Baraya Sunda sa-alam dunya, Ieu mah seja iber wae. Ngeunan patikungniangna anu ngaguar budaya Sunda nepi ka kuncen oge ditatar. Sugan bae lain ukur kulit anu moncorong teh, tapi katut ka eusina. Aya dua kagiatan anu pakait jeung hal eta dina jero bulan Nopember jeung Desember ieu anu seja diiberkeun: 1) "panataran" para kuncen sa-Jawa Barat, jeung 2) pasanggiri rampak kacapi suling I, 2005.
1. Panataran para kuncen. Kagiatan anu kahiji judul lengkepna: "Penyuluhan Juru Pelihara dan Kuncen Se-Jawa Barat",. Nya kaasup salah sahiji acara panataran atawa sosialisasi tea. Geus dilaksanakeun kagiatan sosialisasi anu ieu mah nyaeta salila dua poe (Rebo-Kemis, 23-24 Nopember 2005 di Panjalu (hiji kota kacamatan di wewengkon Kabupaten Ciamis beulah kaler). Anu boga hajatna: Dinas Pariwisata jeung Kabudayaan (Disbudpar) Jabar. Alhamdulillah, si kuring kaparengkeun nungkulan bubuka eta acara, malah sakalian nganjang ka patilasan Bumi Alit jeung Situ Lengkong, bareng jeung rombongan panitia ieu acara. Sakurang-kurangna aya 2 kareueus nyakseni kagiatan panataran para kuncen teh: eusi acara sosialisasi jeung wewengkon dilaksanakeunana eta cara. Mudah-mudahan tiasa kapedar sapulukaneun ieu 2 kareueus teh. Kareueus anu kahiji, tetela geuningan geus ngaronjat perhatian ti pamarentah anu dibageakeun ku masyarakat ngeunaan miara patilasan (kabuyutan). Para kuncen - jembarna make istilah pamarentah: juru pelihara - tetela geus katoel jeung diajenan ku pamarentah. Buktina, dina acara panataran di luhur, para kuncen geus dibekelan ngeunaan tujuan jeung tatacara miara kabuyutan, kaasup kumaha carana miara banda anu karek kapanggih di tempat kabuyutan anu jadi "kakawasaan" ki kuncen. Oge kumaha carana mateakeun (memberdayakan) lokasi kabuyutan salaku tujuan wisata bari jeung teu kudu ngorbankeun ajenna, kadugikeun ka para pamilon panataran. Sakumaha biantara pupuhu Disbudpar Jabar waktu anjeunna maparinan sambutan dina bukuka ieu acara, miara patilasan teh estuning lain keur ngagedekeun hal-hal anu kaasup khurafat, komo kamusyrikan mah. Namung, teu aya lian, miara patilasan teh hakekatna mah miara ejen inajen anu dikandung ku hiji tempat anu kaasup kabuyutan. Yen dina kabuyutan teh aya rekaman cara bajoang hirup jeung huripna masyarakat di eta wewengkon. Hiji rekaman anu katelah ku anu nyakola mah kabudayaan tea. Upama ieu ajen inajen budaya anu aya jero kabuyutan teh dikali, dimekarkeun jeung dihirupkeun deui jihat anu positifna, tangtu kana baris bisa ngungkulan masalah anu disanghareupan ku masyarakat sabudeureunana jaman kiwari. Tegesna, kabudayaan anu bisa ngigelan jeung ngigelkeun jaman tea. Pentingna miara patilasan/kabuyutan anu geus jadi kampanye PBB/Unesco kadugikeun ka para kuncen ti pasisian Jabar. Kareueus anu kadua, eta lebah kota Panjalu anu dipilih pikeun lokasi lumangsungna acara di luhur. Apan sadayana oge terang, Panjalu teh kota kacamatan alias kota leutik. Umumna mah hiji acara ti pamarentah, komo anu sifatna panataran, sok dilaksanakeun sahandap-handapna di kota tingkat kabupaten. Tapi, acara anu ieu mah di kota kacamatan geuningan dilaksanakeunana teh. Tetela, Disbudpar oge geus mimiti naratas ngayakeun acara-acara saperti panataran di kota kacamatan. Hiji lengkah anu kawilang kapuji, pikeun nyalabarkeun "karaharjaan" (minimal keur panitia satempat jeung pamilon) jeung budaya diskusi ka urang "pasisian". Ku naon Panjalu anu kapilih? sigana aya alesan anu kuat. Sugan eta pedah, sakumaha kasauran Kang Engkus, cenah di Panjalu aya titinggal kabuyutan anu kawilang sumber. Naha enya kitu? mangga ka sugri anu ti Panjalu dihaturanan ngaguar anu langkung teleb. Anu jelas, saba'da bubuka teh pupuhu Disbudpar (anu sadidintenna teu weleh diiket) jeung rombongan teu kakantun nganjang ka Bumi Alit jeung Situ Lengkong. Aya naon di eta 2 patempatan? Kang Engkus sigana tiasa ngaguar. 2. Pasanggiri rampak kacapi suling Anapon iber kadua, ngeunaan kagiatan pasanggiri rampak kacapi suling (prks), ieu mah iber keur kagiatan anu nembe bade dilaksanakeun. Tapi, geus nampeu pisan piwaktueunana teh. Kamarina dicalukan ku direktur di kantor. "Aya uleman keus poe Senen hareup, 5 Desember, keur bapa hiji, keur hidep hiji, mun bisa hidep datang ti beurang keneh, bapa ke nyusul peutingna dina acara pamungkas", saurna. Ana diilikan, geuningan uleman ti Yayasan Cangkurileung Pusat. Leres baraya, sakalian wae iber, sugan anu teu nampi uleman oge pareng geus hadir dina waktuna jeung ka tempatna mah tiasa nyaksian oge ieu acara. Kieu unina uleman saggemblengna (dina basa Indonesia wae sakumaha alina, diringkes sabagean, jeung diguluyurkeun dina sababaraha padalisan/paragraf): "Disbudpar Jabar bekerjasama dengan Yayasan Cangkurileung Pusat dengan ini mengundang Bapak/ibu/Saudara/i pada acara PASANGGIRI RAMPAK KACAPI SULING I 2005. I. Pembukaan, hari Senin tanggal 5 Desember 2005 di Teater Taman Budaya Jawa Barat, Jl. Bukit Dago Selatan 53 A Bandung 2. Penutupan, Hari Senin tanggal 5 Desember 2005 pukul 20.00 bertempat di Teater Tertutup Taman Budaya Jawa Barat, Jl. Bukit Dago Selatan 53 A Bandung. Atas kehadiran Bapak/Ibu/Saudara/i, Kami menyampaikan terimakasih. Ketua Yayasan Cangkurileung Pusat, ttd Tatang Benyamin Koswara" ------ Siga kumaha ieu acara? teu acan tiasa kadongengkeun, bubuhan nembe bade dilaksanakeun isukan. Anu jelas, keur kuring, ieu acara kawilang anyar oge. Sabab ngaranna oge "rampak", tangtu kacapi suling teh teu ukur sapasang, tapi loba pasangan kalayan dipaenkeun babarengan (sigana). Urang dagoan wae cunduk waktuna ieu acara manggung. Sakitu wae pamugi ieu iber aya manfaatna. Cag. baktos, manAR [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 1.2 million kids a year are victims of human trafficking. Stop slavery. http://us.click.yahoo.com/WpTY2A/izNLAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
