Haturan Kang Yan, Kang Ilen, Kang Hasan, oge sadayana wae....,
 Tah geuningan aya anu ngemutan. Puguh eta anu saperti kitu anu mindeng
kapikiran teh. Asa lalawora (punten) teuing upama soal parentah anu gaduh
hak mutlak marentah, nyatana Pangeran, make bisa ditatawar. Teu mungkin peta
sarupa kitu teh kanggo anu Maha Murbeng Alam mah, sabab bari ngurangan
kasampurnaan-Na. Cenah eta da aya hadistna? Sikep urang lebah dieu sigana
langkung payus "curiga" kana hadist tinimbang boga kayakinan anu brasna kana
ngurangan kasampurnaan Pangeran.
 Ingkar sunnah lamun teu percaya kana hadist? Ah teu kudu kaasup ingkar
sunnah ari natanyakeun hadist mah, komo hadist-hadist anu kasimpulanana bras
kana ngurangan kasampurnaan Pangeran atawa kondite utusana-Na mah. Hadist
tea, beda jeung kayakinan, kasauran, sareng paripolah Rosul anu
diwartakeunana, sabab aya subyek anu nyaritakeun di lebetna, anu lain Rosul
jeung teu dijamin sagala rupana (daya inget, integritas, jst-na). Lamun aya
waktu maluruh hadist, geura baris kapendak, teu sakedik hadist-hadist anu
papalingpang jeung proposisi atawa asumsi dasar anu sakuduna dilarapkeun ka
Rosululloh salaku subyek utama dina catur hadist.
 Proposisi dasar kayakinan kana hadist teh diantarana: 1) yen Rosululloh teh
eta "uswatun hasanah", picontoeun ummat sakumna, 2) pakait jeung proposisi
nomer 1), yen Rosululloh moal mungkin mangkir atawa ngangles kana parentah
ti Pangeranana (ku proposisi ieu wae, hadist ngeunaan "adu tawar" jumlah
adegan sholat teh geus katolak), 3) yen moal mungkin oge ucapan-ucapan anu
keur jelema biasa mah ilahar atawa teu nanaon, diucapkeun ku Rosul, sok
sanajan dina raraga ngabejaan hukum atawa mere conto ngeunaan hiji
perkara/amal. Keur conto anu katilu, upamana, kecap-kecap, saperti,
(punten): "hitut", "leungeun maneh parkir dimana wae nalika sare",
"ditataranjang" (sadayana make kecap-kecap anu togmol), moal mungkin
disaurkeun ku anjeunna.
 Proposisi anu ka-4, yen Rosululloh teh Nabi, kukituna kudu
sampurna-dibanding manusa sanesna-jalaran picontoeun tea. Dina lebah dieu,
kasampurnaan anu dimaksud teh nya kaasup sampurna dina apalanana. Ku asumsi
anu kaopat, upamana, hadist-hadist anu dilebetna aya kecap-kecap anu
nyirikeun yen Nabi teh teu sampurna daya ingetna, otomatis katolak. Upamana
wae, hadist ngeunaan pamimpin saba'da Nabi anu ngandung kecap-kecap:
"...ngaran aranjeunna teh anu jeung anu..." jst. eta papalingpang jeung
proposisi nomer 4) di luhur.
 Baraya, hampura, bisi si kuring ngaguar perkara ieu rada teknis. Satadina
mah rada nyinglar kana padungdengan ngeunaan hadist atawa bebedaan dina
madzhab teh. Teu aya sanes, sabab kadar kamulyaan jelema mah ukuranana ngan
ukur kataqwaanana atawa iman, elmu jeung amalna. Oge, sakumaha mindeng
ditepikeun, apan dimensi agama anu pang pentingna mah taya lian ti dimensi
sosial tea.
 Madungdengkeun soal hadist atawa bebedaan tatacara ibadah ritual, kuriak
engke aya anu kasigeug ngarasa dijejeleh "kayakinana", sabab ningalna lain
kana substansi, tapi leuwih kana gogolongan atawa label madzhab-madzhab.
Kukituna, sok sanajan si kuring rada nolak ngeunaan hadist aduregeng (tawar
menawar) soal jumlah adegan sholat sakumaha dina hadist Isro' Mi'raj anu
kamasyhur, mangga si kuring teu weleh ngajenan ka anu beda pamadegan. Anu
utama, hayu urang sami-sami ngabenerkeun agama, diantarana ku ngurus budak
yatim jeung usaha satekah pola sangkan anu miskin ngurangan (sakumaha amanah
Al Qur'an yen cirining ngabohongkeun agama teh eta teu mirosea ka budak
yatim jeung ninggalkeun urusan kamiskinan).
 Teunggeuldeukeutna keur waleran ka Kang Yan? Hampura Kang, si kuring moal
aub dina padungdengan urusan jumlah sholat atawa jumlah roka'at sholat.
Mangga eta mah kaimanan masing-masing wae. Anu utami, sigana sadayana oge
sapuk, sholat anu geus jadi kayakinan poma ulah ditinggalkeun. Anu
saterusna, sholat teh kudu aya buahna (anu disebut sholat daim tea meureun
nyoko kana salah sahiji ayat Al Qur'an mah). Diantara buah tina sholat anu
khusyu teh, cenah ceuk salah sahiji ustad ti Karawang, teu ngarasa yen geus
sholat sacara khusyu, nyambungkeun silaturahim, ngurusanan budak yatim,
ngusahakeun sangkan kamiskinan masyarakat disabudeureunana ngurangan, jst.
 cag.
baktos,
manAR


 On 11/19/05, ilen kardani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Baktos kanggo kang Yan,
>
> Sae pisan aya emutan kanggo nyensus pamendak para nabi ngeunaan jumlah
> rokaat sholat anu pas kanggo urang islam. Nyanggakeun sim kuring ngiringan
> nyensus.
> Saleresna ari pribadi kuring mah teu percanten kana dongeng padu harga
> rokaat sholat antawis Muhammad Rasulullah sareng Nu Maha Kawasa, komo deui
> make diangsonan ku para karuhun Nabi mah.....asa kaleuleuwihi temen. Kieu
> alesanana mah:
>
> 1. Pan Gusti teh apal persis ka makhluk-Na, janten moal maparin parentah
> anu teu bisa dicumponan.
> 2. Para Rasulullah ngagaduhan sifat ta'at kana parentah Gusti, moal kungsi
> nawar sumawona nolak, bujeng-bujeng dipiwarang sholat 50 rokaat, dalah
> dipiwarang neukteuk beuheung anak sorangan oge pan digugu demi
> ngabuktikeun
> kataatan.
>
> Mangga sakitu heula dalil anu kasanggakeun.....
>
>
> ilen kardani
>
>
>
>
> At 09:37 AM 11/19/2005, you wrote:
> >Haturan Kang MH ......baraya
> >Aya patarosan ti kuring nu masih diajar maca huruf arab, nya
> >salajengna teraskeun wae ka ajengan, sugan wae gaduh jawaban aya
> >mamfaat
> >kuer sorangan oge keur baraya liana, ameh pangarti ieu mere caang
> >kanu poek.
> >Patorasan kahiji dina konsultasi Kangjeng nabi jeung para Nabi
> >pakait parentah sholat 50 rokaat dipeureut janten 17 rokaat (2,4,4,3,4).
> >Dina eta dialog janten 17 rokaat nabi-nabi mana wae anu gaduh
> >kahayong dina lima waktu sholat?
> >Patarosan kadua kunaon janten 2 rokaat kanggo subuh , oge 2 x 4
> >rokaat (dhuhur, Ashar) sareng 3 rokaat jenten magrib?
> >Sakitu wae Kang MH hapunten wae kumawantun, tileuleutik kuring sok
> >palay penjelasan ti para ustad nu di Bandung , khususna dina da'wah
> >Jum'atan / pangajian , pasantren tara ngabeberkeun harti-hartina eta
> >rokaat.
> >
> >Salam
> >Yan NYC
> >On Nov 18, 2005, at 7:27 PM, mh wrote:
> >
> > >
> > >
> > > =====
> > > Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
> > > [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
> > >
> > > ---------------------------------
> > > Yahoo! FareChase - Search multiple travel sites in one click.
> > >
> > > [Non-text portions of this message have been removed]
> > >
> > >
> > >
> > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------
> > > ~-->
> > > Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your
> > > home page
> > > http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
> > > --------------------------------------------------------------------
> > > ~->
> > >
> > > PENTING..!
> > >
> > > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
> > >
> > > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai
> > > sanksi berupa pencabutan membership.
> > >
> > > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk
> > > selalu mengupdate antivirusnya.
> > >
> > > Yahoo! Groups Links
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> >
> >
> >
> >
> >PENTING..!
> >
> >attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
> >
> >dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
> >berupa pencabutan membership.
> >
> >terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
> >mengupdate antivirusnya.
> >
> >Yahoo! Groups Links
> >
> >
> >
> >
>
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
> mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>


[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
1.2 million kids a year are victims of human trafficking. Stop slavery.
http://us.click.yahoo.com/WpTY2A/izNLAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke