Haturan kang Gibson,
 Hapunten nembe mairan danget ieu dina jejer umajak filsafat Sunda. Teu aya
sanes, pakupis ku cicing bae (istilah dulur-dulur di milist eta teh, bakat
ku olohok ningal kadariaan nu sanes :) ).
 Kalintang sim kuring ngabageakeunana kana pangajak salira dina jejer
filsafat Sunda. Memang sakapeung ngulik atawa neuleuman filsafat teh siga
anu teu nyambung kana kahirupan sapopoe, tapi eta teh saliwatan wae, sabab
ari satemenna mah --ceuk filosof kahot abad 20 ti dunya wetan - teu aya hiji
oge tindakan manusa anu teu didasaran ku filsafat; atawa, ku cara lain
diebrehkeun yen sadar atawa teu sadar sabenerna unggal jelema dina nyieun
hiji tindakan eta dumasar kana filsafat anu dituturkeun ku eta jelema.
Perkara naha eta jelema sadara kana aliran naon filsafat anu jadi hambalan
tindakanana, eta sejen perkara.
 Kukituna, Insya Alloh kapayun sim kuring bade ngalokan...ku patarosan wae
mindengna mah, sugan pareng kitu oge aya taroskeuneunana. Da nyakitu atuh,
ceuk cenah, pananya anu hade oge nuduhkeun tingkat pangaweruh anu hade.
Rumasa si kuring mah sepi harti suda pangabisa dina filsafat teh. Karuh
cenah siga anu apal kana kamekaran filsafat? Eta mah bane wae kungsi
bucu-baca atawa ngabandungan kuliah filsafat, kitu ge satengah-satengah.
Jelas sim kuring mah rek diajar ka salira, meungpeung ieu lolongkrang geus
dibukakeun.

Ngan....kulantaran mapag poe lebaran...sigana urang teruskeun engke wae nya
bulan Syawal. Sok sanajan kitu, ka sugri sadaya anu bade mairan
ayeuna-ayeuna ieu, mangga, diantos kacida.
 baktosna,
manAR
On 10/29/05, kang_gibson <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
> Haturnuhun, wilujeng boboran siam & minal a'iddin wal faidzin....
>
> Hi..hiii..., moal kang abdi mah moal pernah ngaraos bosen; tong boro-
> boro ngan sakadar seueur ditaros, dikritik, dalah dugika dicarekan,
> moal abdi mah moal pundung. Pikeun abdi naon oge wujudna moal weleh
> ditinggal tina jihat anu positif. Sanes basa-basi kang, insya-allah.
>
> Numutkeun pamadegan abdi, hal anu prinsip (sacara "kuantitatif") anu
> ngabentenkeun agama sareng budaya nyaeta, nu kahiji: dina hal
> hubungan antara manusia jeung Pangeran. Dina waktu manusia ngagem
> agama, kasadaran hubungan dirina jeung Pangeran sifatna langsung,
> sahingga beragama=bertuhan (bertuhan = beragama). Bertuhan bentuk
> eusina, beragama bentuk formalna. Sedengkeun dina budaya, kasadaran
> manusia kana aya+upaya berhubungan sareng Pangeran sifat kasual
> (bersebab, hubungan antara). Dalah, bisa disebut (kangge kasus
> tertentu) taya hubungan langsung antara agama sareng budaya (kitu
> kasatrna mah). Tatapi, waktu hiji jalma beragama (percaya ka
> Pangeran, berketuhanan) eta jalma perlu ekspresi kultural kangge
> ngebrehkeun (ngaktualisasikeun) wujud percayana. dina islam contona
> (Islam, margi ete anu abdi terang), anu disebut amal shaleh taya
> lian ti aktivitas sosio-kultural. Aktivitas sosio-kultural sabage
> perwujudan (aktualisasi) percayana urang ka Pangeran.
> Konon, ceuk pakar antropologi budaya, sajumlah seni tradisi (tari,
> seni suara, seni pahat, sastra jrrd.) asal mu'asalna tina "tradisi"
> kaagamaan; tradisi anu lahir tina "upaya" manusia pikeun
> berkomunikasi jeung Pangeran. Kusabab kitu, taya agama tanpa seni!!.
> Kusabab kitu, salah sahiji cara anu paling efektif pikeun
> neuleuman "ke'arifan terdalam" nyaeta kucara lebet/menikmati dunia
> seni. Melalui seni (seni naon bae) urang bisa "bersatu jeung
> Pangeran". Eta prinsip&tradisi pisa dipendakan dina tradisi
> spiritual (Islam=Tasawuf). Agama tanpa seni pasti garing, kehilangan
> ke'arifan terdalam-na.
>
> Kadua, tujuan utama agama (berorientasi) pikeun kahirupan akhirat;
> sedengkeun kabudayaan leuwih ditujukeun (sacara pragmatis,
> fungsional) pikeun kahirupan di dunya. Munculna
> kacenderungan "budaya agamis" dina kabudayaan tradisional (contona
> budaya Sunda anu dikenal agamis= sanes dina makna formal tapi
> esensial), kumargi umumna budaya tradisional didasarkeun
> kana "asumsi" (kayakinan kultural) cosmologis anu ngahubungkeun
> eksistensi diri tur alam jeung eksistensi Pangeran. Dina cosmologi
> Sunda dikenal konsep "Dunia Panta-panta" (hirarki realitas) ti
> mimiti eksitensi realitas Sang Hyang Tunggal (dunia luhur), para
> pohaci (dunia antara), jeung dunia marcapada (dunia manusa), jeung
> saterusna(*). Kusabab kitu, sim kuring mandang eksisten "agama
> Sunda" sabage hal anu lumrah. Margi, aya kacenderungan di Timur
> (budaya & filsafatna), spiritualisme janten paradigma kopsmologisna
> (*).
>
>
> <=> agama dina perspektif buaada leuwih ditinggali sabage "cara"
> atawa unsur anu nyampurnakeun capaian budaya. Sedengkeun dina
> perspektif agama, budaya anu ditinggali sabage "cara" atawa unsur
> anu nyampurnakeun capaian agama, spiritual.
>
>
> (*)==> catatan: sanes waktos urang padungdengkeun kalayang rinci tur
> daria, isnya-allah.
>
>
> Baktos Abdi,
>
> AG./Bdg.
>
>
> --- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > hehehe, kumaha atuh kang geuning sesah nya. terus
> > terang ieu mah, kuring seja nyuhunkeun bongbolongan.
> > upama tea mah teu tiasa dipisahkeun kitu wae, sugan
> > aya ijiran nu tiasa dipake pikeun patokan. cing naon
> > wae ijiranana, nu kuurang tiasa dipake alat
> > ngadeukeutan pikeun ngarampa, supaya tiasa nagngtukeun
> > lilingeran yen hiji perkara teh kaasup budaya, perkara
> > sejen kaasup agama. ieu mah keukeuh we nya. hehehe.
> > sanes nanaon, supaya kuring teu lebeng teuing. nya rek
> > alewoh we. mudah-mudahan akang teu bosen masihan
> > bongbolongan.
> >
> > kang gibson, naon anu ku kuring ditaroskeun, teu
> > pisan-pisan make ideologi "curiga". eta mah murni,
> > pananya kuring, kulantaran rumaos masih balilu. janten
> > aya hadena, upama akang oge taya "kacuriga" nanaon.
> > pedah kuring tetelepek. kumargi kitu, luyu sareng
> > sareng harepan akang, hoyong "ngamenyatkeun" urang
> > sunda. janten pananya kuring teh, taya lian, pikeun
> > "ngamenyatkeun" diri kuring, salaku urang sunda.
> > hehehe.
> >
> > teu hilap. wilujeng boboran siam, hapunten samudaya
> > kalepatan.
> >
> > -:mh
> >
> > --- kang_gibson <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > > Pamadegan akang kalintang saena, namung kumahanya,
> > > da saleresna mah
> > > simkuring mah sanes bade ngabanding-banding antara
> > > filsafat Islam,
> > > Filsafat Sunda, budaya Sunda, jeung budaya Arab;
> > > tatapi nyoba-nyoba
> > > nyuguhkeun alternatif filsafat Sunda. Atuh eta mah
> > > aya unsur Islmana,
> > > dalah aya unsur Arabna, atawa unsur lianna (hindu,
> > > budha, India jrrd.)
> > > eta mah "meureun" kabeneran wae sarua, milik jalma
> > > sakumna; eta anu
> > > disebut kearifan abadi (filosofia ferenis), lain anu
> > > si itu lain anu
> > > si ieu!
> > >
> > > Margi, upami obrolan urang masih keneh ngangge
> > > ideologi "curiga",
> > > iraha urang erek menyatna? da, ceuk rarasaan, Sunda
> > > aya di urang,
> > > Islam aya di urang (pikeun umat Islam), Hindu, Arab
> > > aya diurang jst.
> > > Eta kabeh kakayaan budaya, filsafat & kaarifan anu
> > > geus jadi milik
> > > urang pribadi. Filsafat Yunani Klasik lahir tur
> > > baheula maju kusabab
> > > aya pangaruh ti Asia Kecil (Turki ayeuna), Mesir,
> > > Persia jrrd; Nyakitu
> > > Filsafat Islam, aya pangaruh ti Yunani, Persia,
> > > Cina, Mesir, jeung
> > > India; Malahan Filsafat Barat Modern sorangan teu
> > > leupas tina pangaruh
> > > Islam. Lian ti filsafatna, sakaterang sim kuring,
> > > kaasup budayana,
> > > sajauh relevan jeung teu kaluar tina aturan maen
> > > (norma) filsafat.
> > >
> > > Lamun ayeuna Ki Sunda (elite, pemikir, filosof
> > > Sunda) boga sikap
> > > ekslusif nutup mata nutup ceuli tina kanyataan yen
> > > hirup-hurip teh aya
> > > dina rohangan anu kacida lega tur silih rojong
> > > diantara sadaya sistem
> > > pemikiran & budaya, kangge naon baraya Sunda
> > > kajauh-jauh ka Walanda,
> > > Jepang, Ustrali, Jerman, USA jrrd. Tangtuna wae
> > > marantena lain ngan
> > > saukur palay terang tur sakadar ngabanding-banding
> > > antara Sunda jeung
> > > lianna? Tatapi nyokot nyimpen anu saena pikeun
> > > dipake tur dilarapkeun
> > > dina kahirupan sapopoena; Keur dirina jeung keur
> > > balarea....
> > >
> > > Tapi, kitu oge eta mah sakadar pamadegan sim kuring,
> > > ruamos balilu
> > > loba teuing kapangaruhan ku pikiran bangsa & ajaran
> > > lian. Tapi, sing
> > > percanten, sapertos anu akang-akang nu sanesna, niat
> > > sim kuring pikeun
> > > kahadeaan Ki Sunda (urang Sunda).
> > >
> > > hapunten anu kasuhun.....
> > >
> > > Baktos Abdi,
> > > AG./Bdg.
> >
> >
> > =====
> > Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
> > [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
> >
> >
> >
> >
> > __________________________________
> > Yahoo! Mail - PC Magazine Editors' Choice 2005
> > http://mail.yahoo.com
> >
>
>
>
>
>
>
>
> http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
>
> [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>


[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke