Amin...!
Ceuk beja anu dibejakeun deui, jeung ceuk rasa anu karasa, ratu adil
teh aya di diri pribadi; bakal kapanggih kusaha bae anu geus apal
jeung neuleuman diri pribadi. Eta ratu adil teh ngasncik dina nurasi
(sanubari) tiap-tiap jalma. Ngan hanjakal, lolobana jalma ayeuna geus
ngabohongkeun (teu malire) kana sora anu ngagalendeng tina sanubari,
kusabab kalolobana urang geus leuwih percaya ka jalma anu tuh hartana
tuh dunyana......

Wallahu'alam.

A.Gibson


















--- In [email protected], ":: Yayan Mulyana ::"
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Mapag Tahun ngajajap bulan nginget-nginget datangna
> poe tur napakuran menit, ngasuh detik nu nempel dina
> sang bayu anu diasuh ku sang ratu
> Kalawan Hurmat
> 
> kaula kalawan gusti, nepungan kaarandika nu aya di
> tatar pasundan, kaula mere bewara ka jalma anu garti,
> ngarti kadiri jeung asal diri, tur maranehna sok
> ngasuh kalimahna anu dua. Moal manggihan kaula ka
> jalmaanu teu mapaykeun asal kokocoranana, ti mimiti
> ieu alam dicipta kunu Maha widi Dzat Waja Ajala, nu
> Maha Murbeng Alam, anu mayungan siang kalawan wengi.
> Kaula geus aya di harepeun arandika, hai para jajaka,
> geura narindak anjeun ka jalma-jalma anu make kedok
> anjeun ulah ngabohongan diri andika sorangan! kiwari
> geus waktuna andika narindak, tapi nindakna ulah ku
> kasar keun bakal dibantuk ku kaula, kula datang teu
> ngahaja tapi datang di utus ku sang Rumuhun ti
> pajajaran, yen kudu ngabejakeun naon-naon nu bakal
> kalakonan di harap ieu, bakal aya barang pakeuwuh anu
> datangna ti dapur, anu bakal parebut paham antara
> adina jeung lanceukna, ari nu dipaseakeun paisan
> kosong, an teu acan pararuguh marebutkeun dalung tanpa
> eusi maebutkeun paisan kosong, anu diparebutkeunna
> dagangan elmu akidah anu dipake dalih nyaeta Hadist
> jeung Quran, harita teu nyaho jatina Al-Quran, naon
> atuh ari jatina Quran jeung naon ari hartina Quran
> diri, hamo ku maranehna moal kapanggih! sabab
> maranehna teu percaya ka karuhunan sorangan atawa
> ranggeyanana sorangan, ari karuhun batur di aku di
> dama, masing kalah kumaha oge moal-moal kapanggih,
> aranjeun kakarek ngalaksanakeun iman mardud nyaeta
> Ngayatakeun kabeneran Rosulluloh SAW, ari nurutan
> tingah polahna henteu. Sok arandika ari dihayang di
> aku turunan kaula geura ngaraku, ku jalan babakti
> jeung papada kaula, kaula geus teu butuh naon-naon,
> ngan kaula hayang di aku ari carana teu hese.
> Carana : dina mangsa bulan aleum kuning, peuting anu
> sepi jempling hawar-hawar sora jangkrik jeung sora
> simeut di sarada pikalucueun mapaesan sepi jemplingna
> peuting anu pinuh ku cahya anu dibareungan ku ratusan
> juta para cahaya, ari angin ngahiliwir ngahudangkeun
> pepelakan anu ngajadikeun ciri wujud ayatna nu Maha
> Widi, anu kudu diakraban ku manusa anu ngabogaan
> papakem, angin datang ti sababaraha panjuru arah,
> wetan kulon kidul jeung kaler sarta luhur jeung handap
> sakabehna nembus kana jajantung myulusup kana jejero
> kalbu sumarambah kajero bayah sarta ngancik dina ati
> sanubahari, anu bisa ngagugah kana tapakurna diri,
> napakuran alam Sagir jeung alam Kabir anu aya di tatar
> sunda ieu khususna nya Umumna di saluruh muka bumi,a
> nu pinuh ku papaes anu indah sarta munggah jalma anu
> napakuran. Panggihkeun babak nyalira, wujudna asal
> diri, supaya hanteu manggihkeun kalimah kalih, sok ku
> anjeun tempo ka belah kaler pek panggihan dulur di
> kaer, sanajan kapanggih paling oge ngan saukur gunung
> sarta lamping anu dipapaesan ku nyurugna cai! tuluy
> tanya, pasti jawabna panggihan weh dulur di wetan,
> tuluy indit deuika belah wetan ngan saukur sang bayu
> anu ngahirupkeun sarta ngoyagkeun tangkal samoja anu
> nangtung disisi paesan! sok geura tanya ku andika
> pasti jawabna tanyakeun wah ka dulur anjeun di kulon,
> ari nu dikulon ngan saukur paesan anu katempo
> taringgul tutunggul sarta di hias ku lukut anu hejo,
> ari jawabna tuh dulur anjeun di beulah kidul nungguan,
> sok geura panggihan dulur anjeun pasti anjeun
> manggihan gunung anu lenang, jawabna pek ku anjeun
> geura tarulisan ku ayat asmana nu Maha Widi nyaeta
> pepelakan, anu geus di dathkeun Ku Maha Widi, tah
> engke pasti papanggih jeung jatina diri sata papanggih
> jeung jatina kalimah sahadat. Tah engke dini hiji
> waktu papanggih jeung kaula anu disebut jajaran Ratu Adil
> 
> 
>               
> ___________________________________________________________ 
> How much free photo storage do you get? Store your holiday 
> snaps for FREE with Yahoo! Photos http://uk.photos.yahoo.com
>








------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 




Kirim email ke