".....Sunda"
aya sababaraha "variable" anu dicirian ku kecap Sunda:
- manusa Sunda, bangsa Sunda, turunan Sunda atawa urang Sunda ("u"
leutik);
- Urang Sunda ("U" gede) atawa Ki Sunda;
- adat/budaya Sunda;
- agama Sunda;
- alam Sunda; jeng rea-rea deui.
anu kahiji, nyaeta manusa Sunda, bangsa Sunda, turunan Sunda, atawa
atawa urang Sunda ("u" leutik). Taya lain nyaeta hiji jalma anu lahir
ti kokocoran darah pituin Sunda. Naha lahir di Tasik, Bandung,
Cirebon, Jawa Tengah, di Eropa atawa di mana bae, asal medal tina
kokocoran darah pituin Sunda. Hiji identitas jalma anu sacara alamiah
nyangkin modal utama/modal dasar pikeun disebut "Sunda".
Kadua, nyaeta Urang Sunda ("U" gede) atawa Ki Sunda. Taya lian ti anu
kahiji manusa Sunda, bangsa Sunda, turunan Sunda, atawa atawa urang
Sunda ("u" leutik) tatapi oge inyana (manehna) sacara konsisten
micinta tur ngagunakeun bahasa, tur papagon kahirupan kasundaan
sawarehna atawa sagemblengna. Naha cicing di tatar Sunda atawa di luar
tatar Sunda.
Adat/budaya Sunda; nyaeta saperangkat budaya jeung adat istiadat
kasundaan anu lahir tina kahirupan masyarakat Sunda di Tatar Sunda,
boh adat istiadat jeung kabudayaan heubeul (buhun) atawa anu anyar,
anu masih keneh dipake (hirup) atawa anu geus lawas teu dipake
(tilem); dina wujud naon bae paling henteu anu disebut dina teori budaya.
Alam Sunda: nyaeta wilayah geografis (Tatar Sunda) jeung alam
saeusina, asal muasal "kalahiran" urang Sunda jeung budayana.
Eta kabeh mangrupa "kata kunci" (keyword) pikeun ngabahas naon anu
disebut "
.Sunda". tapi eta oge karek "hipotesa" jeung konsep anu
memang perlu disawalakeun heula, naha sapuk atawa hanteuna. Tatapi,
pikeun sawatara cecekelan kuring rek ngagunakeun ieu konsep jeung
hartina (definisi).
Nyambung
(ngantos komentar)
AG/.Bdg.
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/