Pandangan Ontologi Sunda

Seni tradisi Sunda, sacara antropologis, mangrupa wujud teaterikal
(dramatisasi) tina falsafah ontologi masyarakat Sunda (dina
Antropologi=cosmologi). Nyaeta falsafah anu ngaguar teur netelakeun
ngeunaan realitas (dunya), anu jadi ugeran jeung dasar pikeun
ngarumuskeun falsafah lianna. Boh falsafah ngeunaan manusa, etika,
elmu jrrd. Dina kontek anu tangtu, seni tradisi Sunda ngarupakeun hiji
"ritus" anu ngahubungkeun manusa Sunda jeung sajarah masyarakat
primordialna ("karuhun") anu sakral. Kusabab kitu, sakralitas Seni
Tradisi Sunda gumantung kana apresiasi (ngajenan atawa hanteuna)
masyarakat Sunda kiwari kana sajarah buhunna, lain kana objek
apresiasina atawa seni na. Kusabab kitu, pikeun neuleuman Seni Tradisi
kudu di dasarkeun kana apresiasi urang salaku wangsa Sunda kana
sajarah buhunna. Matak teu aneh lamun nonoman Sunda kiwari hese beleke
pikeun ngahargaan kana Seni Sunda Tradisi kusabab, ceuk cenah, nonoman
ayeuna mah geus teu malire kana sajarah karuhunna.

Kusabab seni tradisi Sunda teh mangrupa wujud teaterikal tina falsafah
ontologi masyarakat Sunda, teu mungkin ngandung nilai anu papalimpang
(pasalingsingan) jeung pandangan ontologina. Pandangan ontologi Sunda
anu kagambarkeun dina mitologi Sunda anu negeskeun posisi Sunan Ambu,
Dewi Sri (tokoh-tokoh di Kahyangan), Purbasari, Dewi Asri, Dayang
Sumbi jeng anu lianna (tokoh di marcapada), salaku sosok "ideal".
Hadirna tokkoh Sangkuriang, Mundinglaya di Kusumah (tokoh di
marcapada), jeung Lutung Kasarung atawa Guru Minda (tokoh kahyangan
anu turun ka Marcapada) mangrupa tokoh anu negeskeun eksistensi sosok
idealna.

Hubungan antara Kahyangan jeung Marcapada dina mitologi Sunda
salawasna digambarkeun ku hadirna tokoh "Ibu" anu luluguna atau
pancerna aya di tokoh Sunan Ambu. Sedengkeun salaku tokoh anu
ngahubungkeunana (axis mundi) hadir tokoh saperti Purbasari, Dewi
Asri, Dayang Sumbi jeng anu lianna, anu dilingkung ku tokok-tokoh
saperti Guru Minda, Mundinglaya jeung anu lianna, anu jadi negeskeun
eksistensi tokoh-tokoh "ibu" tadi.
Analisis sim kuring ieu memang patukang tonggong jeung analisis Jakob
Sumarjo anu netelakeun yen tokoh lalaki mangrupa puser cara pandang
Ontologi Sunda. Sim kuring ninggal jeung ngarakeun dina kahirupan
masyarakat Sunda, anu negeskeun yen posisi Ibu dina masyrakat Sunda
mangrupa pusat sakralitas. Hal ieu bisa kaharti tina pola mata
"pencaharian" (naonnya basa Sundana)nyaeta tatanen, anu ngajadikeun
simbol kasuburan, nyaeta sosok ideal Ibu. Tapi, sosok ibu ieu diwaitan
ku terma "sunan" anu maknana "anu disuhun" atawa anu digungkeun.


NyambungÂ…Â…..
AG./bdg.





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke