Nimbrung yeuh kang...
 
 Inti namah basa sunda teh teu hese.
 
 Kieu panjang lebarna mah:
 
 Sajalan jeung pamikiran kang oman, kuring boga pendapat yen basa sunda teh teu 
hese ari jang pake eun sapopoe mah. Nu hese mah mun urang rek ngomong bener 
numutkeun undak usuk basa. Komo ari rek nganteur panganten mah, pan kudu 
murwakanti. Nya eta mah hesye pisan. 
 Tapi pan ari sapopoe mah maenya kudu ngomong siga kitu? Anu biasa-biasa we, nu 
kaharti ku batur. Saeutik campur aduk mah, harap maklum sajah kitu.
 
 Cenah mah perkara ayana tingkatan lemes kasar dina bahasa anu ngajadikeun 
kagok mun ngomong sunda, bener oge. Lolobana jang nyingcet tina masalah ieu 
urang sok pindah kana bahasa "endonesia". Tapi geuning, pek talingakeun, da anu 
ngomong bahasa indonesia nu bener ge bisa diitung ku ramo (bari jeung nginjeum 
ramo batur :))) 
 Atuh daripada make bahasa indonesia nu teu leuwih alus, nya sakalian we urang 
make bahasa sunda nu kurang bener. 
 Apanan bahasa (indonesia) nu dipake ku barudak ngora ayeuna mah lain bahasa 
indonesia, tapi lewih cocog disebut bahasa betawi (gue, elu, pikirin, balikin, 
jst).
 
 Ngan... aya sababaraha "NGAN" anu badag
 hiji)
 Sigana leuwih alus pisan lamun urang boga patron ngenaan cara make bahasa.
 Kunaon bahasa betawi jadi gampang? Apanan eta teh pedah loba pisan sinetron 
anu make bahasa indonesia teu bener, anu matak ditarurutan ku barudak. Tah, 
cik.. kumaha ayeuna aya teu Ki Sunda nu ngagarap sinetron sunda siga baheula? 
Baheula pan aya "Inohong ti bojongrangkong" tea. Atawa geus aya kitu? Sigana 
mun geus aya, bisa tah jadi patron urang dina pamakean bahasa.
 
 dua)
 Pola diajar basa sunda di sakola teh naha geus bener? 
 Mun ningali tina buku budak di sakola, geuning rereana sok nitah ngapalkeun 
istilah-istilah tea geuning. Siga anak sasatoan, ngaran kekembangan, jst, anu 
cek kuring mah teu aplikatip. Da tetep we leuwih kaharti, umpamana aya indung 
munding nuyun anakna, urang nyebut, 
 "aya anak munding dituyun ku indungna", dari pada 
 "aya eneng ditunyun ku indung munding". 
 
 Sigana nu pentingmah kumaha carana barudak teh bisa ngomong basa sunda, ku 
cara dipake sapopoe. Naha ayeuna aya keneh kang guru, nu ngomong ka muridna 
make kata "hidep"? Apan ayeuna mah rereana make "kalian" (di Bandung ieu mah, 
jeung ngan ukur di sakola pun anak).

 tilu)
 Cag ah... rea teuing... leuheung mun aya nu maca ge... :))
 
 Hatur nuhun, 
 
 Yudi
 
 
 
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:     Mh, ngiringan,
 
 Numutkeun pangalaman sorangan mah teu hese iajar basa Sunda teh ari keur
 saukur komunikasi kaharti ku batur mah. Nya ari loba kurangna mah nya tangtu
 wae bubuhan basa Sunda anu digunakeun  ti leuleutik teh saaya-aya anu
 kapanggih di sakola, jeung, lolobana mah tina campur gaul sapopoe.
 
 Aya alesan ngarasa teu hese teh, nyaeta tina bakat ku hayang bisa
 ngagunakeun basa Sunda dina komunikasi sapopoe, boh lisan atawa tulisan.
 Sakapeung, ieu sumanget anu ngagedur teh jadi nekad. Upamana wae, can
 manggihan istilah basa Sunda anu pas dina keur nulis,  nekad wae
 ngagunnakeun kecap tina basa sejen kalawan make tanda curek ("  "). Asana
 teh anu maca oge ngartieun yen kecap anu make cufrek teh can kapanggih ku
 kuring (anu nulisna) pibasa-Sundaeu-nana.
 
 Kusabab sumanget oge sakapeung sok neangan kamus jeung tatanya ka ahlina,
 pikeun nyieun kalimah atawa nulis ku basa Sunda anu merenah. Atuh baheula
 resep macaan majalah Mangle jeung koran-koran anu satia make basa Sunda,
 kuring percaya, mangaruhan kuat kana sumanget jeung hontalan basa Sunda anu
 kacangking ayeuna.
 
 Cag heula.
 baktos,
 manAR
 
 
 
 On 12/2/05, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 >
 > Kang Boim, Kang ISK, oge nu sanesna.
 > Kumaha ieu teh, apan ieu kuesionerna teh:
 >
 > 1. "Numutkeun pangalaman pribadi baraya sadayana, naha leres yen basa
 > Sunda teh hese?"
 >
 > Pituduh:
 > Pikeun jawabana, lengkepan ku opini nyalira. Upama leres hese naon
 > hujahna? Upama ah heunteu hese cenah, kumaha alesanana?
 >
 > Sasoal we heula tong loba-loba teuing, upama soal ieu geus cukup
 > respondenna, engke urang teruskeun kana soal saterusna.
 >
 > Cing baraya, ieu mah kum we ka sadayana, kanggo nu anom nu sepuh, nu
 > enggal oge nu heubeul, kumaha pamanggihna?
 >
 > Sementara tos aya 4 responden nu leber:
 > 1. Kang Joko Tingkir
 > 2. Jang Kumincir
 > 3. Kang Durahman
 > 4. Kuring (MH)
 >
 > salam,
 > mh
 >
 > kang boim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:-keur nunggun kuesionerna...
 >
 > On 12/2/05, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:        Ngeunaan gampang
 > hesena hiji basa, bisa jadi teu aya patalina jeung  niley dina ujian atawa
 > mata pelajaran.
 > Yu atuh wang coba jajal pamanggih ti nu sejen. Sok mana kuesionerna,
 > heuheu...
 >
 > isk
 >
 >
 >
 >
 >
 > =====
 > Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
 > [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
 >
 > ---------------------------------
 > Yahoo! Shopping
 > Find Great Deals on Gifts at Yahoo! Shopping
 >
 > [Non-text portions of this message have been removed]
 >
 >
 >
 >
 > PENTING..!
 >
 > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
 >
 > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
 > berupa pencabutan membership.
 >
 > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
 > mengupdate antivirusnya.
 >
 > Yahoo! Groups Links
 >
 >
 >
 >
 >
 >
 >
 
 
 [Non-text portions of this message have been removed]
 
      

  PENTING..!
 
 attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
 
 dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.
 
 terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
  

              

        SPONSORED LINKS   
                                                    Culture                     
                  Bahasa indonesia                                       Sunda  
                                                               
      
---------------------------------
   YAHOO! GROUPS LINKS 
 
    
    Visit your group "kisunda" on the web.
    
    To unsubscribe from this group, send an email to:
 [EMAIL PROTECTED]
    
    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 
 
    
---------------------------------
 
 
     


                
---------------------------------
 Yahoo! Personals
 Skip the bars and set-ups and start using Yahoo! Personals for free

[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke