Sababaraha waktu ka tukang, kungsi ngobrol jeung Juragan Onta ti Abudhabi, mandor proyek Pusaka Sunda (PS), ngeunaan --sebut bae-- database situs2 sajarah di Tatar Sunda. Nya meureun ka hareupna Kang Rudi teh rek icikibung dina "pertravelan", da mun teu salah anjeunna teh boga kasang tukang nu kararitu. Nyambung pisan jeung obrolan Kusnet Jakarta baheula di HS, ngan hanjakal prakna mah lambat alatan pada2 sibuk. Oge nyambung sareng usulan Kang Oman kapungkur ngeunaan konsep HOMESTAY, yen daripada mondok di hotel, kalintang saena mun sakalian urang diajar ngalarapkeun konsep homestay pikeun baraya2 nu ulin ka pilemburan (mun aya tempat nu "memadai", Sundana naon nya, poho lagih...).
Dina prakna mah kuring rumasa lengle, kurang daria dina inventarisir/ngumpulkeun embaran2 ngeunaan situs2/wewengkon2 sajarah Sunda teh. Pikeun saheulaanan, nya sakalian bae nyieun artikel di Wikipedia dina jejer http://su.wikipedia.org/wiki/Situs_arkéologi_di_Tatar_Sunda nu saeutik2 ka hareup rek dilengkepan deui (boh aspek kasajarahanana atawa perkara teknis cara ngajugjug tempatna). isk On 11/15/05, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > basa ditraktir mudik kamari ku kang Soni, dina beus ngobrol kaditu kadieu. > dugi ka ideu kang Oman kapungkur nu ngajak piknik ka Panjalu tea. tah ieu > oge lolongkrang tiasa lebet nomer 11. ngayakeun wisata budaya. tiasa tah > ngadamel usaha biro perjalanan khusus wisata budaya sunda. [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
