Assalmu’alaikum Wr, Wb.   
  Sampuranun.... 
  Kumaha  arandika wargi Bakus? Daramang? Mugi-mugi bae sing daramang, salamina 
 aya dina nik’mat sehat oge nik’mat iman.. Amin ya robbal alamin....
   
  Wargi sadayana,
  Salah  sahiji kaputusan rapat DES di Kebon Raya, Bogor, urang rek ngadegkeun  
koperasi. Ngaranna Koperasi Amanah Sunda -- disinget KAS. Kaula  ditunjuk 
salaku koordinatorna -- lain pangurus, da pangurus mah engke  dipilih ku 
anggota.
   
  Tah,  salaku koordinator, kaula rek nohonan naon-naon nu ti heula  
dijangjikeun: Muka rekening pikeun panampungan calon  anggota, saencan eta 
koperasi boga rekening sorangan. Oge, nyieun  polling pikeun nangtukeun 
sabaraha kuduna simpenan poko jeung simpenan  wajib eta koperasi.
   
  Saha nu arek jadi anggota, sok kirimkeun simpenan wajib jeung simpenan pokona 
ka :
   
  BCA KCP Percetakan Negara
  No. 7420092037
  a/n MAMAN GANTRA
   
  Dumasar  kana polling, gedena simpenan poko Rp 1.000.000 (Sayuta), bisa 
dicicil  salila 10 bulan. Anapon simpenan wajib Rp 50.000 (Lima puluh rebu)  
sabulan. Jadi, sing saha nu hayang jadi anggota, dina 10 bulan  kahiji mah 
setorna teh Rp 150.000 (cicilan simpenan poko jeung setoran  simpenan wajib). 
Simpenan sukarela mah nya saridona. Rek sabaraha oge  meunang.
   
  Sing  sakur nu setor atawa transfer ulah poho ngaemail ka kaula, nu  
di-cc-keun ka Kang Runa, bari nyebutkeun bukti setor, jumlah, tanggal,  ngaran, 
jeung bank tempat ngirimna.
   
  Satadina  mah rek nyieun rekening bersama. Tapi, ku alatan perkara 
administrasi,  oge waktu, eta rekening bersama (nu oge sipatna sementara) teh 
can bisa  keneh dijieun. Ahirna kuring nginjeum rekening salah sahiji  pangurus 
Yayasan Perceka (Kang Maman Gantra). 
   
  Insya  Allah, kahareup, di mana anggotana geus jelas saha-sahana, oge 
pangurus  jeung kumaha ketakna, KAS bakal nyieun rekening nu maneuh. Ieu mah  
saheulaanan bae. Sementara. Pan, peminat atawa nu boga karep kana ieu  koperasi 
ge ayeuna mah can puguh saha-sahana. Malah, can puguh aya  heunteuna. 
   
  Keur  ngajaga hal-hal nu teu dipiharep, buku jeung kartu ATM eta  rekening 
teh dicekel ku kaula. Satadina mah rek dipihapekeun ka salah  sahiji inohong, 
sangkan leuwih aman. Tapi, bisi nyesahkeun anjeunna.  Saheulaanan mah siga kieu 
bae. Pan, kaula ge teu bisa nyokot eta duit.
   
  Tina  wangkongan dina DES, kumaha ketakna ieu KAS geus disabit-sabit. Tapi,  
nu ngaranna koperasi, nya kumaha anggota bae. Dina hal ieu, DES atawa  YP ngan 
saukur jadi fasilitator. Ngan, pikeun gambaran, alatan  anggotana teu ngagunduk 
di hiji tempat atawa wilayah administrasi, ieu  koperasi teh sipatna koperasi 
primer. Saheulaanan usahana dina simpan  pinjam, nu prak-prakannana bakal 
dipatotoskeun ku anggota atawa  pangurusna.  
    
  Sakitu anu kapihatur
  
  
   
  Salam Baktos
  Agus Pakusarakan
    
    
    NB : 1. Formulir sareng  Waleran  asupan koperasi ti kang jalak terlampir
  2. kanu ngeusian pooling di kintung japri oge
    




------------------------------------------------------------------------
Agus Kurniawan (PAKUSARAKAN)
hp 08128377662
--------------------
PT. Smarthub Technologies
Gedung raudha Lt 1 Blok A - 1
Jl. Terusan Hr Rasuna Said No. 21
tlp 021 5279909 fax 021 5279908
Jakarta Selatan
Http://www.smarthubtech.com
                
---------------------------------
 Yahoo! Personals
 Single? There's someone we'd like you to meet.
 Lots of someones, actually. Try Yahoo! Personals

[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke