Baraya, ieu kuring seja ngabewarakeun acara seserahan.  Hehehe,  seserahan. 
Biasana mah eta kecap teh sok dilarapkeun pikeun acara  pangantenan, nyerenkeun 
panganten lalaki ka kulawarga panganten awewe.  Ngan ceuk itungan, ari rukun 
seserahan teh apan tilu: nu nyerenkeun, nu  nampa, jeung nu diserenkeun. Jadi 
kaci wae upama acara nyerenkeun buku  kanyaah KUSNET/YP oge disebut acara 
seserahan.
    
   Ieu acara  seserahan teh tempatna di pasantren Al-Wasilah, Garut. Jiga rada 
-rada  "romantis" ieu acara teh. Najan teu formal oge. Sabab harita teh,  
dipirig kacapi suling dagala, karesep Kang Ajengan, bari nyambuang  melenghir 
seungit beuleum menyan bodas. Malah dialokan ku sora bangkong  sagala. Maklum 
lelewek pasantren teh dikuriling ku balong.
    
    Pikeun beja tambahan, cenah aya baraya KUSNET anu bade ngembangkeun  wisata 
budaya tatar Sunda. Sakalian dilampirkeun panyawangan Situ  Cangkuang ditoong 
lebah Palalangon. Cenah mah baheula ieu tempat teh,  kungsi jadi tempat 
sukan-sukan para menak Garut bari nyerangkeun Situ  Cangkuang. Tah sakalian 
ngaliwat lalampahan ngajugjug pasantren,  pangangguran ngajepret pamandangan 
Situ Rancakukuk. Upama teu salah ieu  situ teh caket lemburna Neng Iva "Mojang 
Akang". 
    
    Salam,
    MH
  



=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
                
---------------------------------
 Yahoo! FareChase - Search multiple travel sites in one click.  

[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke