Baraya,
"Panon Hideung" tos ti kapungkur jadi rebutan kaaslian jeung saha anu
nyiptakeunana. Leres, rivalna teh versi Unisovyet tea ("Orchi Chernye" =
"Dark Eyes"). Sigana kajadianana teh jaman hubungan urang + Sovyet kapungkur
rada dalit. Ieu teh salah sahiji conto aneksasi budaya kitu?
Aneksasi budaya...sigana kajadian oge dina kasus karuhun, khususna anu di
Panjalu. Sabagean gede inohong-inohong jeung katurunan Panjalu ti kawit 4
tahunan ka tukang nepi ka ayeuna seueur anu ngaragukeun luluhurna,
kulantaran aya "statement" ti mantan presiden RI (harita diumumkeun keur
jeneng keneh Presiden). Eta statement netelakeun, yen anu dipusarakeun di
patilasan (kabuyutan) Panjalu (anu sering didareugdeug salaku karuhun, lain
sakumaha anu jadi kayakinan masyarakat Panjalu salila ieu. Rebutan karuhun
ieui, tina hiji aspek (aspek silsilah) memang jadi pagedrug. Tapi, tina
aspek ekonomi mah nguntungkeun.
Tina aspek ekonomi jadi kauntungan. Sabab, jadi loba wisatawan ti wetan,
khususna Jawa Timur, anu ngalongok Panjalu. Sakumaha umumna wisatawan,
sanajan lokal (wisdom), daratangna ka Panjalu teh tangtu bari baralanja.
Laporan kamari ti salah saurang tokoh pariwisata Panjalu, teu kurang ti 600
juta unggal taun artos lebet ka kas anu ngokolakeun wisata Situ
Lengkong/Ziarah Panjalu. Kitu na teh ti saprak diumumkeun ku mantan presiden
tadi, yen anu dipusarakeun di Situ Lengkong eta teh karuhun kiayai pimpinan
pasantren-pasantren arageung di Jatim (luluhur salah saurang anu mimiti
nyalabarkeun agama Islam di Jatim).
Kumaha atuh saterusna? Teu langkung kajembaran budaya urang Panjalu. Upami
jejer aneksasi budaya ieu bade diteruskeun, urusanana jadi kudu daria
nalungtik sajarah Sunda, bil khusus Panjalu. Upamana jembar, yen bisa wae
aya sababaraha tokoh karuhun anu dipusarakeun di Situ Lengkong tadi, tur
nyoko kana kamaslahatan ummat, nya jujurkeun wae sangkan walatra hasilna
pikeun sakabeh masyarakat di sabudeureun wewengkon situs Panjalu. Anu jelas,
sadayana perlu dipaparinan kamalir komunikasi. Sugan atuh, acara "penyuluhan
juru pelihara dan kuncen se jawa barat" anu minggu kamari salila 2 poe
dilaksanakeun di Panjalu jadi hiji sarana pikeun kamalir komunikasi anu
dimaksud.
Cag.
Baktos,
manAR
>
> *Rachmat Sugandi Hamdani <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
> Kahatur kasadaya baraya di KUSNET,
>
> Sinareng Hormat,
>
>
> Nepangkeun abdi Andi, nembe mendakan KUSNET sababaraha dinten anu
> kalangkung, palay ngiringan janten mitra KUSNET.
>
> Teu karaos, ngabelaan `kebul dapur`, abdi teh kedah ngumbara, `jarambah`
> tebih ti lembur kakasih,... ti kawit taun 1999, atuh ti taun 2003, abdi
> sakulawargi teh `kapaksa` kedah ngumbara di tanah Inggris, janten TKI matuh
> (punten,...sanes TKW da abdi mah pameget),... tebih ti tanah priangan, tebih
> ti lembur kakasih,
>
> Mani asa sono pisan ka lembur, mani asa sono pisan ka urang sunda di
> lembur,...sono pisan kana katuangan nana,....didieumah tebih ti tumis
> genjer, beuleum peda beureum, pais oncom, poreng impun, kere
> mujaer,...komo lalab (beuleum peuteuy pare, randa midang, kulub jaat,
> jengkol ngora) mah,...mung aya dina impenan,....
>
> Alhamdullilah,...ayeunamah,...kumargi tos janten anggota KUSNET,
> panginten,...tiasa kahibur,....asa teu nunggelis teuing,...manawi tiasa
> ngiringan incikibung di KUSNET mah.
>
> Di dieu abdi mendakan lagu sunda kameumeut,.... Panon Hideung, mung ieu
> mah versi Lagu Rakyat Rusia judulna Ochi Chernye (=dark eyes =panon
> hideung).
>
> Duka mana anu asli namah, walohu alam, pokonamah bade Panon
> Hideung,...bade Ochie Cherniye,...dua nana melankolis sareng romantik
> pisan,...sok janten emut kana mangsa 20 tahun kalangkung,...basa abdi nuju
> to hothat hulu dijantenkeun suku,...suku dijantenkeun
> hulu,....`ngaboro`,.... kabogoh si `panon hideung` ,..anu ayeuna mah
> Alhamdulilah,...tos janten indung si kucrit (awewe 14 taun, lalaki 10 taun).
>
> Abdi gaduh 3 versi , masing2 4MB, 3MB sareng 5 MB,...Kumargi files na
> arageung, upami aya baraya2 sunda anu teu acan gaduh, bade nyobian ngadangu
> ; nga-email we, engke ku ku abdi dikintunkeun
>
> *PANON HIDEUNG*
> Panon hideung pipi koneng
> irung mancung putri Bandung
> Putri saha di mana bumina
> Abdi reuseup ka anjeunna
>
> Siang wengi ka impi-impi
> Hate abdi sara sedih
> Teu emut dahar teu emut nginum
> Emut kanu geulis panon hideung
>
> *OCHIE*
>
> *
> CHERNYE*
>
> Ochi chernye, ........
>
> ochi strastnye, .......
>
> Ochi zhguchie ,.......
>
> i prekrasnye,......
>
>
>
> Kak lyublyu ya vas,,.....
>
> kak boyus' ya vas,,.....
>
> Znat' uvidel vas ,.....
>
> ya v nedobryj chas.,.....
>
>
>
> sementawis terlampir tiasa dibandingkeun
>
> antawis Panon Hideung sareng Ochi Cherniye
>
> dina format MIDI
>
>
> Hatur nuhun
>
> Baktosna
>
> Andi
>
> Di lembur pangumbaraan
>
> ------------------------------
> Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it
> free.<http://pa.yahoo.com/*http:/us.rd.yahoo.com/evt=36035/*http:/music.yahoo.com/unlimited/>
>
> Komunitas Urang Sunda -->
> http://www.Urang-Sunda.or.id<http://www.urang-sunda.or.id/>
>
>
>
>
>
>
> *Wassalam*
> *Nenny*
> *"Nineung Pisan Ka Lembur Kuring"*
> ------------------------------
> Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it
> free.<http://pa.yahoo.com/*http:/us.rd.yahoo.com/evt=36035/*http:/music.yahoo.com/unlimited/>
>
>
>
>
>
>
> *Wassalam*
> *Nenny*
> *"Nineung Pisan Ka Lembur Kuring"*
>
> ------------------------------
> Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it
> free.<http://pa.yahoo.com/*http://us.rd.yahoo.com/evt=36035/*http://music.yahoo.com/unlimited/>
>
> Komunitas Urang Sunda -->
> http://www.Urang-Sunda.or.id<http://www.urang-sunda.or.id/>
>
>
>
> ------------------------------
> YAHOO! GROUPS LINKS
>
>
> - Visit your group "urangsunda<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda>"
> on the web.
>
> - To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]<[EMAIL PROTECTED]>
>
> - Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of
> Service <http://docs.yahoo.com/info/terms/>.
>
>
> ------------------------------
>
>
[Non-text portions of this message have been removed]
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/