Hampura bisi si kuring salah, Asana istilah keur kecap "hate" anu katilu teh lain "saqaf" (ku "q"), tapi "sagaf" (make "g"). Basa Arab kawilang beunghar dina cengcelengan basa pikeun kecap "hate", sakumaha kaaos dina postingan Kang Aldo, teu kurang 5 istilah anu ditarjamahkeun kana basa Urang umumna sarua hartina: hate tea.
Ieu istilah-istilah "qolb", "fuad", "syagaf", "lubb" jeung "sirr" sadayana aya dina Al Qur'an. Sigana teu kapati-pati dibedakeun istilahna, upama teu aya maksud anu khusus ku eta istilah sewang-sewangan. Ceuk para ahli mah, nya ieu anu kaasup "medan makna" (field of meaning) tina Al Qur'an teh Kecap "qolb" mah balatak pisan, meh dina sabagean gede surah Al Qur'an ngandung kecap ieu atawa anu derivat (turunan) tina kecapna, upamana dina surah Asy-Syu'aro ayat 89. Kecap "fuad", upamana wae kapanggih dina Surah Al Mulk ayat 23 dina wangun jamak (af idah). Kecap "syagaf" mah aya dina Surah Yusuf ayat 30, waktu nyaritakeun kumaha gedena katresna Zulaiha ka Nabi Yusuf a.s. Ari "lubb" (jamakna: "albab) bisa kapanggih upamana dina Surah Ali Imron ayat 190 oge loba dina surah-surah sejenna. Anapon "sirr", kaasup loba oge sumebar kapanggih dina Al Qur'an, upamana wae dina surah Al An'am ayat 3. Sakitu wae heula, kalayan miharep sugan aya dulur anu lian anu bisa ngaguar "medan makna" ieu kecap-kecap "hate" dina Al Qur'an diadumaniskeun jeung paistilahan anu luyu dina basa Sunda. baktos, manAR On 11/29/05, Aldo Desatura <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > dear all, > > > "aku" jadikan dalam tubuh keturunan Adam sebuah istana, di dalamnya ada > dada, di dalam dada ada qalb, di dalam qalb ada fuad, di dalam fuad ada > syaqaf, di dalam syaqaf ada lubb, di dalam lubb ada sirr, dan di dalam sirr > ada "aku". > > *Wassalam,* > > > > *A l d o D e s a t u r a** > **PT Ramayana Lestari Sentosa Tbk.* > Phone : 021.315.1563 ext 548-562 > Fax : 021.3193.4245 > http://www.ramayana.co.id > > > > *" Just Because You Smart, Don't Think The Other One Stupid ..... "* > > > Komunitas Urang Sunda --> > http://www.Urang-Sunda.or.id<http://www.urang-sunda.or.id/> > > > > ------------------------------ > YAHOO! GROUPS LINKS > > > - Visit your group "urangsunda<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda>" > on the web. > > - To unsubscribe from this group, send an email to: > [EMAIL PROTECTED]<[EMAIL PROTECTED]> > > - Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of > Service <http://docs.yahoo.com/info/terms/>. > > > ------------------------------ > [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
