Baheula waktu keur budak keneh di lembur kuring ari bulan ramadhan kieu teh sok masantren kilat nu diayakeun di sakola sewangsewangan.Sanggeus bubar masantren disakola biasana babaturan kuring sok ngajakan ngojay di leuwi ari ku kabeneran balik ti sakola teh kurang leuwih jam sabelasan,terus ka leuwi nu rada jauh jeung neangan nu beresih leumpang kira-kira sa jam.puguh we sampe leuwi panas poe langsung ngojay karasa ni'matna bari gogonjakan jeung babaturan.Balik deui ka lembur geus jam 2.30.langsung nyiapkeun bebeledugan(lodong),beres asar der we patarik-tarik sora... waas ku sorana we kuring mah sampe ayeuna can pernah deui aya jiga bebeledugan,agem,weweg,handaruan teu jiga berecon/petasan teu ngeunaheun kana ceuli...teuing batur mah.Kira-kira jam limaan beres mandi,langsung menta duit ka kolot da geus matuh dititah meuli es balok(di lembur uing karek aya listrik taun 83,jadi can aya nu boga kulkas.bari nguriling neang depot es nu can beak ngabrik jeung babaturan naek sapeda aleut-aleutan....teu karasa maghrib teh da meuli es meni ngantri.ngilu taraweh jeung si bapa.bari keur budak mah ngadon heureuy di tukang.deuh..endahna jaman baheula. Loeragoeng landeoeh,Koeningan1980.
[Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
