Haturan Kang Yojo, Wilujeng sumping di milist kisunda. Kalintang bingahna, kasumpingan dulur US anu nuju ngumbara di nu tebih. Hapunten, ieu pangbagea ti anu minangkana mah kasebut moderator, nembe kahaturkeun ayeuna (oge ka dulur-dulur anu nembe lebet kisunda anu teu acan kabageakeun, neda tawakufna, ma'lum gawe ngarangkep icikibung di milist teh, rangkep jeung pagawean anu maneuh).
Kutan kawit teh ti Tasik? bagja temen. Sakantenan wae atuh Kang, ramekeun milist Tasik, parantos aya, ieu alamatna: [EMAIL PROTECTED] Abah Joe, kitu si kuring saparakanca nyalukan anjeunna, Abah Singgih, leres warga di ieu milist oge. Alamat e-mailna ke geura sakedap deui oge aya anu maparinan kanggo salira tiasa ngahubungan (ngontak). Sanajan henteu mindeng, biasana mah anjeunna rurumpaheun ngalongokan milist. Basa Sundana sae pisan Kang kanggo ukuran anu nuju ngumbara di luar nagreg (eh negeri mah). Tong boroning salira anu nuju ampleng-amplengan ngumbara di sabrang, dalah abdi jeung dulur-dulur sanesna anu masih dumuk di sarakan Sunda basa Sunda teh mindeng tijalikeuh keneh wae. Manawi ngalangkungan ieu milist hayu urang biasakeun deui ngagunakeun basa Sunda. Ngeunaan basa Sunda mah, mangga, anu mana wae, anu penting mah komunikatif. Sanes basa kumaha wae anu digunakeun, anu penting komunikatif sareng efektif (pikiran + rasa anu positif)?. Leres Kang, sakali Sunda tetep Sunda, bubuhan gubrag ka alam dunya urang teu dipaparinan milih wanci jeung patempatan. Budaya urang, hak urang anu sakuduna dipiara kalayan dituturuskeun sangkan mawa manfaat ka nu lian. Hatur nuhun Kang info ngeunaan warga US (urang Sunda) anu nuju di USA. Muhun, sapalih diantarana, kayaning Kang Yan, Ceu Tati, sareng Teh Nenny, kaparengkeun si kuring kungsi patepang di darat, di Bandung. Wilujeng wae sareng hatur salam ka aranjeunna upami salira patepang. Cag heula Kang, oge baraya sadaya, kapayun manawi pareng urang sambung deui. baktos, manAR On 11/29/05, Yojo Surjana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kang Rachmat, Kang Dudin, sareng anu sanesna, > > Hapunten upami ngenalkeunana kirang lengkep. Tadina mah nyobian > mancing heula, bilih teu dugi. Sim kuring (pribados?) kawit ti > Tasik, kantos di Mojokerto Jawa Wetan sareng di Bandung, padumukan > resmina di Manado, ayeuna di AS. Pun bojo asli urang Bandung, ti > Pameungpeuk, Bandung kidul. Alhamdulillah, tos gaduh bati 5: Rika, lahir > di Bandung (16), Febry (13), Irham (12), Zulfa (10), Mia (7)..anu nomer > 2-5 mah lahir di dieu..di Athens, Ohio. > Kanggo samentawis mah gaduh afiliasi ka universitas Ohio. > > Kantos nguping ihwal Abah Singgih, mung teu gaduh alamat e-mailna..upami > aya anu tiasa masihan alamat e-mailna atanapi nomer teleponna/hpna mah > Insha Allah ku pribados bade dikontak (bhs. Sundana ?) > > Punten upami bahasa Sundana tos rada tihiangan..maklum > kaseuseueuranana aya di luar tanah parahiangan..namung saur sepuh tea mah: > sakali Sunda, tetep Sunda nya? > > > > > > > --------------------------------- > Yahoo! Personals > Single? There's someone we'd like you to meet. > Lots of someones, actually. Yahoo! Personals > > [Non-text portions of this message have been removed] > > > > > > > PENTING..! > > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi > berupa pencabutan membership. > > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu > mengupdate antivirusnya. > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
