi kaheman Raja
Wirata, tina bingung teu aya piliheun deui. Nya kitu,
mun tea mah kedah ngantunkeun Wirata, ka mana ngadon
mihapekeun diri. Nagara Amarta keukeuh dikeukeuweuk
Suyudana. Ka Astina, dumeh aya tuang ibu, Dewi Kunti,
lian ti kapirama Widura, sareng tuang eyang kakasih,
Resi Bisma, keneh-keneh numpang di nagara batur.
Ongkoh-ongkoh manaha teuing bakal dijejelehna. Malah
lain boa, tapi pasti, ku Suyudana sadudulur, langsung
ditundung disina nyingkah. Tampolana dianggap anjing
jarian.
"Abong geus titis-tulisna," gerentes manah Sri Kresna.
"Perang Bharatayuda teu beunang dihalang-halang, teu
bisa diulah-ulah."
Bangun apal kana pibakaleun, usum katiga manjang
leuwih ti biasa. Maju genep bulan campleng, taya
kembang-kembang pihujaneun. Langit garing warna perak
kahuru. Panonpoe sabatae nyebarkeun sinarna. Ulah
wayah tengah poe, dalah isuk-isuk hawa karasa panas
pohara. Beurang karasa manjangan. Kila-kila marcapada
bakal katarajang musibat rongkah.
Matak watir nyaksian tutuwuhan-sasatoan. Tatangkalan
kareri ngarangrangan lain wayah. Daunna ngalakay. Eusi
leuweung bangsa uncal, mencek, banteng, atawa gajah,
baregang hese dahareun. Lantaran jujukutan lila teu
katinggang hujan pisan. Dalah maung atawa ajag rea nu
rangkebong. Sarua gara-gara leuwi tinggoletrak saateun
cai.
Ti luhureun mega malang, Kresna ningali ka handap.
Tegal Kurusetra ngampar meh satungtung deuleu. Sanajan
hulu-tunjangeunana suku gunung alas roban, tanahna
angar kabina-bina. Ceuk sakaol, saestuna dewa ngahaja
nyiptakeun Kurusetra, geusan pitempateun perang
rongkah. Perenahna wates Astina jeung Wirata, rada
ngaler-ngetan ti Amarta.
Wujudna bubulak lega. Tanahna teula. Teu kaop
kahaIodoan meueusan, teuas ngabetrak, rarewag reujeung
bareulah. Iwal eurih-jujukutan, teu katembong aya
tatangkalan. Bumi-langit dibandingkeun jeung kaayaan
sabudeureun.
Ceuk sakaol keneh, sagala rupana titiron Tegal Rambat
Kapanasan atawa Si Awat-awat. Tegalan lega pohara,
wates alam marcapada-mayapada. Kahalangan Lawang
Selamatangkep, ka dituna jog ka Sawarga Jonggring
Salaka. Karajaan para dewa.
Tegal Siawat-awat lain tincak-tincakeun manusa biasa.
Iwal jelema kakasih dewata. Panasna rebu tikeleun
panas wayah tangange di alam dunya. Kawantu panonpoe
ukur dua-tilu rongkongeun jauhna.
Sakolepat Kresna cunduk payuneun Pandawa Lima. Naon
rupi kajantenan di Astina, langsung dibejer-beaskeun.
Ti kawit anjeunna sumping, tug dugi ka mayunan
sisikepan Duryudana. Gemet teu aya nu kaliwat. Kalebet
waktos teu kiat nahan amarah, sarta teu sadar nepak
dada paling kiwa. Mangkaning Dewa Wisnu teu kendat
ngawawadian, Kresna ulah babari ngagugu napsu. Mana
komo nepak dada beulah kenca. Balukarna, ilang musna
jirim Kresna, gentosna janggelek buta raksesa,
jangkung badag meh mapapakan anak pasir.
Wisnu murka. Robah jasad triwikrama. Panangan
manglaksa-laksa, mastaka aya puluhna, ulal-elol letah
seuneu deuk ngahuru alam dunya. Ana ngalengkah, jagat
inggeung badis diendag lini indungna. Alam pramudita
siga-siga deuk kiamah. Pirang-pirang gunung urug.
Sawareh tingjelegur mudalkeun eusi beuteungna.
Untungna dewa teu kapalingan. Semu
walahwah-weuleuhweuh, Hyang Narada gancang ngahuit nu
keur amarah. Marcapada teu tulus jadi leutak. Wisnu
mulih deui ka jatina. Ngahiji deui jeung raga Kresna.
Kilang kitu, Duryudana teu ieuh barobah sikep. Tetep
ngajak Pandawa perang anggeus-anggeusan.
"Rupina Akang teh teu tiasa nyumponan kapalay salira,"
saur Kresna, neuteup raray Raja Amarta di pangbuangan.
"Tuang Raka Raja Anom Astina, keukeuh milih perang
tutumpuran!"
Raos abot nataku, Prabu Semiaji kapaksa tumampi
kersaning Hyang Widi. Dijejeran Sri Kresna kalih Raja
Wirata, anjeunna lajeng ngayakeun babadantenan. Hasil
barempug sadaya, paralun kakantun laku ku pihak musuh.
Ulah ngantosan enjing-pageto, kedah age-age ngeprak
balad, para sobat kulawedet.
Atuh bur-ber miang-ngiangkeun sajumlahing utusan ka
manca-nagara. Badaratna, nguningakeun, yen bebengkahan
antara Pandawa sareng Kurawa, kapaksa bakal
direngsekeun di medan perang. Sajabi ti eta,
nyanggakeun serat panuhun, eusina mambrih bantosan,
malar kersa ngiring jurit nyarengan para putra Dewi
Kunti.
Teu mangkuk saminggu, para utusan nungtutan mulang.
Mokaha, pirang-pirang nagara siap ngintunkeun bala
bantuan. Pon nya kitu para raja katut ratuna. Di
antarana; Prabu Drestaketu ti Nagri Cedi, Maharaja
Magada Jayasetna, Juyudana Raja Satwata, Prabu Rukma
ti Nagara Boja, jeung Prabu Drupada, Sinuhun Agung
Raja Pancala.
"Ka Kurawa, aing neundeun ceuceub ti baheula," saur
Prabu Drestaketu, bingah sanes meumeueusan. "Saurkeun
ka Sinuhun Prabu Yudhistira, ulah galideur pilakadar
ngalawanan anak-anak Drestarata!"
Teu kirang teu langkung sikep Raja Magada. Sarengsena
ngilo serat, langsung paparentah ka para ponggawa
nagara. Siapkeun pasukan perang. Embarkeun ka amba
rahayat, Magada baris milu perang suci. Ulah ngadagoan
dipenta, naon anu bisa disumbangkeun ka Pandawa,
buru-buru kumpulkeun.
Rada benten sisikepan Raja Satwata. Bubuhan aya terah
pinandita, sanaos sami siap mantuan para putra Pandu,
manahna teu burung nyeblak. Paralun sanes gigis dumeh
kedah ngiring perang. Nanging, ngemutan
pibalukareunana. Kangaran-ngaraning perang, pasti
bakal pirang-pirang jadi korban. Katambih-tambih
perang Bharatayuda sanes saperang-perangna. Luyu
sareng sesebutan, perang pupuh tutumpuran. Moal eureun
samemeh salah sahiji tumpur.
Upami ka nagara sejen, cekap miwarang ponggawa
petingan, husus ka Pancala ngahaja ngutus Arjuna.
Tatamu dipapag ti lebah gapura keneh, tina sono liwat
saking, mangtaun-taun teu tepang. Sajajalan muru ka
lebet karaton, Prabu Drupada pok deui-pok deui
nyebatkeun: "Memang geus waktuna, Pandawa balitungan
jeung Kurawa. Ama pribadi teu weleh-weleh panasaran,
hayang geura mulangkeun panghina jeung kanyeri ka Resi
Dorna," saur Prabu Drupada.
Sakitu welas taun ka tukang, jaman Pabu Drupada masih
keneh jenengan Sucitra, sarta Dorna tacan
mantra-mantra jadi resi, duanana sasat sobat
sakolah-sakolih. Naha atuh ari maju ka kolot, ganti
jadi sasatruan. Puncakna, eta dua sobat dalit,
ngalaman silih wiwirang. Malih Prabu Drupada kantos
kedal ucap: rup ku padung, rap ku lemah, raga paturay
jeung nyawa, kana bakal marakayangan, mun can nyaksian
Resi Dorna, ditigas jangga diala pati. Hanas teu tiasa
ku anjeunna nyalira, sugan ku seuweu-siwina.
Ngadangu laporan para tusan, manah Yudhistira
reugreug. Singhoreng sakitu reana raja-ratu nu miasih
ka Pandawa. Kantenan Raja Wirata katut para
putra-sadarekna; Seta, Wratsangka, sareng Raden Utara.
Keur mah eukeur antara Prabu Matsyapati sareng Pandu
Dewanata suwargi, katalian sobat-baraya. Turug-turug
Si Bungsu Sekar Kadaton, Dewi Utari, pasini pakait
ati, dipigarwa Raden Abimanyu. Anu mawi, majar Prabu
Matsyapati sapala-putra sareng sasaderekan, siap
bebela ka Pandawa, tebih tina ukur lalambe.
Sayaga, samakta, geusan nyanghareupan perang, sasat
jadi pamandangan sapopoe di Astina. Teu eleh kesit ku
Pandawa, Suyudana haget ngeprak ponggawa andelan ka
nagara alas peuntas. Utamana nagara patalukan.
Maksudna, naon deui lian ti hayang dibantuan perang.
Salawe nagara teu kurang siap bebela ka Kurawa;
Bahlika, Trigata, Kamboja, Kosala, Kalingga, Gandara,
katut likuran karajaan sejenna.
Ngitung waktu, milang mangsa, hasil babadamian dua
pihakanana, perang bakal dimimitian, bulan kadua poean
kalima belas. Perang Bharatayuda perangna para satria
pinilih. Disaksian para dewa, boh Pandawa, boh Kurawa,
wajib ngestokeun sawatara aturan. Singsaha wani
ngarempak, dewa bakal ngahukuman.
Lilana perang sapoe-sapoena ditangtukeun, ti mimiti
srangenge medal nepi ka mungkur tukangeun gunung.
Minangka tangarana, bakal aya sora tarompet dibarengan
kalantaka. Di luar waktu eta, bujeng silih begal
nyawa, sanajan semet adu polotot, henteu pisan
dimeunangkeun. Aturan sejenna, munding rarakitan, kuda
papasangan, ratu lawanna jeung ratu deui. Satria lawan
satria. Patih atawa adipati teu kaci nyanghareupan
prajurit-ponggawa biasa.
Gelut-gulet, ijen-tutunggalan, wajib saimbang sagala
rupana. Pacuan, nu saurang lengoh, nu saurang deui
mekel gobang atawa pedang. Ngoroyok, ngabongohan,
atawa ngala pati musuh nu geus taluk, keneh-keneh
kaasup pantrangan. Hukumanana kawilang beurat. Siga
kumaha wujudna, tinggal tungguan wawales dewa. Luyu
dawuhan Hyang Otipati: saestuna perang Bharatayuda,
wuwujudan hukum karma. Takdir jeung pinasibeun para
prajurit, gumantung binih pepelakanana.
Caturkeun Karaton Mandaraka sepi-simpe. Prabu Salya
kalih ingkang garwa, Dewi Setyawati meujeuhna ngungun
ngemu kabingung. Lami duanana ngabetem. Kitu-kitu
manah sareng emutanana ngaranclang ka mana-mendi.
Sakapeung aya di Karaton Gajahoya, Nagara Astinapura.
Kalan-kalan aya di Wirata. Sakapeung ngalangkang
kalakuan tuang minantu, Raja Astina jeung Adipati
Awangga. Kalan-kalan waas nyerangkeun polah-pamulu
Para Putra Pandu.
Pangpangna Prabu Salya, cacak teu sadar sagalana kersa
dewa, hayang teuing misah dunya, ulah sabumi-sajagat
reujeung tuang mantu anu dua. Anu hiji, Duryudana,
gila ku sarakahna. Lian ti songong, licik, reujeung
resep hasud. Diojok-ojok Sangkuni, kalakuanana beuki
mangprung. Ngarah, ngarinah, ngagerejud boga batur,
jadi kalangenan sapopoe.
Anu hiji deui, Karna. Paralun jahat-sarakah. Ngan nya
kitu sombong-balaga taya bandingna. Carekna, salegana
jagat pramudita aya dina dampal leungeunna. Humayua
Banowati jeung Surtikanti daek dipihukum raja sarakah
reujeung balaga.
Pati-pati Duryudana putra-mantu, Salya jangji lebet
ati, di mana perang Bharatayuda lumangsung, moal arek
biluk mantuan pihak Kurawa. Anu mawi barang mendak
warti, majar perang kari nganti mustarina, anjeunna
lajeng mundut widi istrina, seja aya di pihak Pandawa.
Sageuy Dewi Setyawati teu ngajenghok, ngadangu
kasauran Prabu Salya. Naha carogena milih mantuan
Yudhistira sadudulur, batan ngareugreugan Duryudana
katut para Kurawa lianna? Enya ari sarua lain sasaha
tea mah. Ka Pandawa Salya katalian sipat anak. Utamana
ka Nakula jeung Sadewa. Margi ibuna Si Kembar, Dewi
Madrim suwargina, tulen rai saibu-sarama. Tapi, apan
Duryudana teh salakina Banowati. Naha payus mana
mantuan mantu pituin, dibandingkeun jeung seba raga
pedah kasebutna sipat anak.
Sajaba ti eta, ingkang putra Burisrawa, Raja Bahlika,
ti payun ikrar bakal satia-satuhu ka Kurawa. Kantenan
Karna, Adipati Awangga, wantu-wantu ngarasa dijait
tina wiwirang. Malah tuluy dijatnikakeun, tina asal
anak kusir, unggah harkat, diangkat jadi adipati di
Awangga.
"Bisa jadi kalakuan Akang kaasup nirca. Teu umum. Teu
munasabah. Nyaho anak-minantu butuh bantuan, kalah
hayoh milih biluk ka pihak Pandawa," pindel Prabu
Salya.
"Nya kitu, cacak wenang ngahalangan, kahoyong teh ulah
dugi ka ngantunkeun Astina. Buruk-buruk papan jati,
haseum sangu bau lauk, Duryudana jeung Karna teh sasat
anak-anak urang keneh. Ongkoh-ongkoh bade dikumahakeun
nasib Si Burisrawa? Piraku kedah patelak sareng
getih-daging pituin?" waler Dewi Setyawati, emut ka
putra pameget hiji-hijina.
Namung niat Prabu Salya parantos pageuh. Moal mandang
anak-sanak, ukuranana salah jeung bener. Najan jati,
ari buruk, majarkeun teh, deuk naon araheunana.
Paling-paling lumayan dipake suluh. Sok sanajan bau
lauk, jang nanahaon sangu haseum, kuriak ngundang
pipanyakiteun.
Rerencepan Salya medal ngantunkeun Karaton Mandaraka,
maksad nepangan Pandawa di Wirata. Naha atuh dasar tos
kitu kedahna, kalakuan Prabu Salya kauninga ku
Sangkuni. Gasik Raja Anggadara nepungan Duryudana di
karaton.
"Kacida cilakana upama tuang rama, Prabu Salya,
kabujeng biluk ka musuh. Teu kasawang, teu kagambar,
saha engke nu rek sanggup ngalayanan kasaktenna,"
cenah, ceuk Sangkuni, tutas milu cuh-cih paparentah,
nitah ponggawa pilihan megat Salya.
Pinter-licikna Sangkuni, Raja Mandaraka niat ditipu.
Di mana Salya kapegat, buru-buru uningakeun, yen putra
kakasih Banowati meujeuhna teu amang wales. Sageuy
ngadangu buah kanyaah teu damang, manah Salya henteu
gancang kagugah. Perkara Banowani kasampak teu
sakara-kara, Sangkuni cadu kapetolan akal.
Titis tulis gurat kodrat. Anu lumaku teu laju,
lantaran kapegat beja teu raos manten. Rurusuhan Raja
Mandaraka malikkeun kareta kudana. Dituturkeun ku
prajurit Astina, anjeunna lajeng muru Karaton Gajah
Hoya. Barang dugi, Salya langsung sadar, lauk asup
kana buwu. Teu tiasa hujah-hojah. Beurat jeung kapaksa
nataku, naon deui nu tiasa dilakonan, iwal tumut-manut
kana kahayang Duryudana.
Suka ati Patih Sangkuni. Bungah pohara Raja Astina,
Suyudana. Kurawa henteu tulus kaleungitan pamanggul
jurit petingan. Katambahan Prabu Salya, kakuatan
Astina beuki rempeg. Aya kasepuhan Resi Bisma, Guru
Dorna, lian Patih Sangkuni. Hanjakal Widura keukeuh
nolak milu perang. Mani teu beunang
diolo-disingsieunan. Carekna moal teh, tetep moal!
Bulan kadua, bulan tumanggal. Tinggal popoean deui,
perang Bharatayuda dimimitian. Kaayaan sabudeureun
Kurusetra beuki haneuteun. Beulah kidul tempat para
Pandawa. Beulah kaler tempat wadyabalad Kurawa. Boh
Pandawa, boh Kurawa, ngahaja ngadegkeun wawangunan
husus. Lian ti pikeun sasayagaan, pangreureuhan,
sakalian tempat barempug ngatur siasat.
***
Dua
TINA mumunggang anak gunung, pakemahan Randu Watangan,
tempat para Pandawa masanggrahan, mung katingal
runggunukna. Aneh. Padahal wanci tacan wengi-wengi
teuing. Ning, naha langit meh ngagebleg katutupan mega
hideung. Karah ka mana heula Hyang Erawan, dewa
kawasaning bulan, lain geura-geura nembongan? Boa-boa
digebrag Batara Surya.
Surya... Surya .... Teuing ku naon. Beh dieu-beh dieu
teu kaharti boga laku kitu. Teu kaop nenjo Batara
Erawan liar, langsung ku manehna dibuburak. Siga pisan
embung nenjo batur senang. Boa-boa meupeus-keuyang,
pedah rea dewa rada dengdek ka Pandawa.
Teu karasa peuting ngarambat maju wayah janari leutik.
Lebet pakemahan Yudhistira katingal ngawitan tiasa
kulem. Sabada ampir sadidinten badanten, kedah kumaha
mayunan perang Bharatayuda. Kenca-katuhueunana, Nakula
sareng Sadewa langsung ti payun ngageubra tibra.
Tunjangeun anjeunna, Arjuna bangun sesah meureumkeun
socana. Meusmeus kulisik. Meusmeus kulisik. Sakapeung
gigisik, duka nyingkirkeun naon tina socana.
Arya Werkudara onaman kantenan. Iraha teuing Bima
kabejakeun sare. Luyu jeung tangtunganana, ti
leuleutik tutur purah jadi jagabaya rai-rakana. Bareng
jeung sajumlahing prajurit, Bima milih ngajaga luareun
tenda saderek-saderekna. Maung ngamuk gajah meta,
samemeh ngaganggu dulur-dulurna, wajib adu hareupan
heula jeung Gajah Pandawa.
Sepi-simpe kaayaan sabudeureun pasanggrahan Randu
Watangan. Da kitu apan parentah sinuhun ratu. Iwal nu
kabagean jaraga, pacuan ulah ngamumubah awak. Lantaran
perang Bharatayuda teh merlukeun tanaga rongkah.
Katambah-tambah lain perang leuleutikan. Lain
sakeudeung-keudeung perang. Teuing
pisabaraha-lilaleun. Biheung bulan, biheung taun.
Bumi-langit kaayaan Bulu Kapitu, tempat para Kurawa
masanggrahan. Kawantu dicontoan luluhurna. Majarkeun
teh, mangpang-meungpeung perang tacan dimimitian,
matak naon sukan-sukan, pesta ngigel mamabokan. Lain
bae dicontoan, tapi sasat dihucuhkeun. Alesanana,
sakalian supaya nambah kawani. Nyucudna, salah saurang
luluguna, nya eta Sangkuni.
Beurang-peuting pasanggrahan Bulu Kapitu katut
sabudeureunana, rame ku nu marabok. Luar-jeroeun
kemah, galemprah, pasolengkrah, para prajurit-ponggawa
weureu arak, brendi, tuak, ciu, jeung naon ku hanteu.
Poe kaopat-welas, maleman perang munggaran. Langit teu
sakumaha bengras. Kilangbara caang-mabra ilaharna
poean manjing purnama. Lain boa, tapi deukeut-deukeut
kana enya, Hyang Erawan jadi teu pati ludeung
liliaran, gara-gara mindeng dibuburak Batara Surya.
Ah, deudeuh teuing Erawan ....
Sakeudeung deui beurang nembongan. Lalaunan wayah
ninggalkeun wanci janari. Hawa rada barobah. Tina
tiis, tiris nurihan kulit, jadi semu-semu haneut. Ti
kamari, ti mangkukna, para prajurit dua pihahakana,
geus singsarwa sayaga. Para prajurit Kurawa di beulah
kaler. Pandawa di beulah kidul. Beureum-koneng bandera
jeung umbul-umbul perang, bawaeun ka pakalangan.
Hasil juru telik mata-mata, Pandawa leuwih ti heula
apal, saha anu bakal jadi pamanggul jurit ti pihak
Kurawa. Bisa jadi lantaran perang munggaran, cukup
mercayakeun ka Citrayuda, Citrawarma, Citraksi, jeung
Carukcitra. Tukangeunana, minangka lalapis gelar
perang Jaladri Bengkah, Burisrawa papasangan jeung
Raden Laksamana Mandra Komara, putra makuta Astina.
Lapis katilu kakara para satria petingan; Jayadrata,
Karna, Prabu Susarma, Raja Trigata, jeung lian-lianna.
Samemeh disambung kasepuhan Bisma jeung Dorna.
Gelar jaladri bengkah. Ngandelkeun jumlah rohaka, para
prajurit Pandawa karepna deuk digulung, digaley,
disapu nepi ka mundur. Manglaksa-laksa tentara buta,
paparin Batara Kresna jadi andelan Kurawa (baca:
lalakon Kresna Gugah).
Ngukur kana kakuatan musuh, Kresna milih para putra
Wirata sina mingpin perang. Bingah manah Arya Seta,
Utara, jeung Wratsangka, dipercanten majeng
pangpayunna. Malah cacak teu pada ngahulag, Raja Sepuh
Prabu Matsyapati, seja ngiring makalangan.
"Tacan waktosna," saur Kresna, raos kayungyun ningali
sumanget kasepuhan, sakitu ngabebelana.
Warna koneng semu hurung, tungtung langit beulah
wetan. Bareng jeung kurunyungna Hyang Surya, sora
tarompet jeung kalantaka kadenge ka mana-mendi.
Kabejakeun parat ka lapis langit katujuh. Tacan repeh
sora tangara ngawitan perang, burudul ngabrul para
prajurit ti kaler-kidul. Badis dua bendungan
dibedahkeun. Papaheula nuju tengah-tengah tegalan.
Sakedet Kurusetra pinuh ku para prajurit. Itu wani,
ieu nguntup, barang amprok der ... rebutan nyawa jeung
pati.
Perang jol campuh. Awang-awang pinuh ku kekebul.
Aya resep, aya ketir, ngabandungan para prajurit
bebela ka lemah cai. Resep nyaksian
teuneung-ludeungna. Adu kesit, adu palinceng, nyerang
jeung nyingcetan jurus musuh. Ketir ngadenge
koceak-jerit, prajurit nu kabongohan. Tingharegung nu
ngararasakeun kanyeri. Pegat-pegat sora nu keur
ngaleupaskeun nyawa. Celak-celuk sora nu hayang
ditulungan. Sawur jeung trang-treng-trongna sora
pakakas perang diaradu jeung baturna.
"Majuuuu! Seraaangngng! Awas! Modar!" Tingcorowok,
tinggorowok, teu puguh dedengean.
Wanci pecat sawed, tan wilangan bugang korban
peperangan. Mangratus-ratus tandu bulak-balik ngakutan
nu taratu. Tanah angar Kurusetra dak dumadak salin
jinis. Warna beureum mimiti minuhan salegana tegalan.
Kaangin-angin bayu katiga, bau hanyir sari hangru
sumebar ka papat madhab. Beuki beurang perang beuki
meuweuh. Layon jelema pacampur jeung bugang kuda katu
gajah.
Gagah-dangah, ieu aing dipercaya jadi pamanggul jurit,
Citrayuda negarkeun kudana. Bubuhan tunggal murid Guru
Dorna, dibandingkeun jeung karereaan prajurit, ulin
pedangna tembong rada nyongcolang. Tina luhureun
tonggong kuda, leungeun kenca-katuhuna teu
eureun-eureun mubat-mabit. Puluh-puluh prajurit
Pandawa bra-bru rarubuh. Aya nu kasabet dadana,
katiruk beueungna, gudawang tonggongna, teu saeutik nu
sirahna ngagelenceng.
Dibantuan dulur-dulurna, Citrawarma, Citraksi, jeung
Carukcitra, Citrayuda beuki samemenna nyebarkeun
sasalad pati. Boga rasa teu manggih lawan sapantar,
laju nyorowok nangtang ijen satria Pandawa Lima.
"Mana Si Bima! Hayoh maju Arjuna! Lawanan aing Nakula!
Sadewa!" cenah.
Boro-boro tepi karungu ku Bima, Arjuna, Nakula, atawa
Sadewa. Lantaran kateureuy rupa-rupa sora di
pagperangan.
Citrayuda mindo. Sakali ieu mah dibantuan
dulur-dulurna, nangtang Satria Pandawa naker wewesen.
Ning, angger sora Citrayuda sadudulur, teu nepi
buntut-buntutna acan. Tungtungna, Citrayuda ngeprak
para pajurit Astina, supaya babarengan nyorowok.
Semet tepi kana pagdangu Satria Wirata, Raden Utara.
"Citrayuda! Ulah neangan nu euweuh! Keneh-keneh rek
ngadon sosoroh kojor, matak naon lawanan aing!" Raden
Utara ngagitik kudana.
Tali kadali ditarik ka palih kenca. Si Dawuk malik. Ti
dinya berengbeng lumpat, nohonan parentah dunungan.
Meulah gundukan prajurit musuh, suku kuda milu
ngaburak-barik wadyabalad Astina. Nyepak, nejeh,
nincak, jeung ngadupak. Teu kungsi lila srog ... Utara
jeung Citrayuda adu hareupan.
"Bebenjit bau jaringao!" Citrayuda, kapaksa
ngalayanan.
Der ... silih intip, silih sabetkeun tungtung pedang,
selang-selang adu tapis ulin kadali. Giliran Citrayuda
rada unggul, ger... kareungeu sora surak ti beulah
kaler, dibarung engklak jeung jimbrut. Sabaliknya
nyaksian jagona kadeseh, nu tadina surak motah, ganti
ceuleumeut jeung raranjugan. Paur nyaksian aduan
kariripuhan.
Semet unggul pangalaman, ning eleh wewesen, Citrayuda
mimiti mindeng kabeunangan. Tina lebah puhu leungeun,
tuur, jeung tonggongna, tingberebey getih pacampur
jeung kesang. Katambah-tambah Utara punjul tanaga.
Antukna, dihin pinasti, cunduk dawuhna, duka
dikumahakeun ku Utara, dangheuak awak Citrayuda
ngadangheuak. Memeh ragrag tina luhueun kuda. Barang
pada muru, breh ... getih beureum ulaweran, tina lebah
kekemplogna.
Citrayuda perlaya! Pamanggul jurit Kurawa ngurangan
saurang. Tinggal Citrawarma, Citraksi, jeung
Carukcitra.
"Kurangajar Si Utara! Hutang pati bayar pati!"
Citrawarma maju niat balitungan. Huntuna kekerot.
Dadana ngagigdir.
Utara rikat taki-taki. Tapi, gorowok sora Arya Seta:
"Mundur Raden! Keun, nu ieu mah bagian Emang!"
Utara kapaksa ngelehan.
Citrawarma komo. Turug-turug lawanna banteng-bebenteng
Nagri Wirata: Arya Seta. Saha nu bireuk! Lain babad
lain tanding. Bonteng diadu jeung kadu. Nugar cadas
make etem. Ceuk nu bohong, sakiceup kadua jungkel.
Nasib Citrawarma teu eleh watir. Malah bisa jadi
leuwih-leuwih. Beuheungna gorowong dirojok gobang
congona.
Panonpoe ngawitan lingsir ngulon. Pihak Kurawa
kaleungitan deui pamanggul jurit. Badis ruhak
diseuneuan, amarah Citraksi langsung ngagugudag. Seak
... niat narajang Arya Seta. Eta nu didagoan. Teu
nungguan dimanggakeun, Wratsangka teu eleh rikat mesat
pakarang.
"Halik Paman!" pokna, ka Arya Seta.
Bati olohok-hanjelu, Arya Seta kapaksa nyingkir.
Sanasib jeung lanceukna, Citraksi ukur ngadon sosoroh
nyawa. Lauk nyampeurkeun panggangan. Awakna parat
katiir tumbak Wratsangka.
Giliran Citra saurang deui, Carukcitra tandang
ngalayanan jago Wirata. Ngarasa ieu aing leuwih kolot,
Arya Seta keukeuh menta diidinan maju deui. Pokna teh,
"Emang asa ganggarateun. Budak mah bisa iraha deui. "
Teu bisar majar kumaha. Utara jeung Wratsangka, eleh
deet. Kitu-kitu kukulutus mah teu burung. Basana teh,
mani euweuh kaseubeuh. Padahal matak naon sakali ieu
mah, kolot ngelehan ka budak.
Opat satria Kurawa paragat. Beja pabeja-beja. Warta
pawarta-warta. Laun-laun Suyudana apal adina
saopat-opat, jadi korban satria terah Wirata. Piraku
teu asa dihuru amarah. Ngulit bawang babarian ongkoh.
Teu kaop katoel mamaras, gampang murang-maring meupeus
keuyang.
"Gara-gara Paman!" Suyudana burial buncelik. "Naha
milih Citrayuda, Citrawarma, Citraksi, jeung
Carukcitra, jadi pamanggul juritu utama? Naha lain nu
lian?"
"Siasat ... siasat Raden ...siasat ...," sora Sangkuni
dumaregdeg.
"Lamun enya siasat, teuing kumaha carana, Si Seta, Si
Utara, jeung Si Wratsangka, ulah ngalaman deui poe
isuk!"
"Emang nanggel," cenah.
Handapeun langit maju ka sore, perang tambah ragot.
Sok sanajan eleh rea, Pandawa perangna unggul. Gelaran
perang Jaladri Bengkah, beunang ngararancang Sangkuni
sabatur-batur, dilawanan Galudra Ngapak. Di hareup
minangka pamatuk, Arya Seta diaping Utara jeung
Wratsangka. Teuneung ludeung, leber wawanen, piligenti
ngaburak-barik gulungan ombak prajurit Kurawa.
Jangjang kenca jeung katuhu; Gatotgaca, Abimanyu,
Sencaki, jeung Erawan. Kapeto jadi cacakar;
Drestaketu, Prabu Rukma, Drestajumena, dipingpin jago
kolot ti Dwaraka, Patih Udawa. Tengah-tengah minangka
awakna, Bima sadudulur, ditambih kasepuhan; Raja
Wirata, Pabu Drupada, jeung Arya Gandamana.
Sedeng Kresna, kumargi teu kenging ngiring perang,
tara tebih ti Yudhistira. Pancenna, ngaping-ngajaring
kasalametan Pandawa Lima, di sagigireun janten
panasehat agung. Nya anjeunna nu nangtoskeun, saha
sareng kedah kumaha-kumahana mayunan para Kurawa.
Aya hujan gugundukan tengah-tengah para prajurit
Pandawa. Ana disidik-sidik, singhoreng lain hujan
samanea. Turug-turug hujan naon, matak kalabur
prajurit. Malah teu saeutik nu tingjarungkel, tuluy
ngosod kokosoan henteu hudang-hudang deui.
"Naha aya hujan aneh teuing," saur Yudhistira ka
Batara Kresna.
"Anu mawi Akang nuju ngemut, saha nu gaduh lakuna."
"Kang Raka, gara-gara hujan salelewek, pirang-pirang
prajurit Pandawa nemahan pati," pokna deui, sabada
tambih yakin, sanes sahujan-hujanna.
Kresna enggal nyauran tuang rai panengah Pandawa.
"Moal saha nu boga dosana," cenah. "Hujan aneh
salelewek, hujan rebuan jamparing, pasti buah
kalangenan Tuang Eyang, Resi Bisma. Ngan naha Eyang
Resi siga niat numpurkeun wadyabalad Pandawa?" Paralun
Bisma kagungan niat nyarem-numpurkeun para prajurit
Pandawa. Hanas anjeunna ngaluarkeun salah sahiji
pakarang petinganana, seja nguji tuang wayah. Nepi ka
mana pangawasa para putra Pandu. Pangpangna palay
uninga, meunang naon bae, ladang Arjuna peurih-perih,
teu bosen-bosen tatapa, lian ti nyukruk-guguru ka
pirang-pirang wiku-pandita.
Bingah galih Putra Gangga. Sabab hujan jamparing
dibales angin badag campur seuneu. Moal salah, pasti
Arjuna nu boga gawe. Nya ieu meureun di antarana,
ladang Arjuna lalaku mangtaun-taun. Bagja tinemenan
....
Perang poean munggaran lekasan.
***
Tilu
PASANGGRAHAN Bulu Kapitu. Duryudana meujeuhna
amuk-amukan. Teu beunang dilelemah, teu bisa
dibangbalerkeun, gara-gara kaleungitan adi
saopat-opat; panyakit ngulit bawangna kanceuh jeung
maceuh. Wuwuh watir nyaksian Sangkuni ditunjuk rorek,
dicarekan, dijejeleh, teu dianggap kolot sapisan.
Cacak-cacak teu buru-buru disina nyingkah, boa
buntutna manjangan.
Rada reuhreuy amarahna, sabada Dorna pok deui-pok deui
jangji: "Saksian ku salira, enjing Tuang Eyang kalih
Emang, bakal majeng," cenah, ceuk Resi Dorna, ngareret
ka sapaliheun.
Nu direret gasik ungeuk.
Eyang Resi kalih Maha Guru baris langsung mingpin
jurit! Kinten sapanyeupahan, Batara Kresna teu tiasa
sasanggem. Perang kakara ngalalanyahan, nanging jago
sepuh jol makalangan. Naha ka marana para satria
Kurawa sejenna? Ka mana Karna, Jayadrata, Burisrawa,
katut para raja patalukan?
Lami-lami Sri Wisnu teu burung misaur. Kresna yakin,
Resi Bisma sareng Guru Dorna, semet kapaksa majeng ka
medan. Bisa jadi niat ngabubungah Suyudana, lantaran
dina poean munggaran, pihak Kurawa sasat karoroncodan.
Lian ti kaleungitan pirang-pirang prajurit,
saopat-opat anak Drestarata tinemu ajal. Ku kituna
pati-pati baris mayunan lawan abot, moal waka
ngetrukkeun jago petingan. Sawios Bima sosorongot
hoyong diwidian mapag yuda, ngayonan Tuang Eyang kalih
Maha Guru.
Putusan babadantenan, tilu satria Wirata; Utara, Seta,
sareng Wratsangka, tetep janten pamanggul jurit utama.
Pon nya kitu deui minangka lalapisna, masih keneh
dijejeran para putra-putu Pandawa; Gatotgaca-Abimanyu
saparakanca.
"Dugi ka mana ketak Eyang Resi kalih Maha Guru, sae
urang bandungan heula," saur Kresna.
Ucap Kresna, ucap dewa, saha anu wani mungpang.
Sarerea percaya, pasti beunang nimbang sagala rupana.
Malah mal boa ladang nganjang ka pageto. Jang nanahaon
dewata masihan gegaman Gambar Lopian. Piraku ukur
didamel hiasan diri. Naon hartina kaancikan Hyang
Wisnu, upami teu uninga rusiah dunya.
Dintenan kadua. Waas nyaksian dua jago kasepuhan
mingpin jurit. Tunggang kareta kancana, nyorendang
gondewa, panangan kiwa nyepeng kadali, palih tengen
mekel tumbak, soca buringhas hurung kadia panon
heulang, pameunteu taya riuk-riuk suda tanaga. Ceuk nu
kungsi ngalaman, lebah dangong-dangongna, asa ningal
jaman belejagna. Bisma Putra Gangga. Bambang
Kombayana, satria sabrang lautan. Duanana Hese tanding
suda lawan.
Cacar bolang, babad eurih, bra-bru ... prajurit musuh
jadi korban pedang-gobang, dua jago kasepuhan. Beuki
siang ngamukna bujeng ngirangan, kalah lir maung
bayangan. Pihak Pandawa kateter. Antukna para prajurit
kapaksa dititah mundur. Namung, siga nu kahuru napsu,
nyaksian musuh kalabur, duanana rikat ngaluarkeun
jamparing.
"Tiwas Yayi! Tuang Eyang kalih Maha Guru siga nu niat
anggeus-aggeusan. Kapaksa ku Yayi layanan heula!"
dawuh Kresna, miwarang Arjuna ngalawanan dua
kasepuhan.
Prajurit Pandawa teu tulus jadi korban wewesen Resi
Bisma jeung Guru Dorna. Sabot kitu, Utara, Seta, jeung
Wratsangka, beuki ngangseg. Lila-lila srog .... Utara
jeung Wratsangka adu hareupan jeung Dorna. Seta milih
ngajajal kadigjayaan Resi Bisma.
Ngindung kana aturan perang, teu meunng maen koroyok,
Utara leuwih ti heula maju. Abong budak ngora, kurang
jeujeuhan, getas harupateun, ngagugu teuing kawani.
Guru Dorna dilayanan adu jamparing. Karo-karo mikeun
beuheung teukteukeun, nyodorkeun tikoro gogorokeun.
Sarua jeung pasrah raga mikeun nyawa.
Iwal Arjuna, di sakolong langit, saha nu bisa
nandingan Dangiang Dorna. Sirweda Danurweda, kitab
kahot kagunganana, eusina pinuh ku elmu mentang
jamparing.
Satemenna manah Guru Dorna teu wasa, kedah tarung
tutunggalan, ngalayanan musuh saumur incuna. Jago
kahot dilawanan budak satepak. Estuning piit
ngalawanan heulang. Lain pitandingeuneun.
Sababaraha kali Maha Resi, ngahaja masihan omber,
malar Utara ulah ngamumurah awak. Sakapeung
jamparingna ngahaja sina mabur ka jauhna. Kalan-kalan
semet niat nyingsieunan, nyiriwik nyipat mastaka Putra
Wirata. Mun teu kitu, panah musuhna siga diantep, sina
ngahujanan awakna. Geus deukeut kakara ditangkisan ku
gondewa.
Ngarasa teu beunang dipikanyaah, sakali kieu mah
kapaksa Dorna nujulkeun jamparing kana lebah beuheung
kuda. Angkeuhanana, sugan ku cara kitu, Utara milih
mundur. Cenah masih keneh hayang perang, neangan deui
lawan nu sejen.
Kuda tunggangan Raden Utara rubuh, beuheungna parat
katiir jamparing. Tapi, Utara kalah asa dilicikan.
Tilu, opat, tujuh jamparing dipentang disakalikeun.
Mokaha Guru Dorna rada kaririweuhan.
"Aeh-aeh ... bet teu beunang dipikanyaah," Dorna
ngawitan jengkel. "Kresna deuih ... hayoh
ngasong-ngasong budak bolon," cenah deui. Ret ka
jauhna. Breh ... Duryudana jeung Sangkuni mureleng
nenjo ka lebah anjeunna.
Nyandak jamparing simpenan, Guru Dorna mesat tali
gondewa. Teu kungsi lila biur ... ukur karasa anginna.
Sakolepat Utara ukur kabujeng nyepengan dada, samemeh
nyuuh teu tiasa gugah deui.
Utara perlaya. Wratsangka langsung mesat pakarang.
Seak narajang ti heula. Karepna, Guru Dorna rek diajak
naker tanaga jeung ulin pedang. Sabab karo-karo ngadon
paeh, ngalawanan Dorna ulin jamparing. Jago kolot
pacuan tong dianggangan. Kudu diangseg diala heula
tanagana. Ulah rusuh gurung gusuh deuih. Lantaran
pasti asak pangalaman. Apal pirang-pirang jurus musuh.
Geus limpeu kakara disakalikeun.
"Hatur punten Maha Guru," Wratsangka teu poho
mintonkeun rasa hormatna, bari muba-mabit tungtung
pedang.
Sakapeung deuk sagejos-gejoseun nyodok tikoro.
Kalan-kalan tinggal saramo deui nyodet beuteung. Mun
teu kitu cacak teu rikat ngagilek, nujul nojo
kekemplong.
Dasar Guru Dorna, wiku luhung, resi sakti, gudang
sarupaning aji jaya kawijayaan. Elmu naon nu teu
nyampak di anjeunna. Wratsangka salah kabina-bina,
nganggap pandita terah Resi Baradwaja, ahlina ngan
semet ulin jamparing. Atawa boa poho, karah ti saha
para putra Bharata, palinter jeung palinceng
ngagunakeun rupa-rupa pakarang.
"Baeu ... Wratsangka ...," Dorna ngabageakeun nu niat
males pati.
Ukur henteu gampang teuing siga nyanghareupan Utara.
Disaksian Pandawa Lima jeung Kresna, hiji deui satria
terah Wirata bobor karahayuan. Wratsangka gugur.
Buru-buru layonna pada ngurus. Tuluy dicandak ka
pasanggrahan. Engke, satutasna perang, bareng jeung
layon satria-satria sejenna, nembe sakalian
disucikeun.
Gagah ingapapak, sakti manggulang-mangguling, Arya
Seta kagurnita ti baheula. Payus mun Nagri Wirata,
najan karajaan leutik, cadu dijajah nagara deungeun.
Pirang-pirang kali Raja Astina, Suyudana, niat
ngaranjah. Malah kungsi ngeprak wadyabalad sajumlahing
nagara patalukan. Tapi, teu weleh neumbag,
nyanghareupan wewesen Arya Seta.
Arya Seta tapis ngagunakeun rupi-rupi pakarang;
limpung, kolewang, bandring, kantenan gada, pedang,
tumbak, sareng panah. Sajaba ti eta ngagem aji
sabangsa halimunan, tiasa niron-niron laku dedemit
atanapi siluman. Jirim leungit teu katingal, ngiles
lir diteureuy bumi.
Ning abong manusa, boga rasa ieu aing punjul ti batur,
Arya Seta katarumpangan sipat sombong. Ka nu lian
resep ngahina-nyacampah. Ana ngukur harkat batur, mun
lain harta-pangkatna, dumasar aji-pangartina.
Mangkaning dawuh dewa, sakali Arya Seta leungit
wiwaha, milampah laku balaga, alamat leungit sagala
rupa kasakti. Malikna jisim apes kabina-bina. Bujeng
tiasa ilang ngaleungit, atawa atos bojana kulit,
biheung mahi ngalawanan budak leutik.
Hawa panas minuhan salegana dada Arya Seta. Cacak teu
kagok asong, hayang teuing mulangkeun kanyeri, perang
ngalayanan Guru Dorna. Tapi, Resi Bisma kaburu aya
hareupeun. Sajaba ti eta, taya salahna merenan heula
Bisma, samemeh marieuskeun leungeun katuhu Bagawan
Kombayana. Angkeuhanana, mMeungpeung kakara maju ka
beurang. Waktu perang lila keneh.
Ret ka luhur, sakeudeung deui panonpoe nengah jagat.
Kahalangan anggang puluh-puluh deupa, Resi Bisma
meujeuhna tatan-tatan. Nyaan lain jelema samanea.
Kolot semet umurna. Pareot ukur kulitna. Aki-aki wates
jirim jeung tangtungan wungkul. Nilik dangongna
nyanghareupan medan perang, teu eleh gagah ku karerean
satria. Siga kumaha jaman ngorana. Mangsa pada nyebut
Bisma Putra Gangga. Eta sorot panon, gila
hurung-mancurna. Pelongna badis perong maung bayangan!
Tapi Arya Seta cadu milah-milih lawan. Panonoe panceg
luhureun embun-embunan. Hyang Surya memang ngahaja
buru-buru anegleng lempengan puseur marcapada.
Lantaran hayang tumaninah nyaksian perang tanding dua
satria andelan. Langit cangra beda ti biasa. Kaayaan
Kurusetra awas katingal ti mana-mana.
"Baris kumaha nasib Arya Seta" Yudhistira naros
ingkang raka Kresna.
"Gumantung dirina," waler Sri Wisnu.
"Naha?"
"Saestuna, iwal dirina, moal aya nu bisa ngelehkeun
Arya Seta."
"Kantos diuningakeun?"
"Kantenan. Ning, masing emut, Kurusetra teh tempat
beberesih. Anu mawi, mending urang bandungan," cenah.
Ditongton sakumna prajurit, para satria, katu raja dua
pihakanana, tarung ijen antara Bisma jeung Arya Seta
jol ragot. Majar Bisma luhung elmu, kebek pangalaman,
tutur mayunan musuh-karaman, kasaksen ku sarerea.
Diajak pakesit-kesit, teu eleh rikat jeung pelit.
Ngadu pakarang harianeun. Malah waktu Arya Seta ngajak
patapis-tapis mentang jamparing, manehna meh-mehan
katitiwasan. Untung kaburu emut kagungan aji
halimunan. Beak koredas panah Arya Seta. Giliran Bisma
males nganggeuskeun usik musuhna, dak dumadak jirim
Arya Seta teuing ka mana.
Ganti jogol selang-selang silih intip pati ngagunakeun
pakarang lianna. Pirang-pirang kali, pedang, gobang,
jeung candrasa Arya Seta, asa deuk nyayang dina iga
burung lawanna. Ning, nyamos deui-nyamos deui. Aya wae
ketak pamungkas Bisma, geusan nyinglar pibalaieun.
Teu karaos panonpoe mimiti mudun ka beh kulon. Saha nu
eleh nu meunang, tacan mantra-mantra katingal.
Salangkung Seta perangna rada unggul. Kawantu
meus-meus ngaleungit. Keudeung ngiles nyiluman.
Namung, tacan cukup pikeun ngarubuhkeun jago sepuh.
Tug dugi ka sakali mangsa. Kurusetra dadak sakala
jempling. Para prajurit dua pihakanana, sami teu aya
nu kedal ucap. Ampir sadaya ngabarigeu. Panon bae
tingpolotot teu puguh, bari lolobana duka awas duka
henteu.
Dalah pihak Pandawa, Yudhistira sadudulur, ngajalajar
badis patung. Sora ambekan katahan, alon
kaangin-angin. Sakapeung, pangpangna Yudhistira,
katingal kakalieusan, teu wasa nyaksian Tuang Eyang,
Resi Bisma bangun nuju nunggu-nunggu dawuh.
Bisma kabongohan. Teu pati sidik, duka bagian salira
palih mana, anu kasabet pedang lawanna. Mung eces
jentre, atra sanajan ti katebihan, getih beureum
maseuhan anggoan
perang anjeunna. Demi Arya Seta, duka teuing aya di
mana. Saperti biasa, jirimna ilang.
"Tobat Seta ...," Resi Bisma melas-melis.
Sakur nu ngadangu langsung asa tingsariak awak. Para
Pandawa ngareluk. Iwal Bima, sarerea ngawitan ragrag
cimata. Sanaos unggul perang, saha nu iklas kaicalan
Kangjeng Eyang anu sakitu miasihna. Duryudana katut
Kurawa mimiti tingjarebeng, ngarasa lebar
ditinggalkeun jago andelan.
"Seta unggul! Bisma gugur!" sawatara prajurit Pandawa,
lila-lila teu tahan nadah kabungah.
Geus kitu mah, der ... ger ... diturutan ku nu
sejenna, dibarung surak ayeuh-ayeuhan.
Kagagahan ulah dipake balaga. Diri dipahing umaing,
sombong-songong, ngarasa jadi jelema pangjagona. Kitu
unggeling wawadi dewa, waktu ngalungsurkeun aji-sakti
kagagahan, bekel Arya Seta di pangperangan. Sakali
lali kana wawadi, buahna hamo salah, diri apes, ilang
musnah sagala kadigjayaan. Bujeng tiasa ical
ngaleungit, kiat nadah pakarang perang. Dalah
dibaledog pucuk eurih, raga paturay jeung nyawa.
Nya kitu nasib pamungkas Arya Seta. Saha nu teu agul,
bisa ngungkulan kalinuhungan elmu perang Resi Bisma.
Cilakana, Arya Seta teu apal kana akal-akalan lawanna.
Poho saha saestuna ari Bisma. Resi leubeut pangalaman,
ahli jurit, tukang perang, kantenan uninga kana rusiah
pati Arya Seta.
"Sugan teh heueuh Bisma jago perang. Mana horeng parok
jeung wujudna, aki-aki peot maju ka linglung," ceuk
Arya Seta, ditungtungan seuri rangu ngagakga
salila-lila. Eureun-eureun, mastakana ngagelenceng
disabet jamparing Bisma! [MANGLE: 1930, 11-17
September 2003]
___________________________________________________________
Yahoo! Messenger - NEW crystal clear PC to PC calling worldwide with voicemail
http://uk.messenger.yahoo.com
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/