Amiin. Hatur nuhun kang Uteng kana pidoana.
Teu dugi geuning peuyeum teh? . Kedah langsung nganggo japri panginten.
Perkawis pangalaman para mitra? (Hehehe) Seueur saleres namah. Pokona siga
"kabayan saba kota" we kitu tah. Mung... ah moal diobrolkeun didieu, isin ku
nu sanes. Engke we urang ngadamel pilem "kabayan nyaba ka jerman" .
Mung anu karaos ku abdi mah, kieu. Yen geuningan identitas urang salaku
urang sunda teh berharga pisan. Janten upami aya batur nu naros perkawis latar
belakang urang, asa reugreug mun urang nyebutkeun yen urang teh datang ti
tatar sunda, anu jentre budayana siga kieu, pakeanna siga kieu, senina siga
kieu, jeng sajabana.
Ari salaku bangsa indonesia mah, atos kantenan, da diserat dina pasport oge.
Mung upami aya nu naros, contona, "kumaha ari lagu indonesia teh?"
Atuh maenya dipasihan lagu Ahmad Albar. Apan etamah teu aya bentenna sareng
lagu barat.
Numutkeun pendapat simkuring, langkung sae dipasihan lagu khas daerah urang,
siga cianjuran, contona, anu nunjukeun identitas urang.
Mung aya hiji nu janten ganjelan teh. Pas aya nu naros, "kumaha ari nulis
ngaran dina bahasa sunda?". Tah rada ngahuleng simkuring teh. Nya da bisana
nulis ku latin, jadi nya bingung we .
Ayeuna sakalian we bade tumaros. Simkuring yakin aya ahlina didieu yeuh.
Cik kumaha saleresna ari aksara sunda teh?
Nguping-nguping mah da geuning sanes "hanacaraka" tea cenah.
Manawi aya kitu nu tiasa masihan informasi perkawis aksara sunda nu leres?
(Bentuk sareng kumaha cara ngagunakeunna)
Hatur nuhun sareng hapunten yeuh rada talegtog basa sundana.
Yudi
Uteng Supriatna <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Wa'alaikum Salam kang....
duh ...kang mugi -mugi tah pamaksadan na lancar sareng sing enggal rengse,
abdimah rees akang tiasa nyiar elmu nu kitu jauh na. sok lah sing soson soson
di ajarna ,supados seuer urang tatar sunda nu ngageman elmu nu laluhur.
tapi ku canggih na teknologi ayeuna ,jarak teh teu jadi halangan keur
urang ngobrol nya kang...tah ku abdi di kirim peuyem Bandung( lagu na we
wungkul) da peuyem na mah teu tiasa di Attach keun...
upami teu repot mah tiasa panginten ngintunan pangalaman ( Pangalaman
paramitra~~~ asa di magle pisan nya)salami di lembur batur teh,mugi sing
janten elmu kanggo abdi tah kang. tos ah mung sakitu ti sim abdi , iyeu mah
kanggo nepungkeun babarayaan
Kahatur
Uteng
From: Yudi Rosandi <[EMAIL PROTECTED]>
Alhamdulillah atuh, sakantenan salam ka para wargi sunda anu nuju sami sami
nyaba. Saleresna mah sering oge papendak sareng urang Sunda di dieu teh. Anu
sakota wae aya panginten lima urang mah.
--< diteukteuk - k >--
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
---------------------------------
YAHOO! GROUPS LINKS
Visit your group "kisunda" on the web.
To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
---------------------------------
---------------------------------
Yahoo! FareChase - Search multiple travel sites in one click.
[Non-text portions of this message have been removed]
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Fair play? Video games influencing politics. Click and talk back!
http://us.click.yahoo.com/u8TY5A/tzNLAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/